Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Drama Kelas 9

Total questions: 15

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra dina wangunpaguneman (dialog)di antara palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan minton (pagelaran) disebut ...

a)

Puisi

b)

Longser

c)

Drama

d)

Prosa

2.

Bagean naskah drama anu nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, jeung kajadian dina awal babak disebutna ...

a)

Babak jeung adegan

b)

Pertelaan palaku

c)

Candraan

d)

amanat

3.

Panganteur pangarang dina drama ngeunaan lalakon nu baris dipidangkeun disebutna ...

a)

Prolog

b)

Palaku

c)

Dialog

d)

Monolog

4.

Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan, disebut ...

a)

Prolog

b)

Palaku

c)

Dialog

d)

Monolog

5.

Paguneman antar palaku dina drama, disebut ...

a)

Prolog

b)

Palaku

c)

Dialog

d)

Monolog

6.

Tokoh dina drama boh nu protagonis boh antagonis, atawa tokoh pangrojong disebutna ...

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Babak

d)

Tema

7.

Dina drama mah biasana sok dibagi jadi sababaraha ...

a)

adegan

b)

babak

c)

latar

d)

epilog

8.

Bagian tina babak anu ditangtukan ku datangna atawa inditna palaku dina hiji drama disebut ...

a)

adegan

b)

babak

c)

latar

d)

epilog

9.

Kacindekan hiji lalakon atawa nasehat pangarang dina drama disebut ...

a)

prolog

b)

palaku

c)

dialog

d)

monolog

10.

Nu ngajiwaan lalakon atawa carita dina hiji drama disebut ...

a)

latar

b)

adegan

c)

kaayaan

d)

tema

11.

Waktu jeung tempat kajadianana eta drama disebut ...

a)

latar

b)

adegan

c)

kaayaan

d)

tema

12.

Kalimat anu nuduhkeun ucapan langsung, biasana mangrupa cutatan nu diwatesananku lentong atawa tanda baca disebutna kalimah ...

a)

langsung

b)

teu langsung

c)

aktif

d)

pasif

13.

Tanda baca anu ngahapit tur jadi ciri mandiri dina kalimah langsung teh tanda ...

a)

panyeluk (!)

b)

tanya (?)

c)

kekenteng ("...")

d)

geret

14.

Karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana disebut karangan

a)

deskripsi

b)

narasi

c)

artikel

d)

pedaran

15.

Ieu di handap anu kaasup kana kalimah salam, iwal ...

a)

Assalamualaikum !

b)

Sampurasun !

c)

Punten !

d)

Mangga