Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma réa disebut . . . .

a)

ceramah

b)

kuliah

c)

biantara

d)

nyarita

2.

Ungkara di handap ieu, dina biantara kaasup kana . . . .

a)

salam pamuka

b)

salam panghormat

c)

salam panutup

d)

salam pangwilujeng

3.

Ungkara "Sakitu waé biantara ti bapa. Mugi-mugi waé aya mangpaatna. Wassalamualaikum wr.wb. " kaasup kana . . . .

a)

Bagian bubuka biantara

b)

Salam panutup biantara

c)

Bagian panutup biantara

d)

Bagian eusi biantara

4.

Olah raga téh rupa-rupa. Aya olah raga anu murah, nyaéta . . . .

a)

badminton

b)

leuleumpangan

c)

volley ball

d)

basket ball

5.

Masalah kaséhatan masyarakat téh balukar tina lingkungan anu kurang beresih jeung . . . .

a)

tara olah raga

b)

pola hirup kurang séhat

c)

sok bagadang waé

d)

dahar tambarakan

6.

Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa . . . . sabab alus keur kaséhatan.

a)

moyan

b)

nyeuseuhan

c)

popoé

d)

leuleumpangan

7.

Kasakit dina baham lantaran panas beuteung disebutna . . . .

a)

éwateun

b)

balideug

c)

barusuh

d)

jangar

8.

Mindeng gering, ririwit atawa tiktikbrek disebutna . . . .

a)

ngararey

b)

gudawang

c)

harééng

d)

geringan

9.

Dihandap ieu mangrupa kecap kaayaan nuduhkeun rasa, iwal:

a)

amis

b)

pait

c)

hangru

d)

peuheur

10.

Di handap ieu hal-hal anu teu ngabalukarkeun kana lingkungan kurang beresih, nyaéta. . . .

a)

haseup kendaraan

b)

limbah pabrik

c)

haseup roko

d)

cai walungan

11.

Dihandap ieu anu teu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaéta. . . .

a)

Acuk Wati mah konéng.

b)

Calana kuring téh landung teuing.

c)

Baju anyar kudu diseuseuh heula

d)

Néng Susi mah wantér.

12.

Kecap kaayaan atawa kecap sipat anu nuduhkeun rasa, nyaéta . . . .

a)

konéng, alus, amis

b)

amis, pait, asin

c)

amis, pondok, jangkung

d)

panas, poék, pait

13.

Kecap katerangan tina kaayaan kandel, nyaéta . . . .

a)

kedeplik

b)

ngabetrak

c)

ngagebay

d)

nyempring

14.

Dihandap ieu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaéta . . . .

a)

Wa Haji téh kagungan mobil saé

b)

Hadé tata hadé basa

c)

Peunteun rapotna téh pangalusna

d)

Cécéndét mandé kiara

15.

Anu disebut wangun hutbah téh, nyaéta. . . .

a)

biantara di hareupeun masyarakat umum

b)

nepikeun matéri pangajaran dihareupeun murid

c)

biantara pikeun ngajak masyarakat milih calon pamimpin

d)

nepikeun matéri kaagamaan di hareupeun jamaah

16.

Warna bajuna meni hejo ?

a)

ngadedod

b)

konéas

17.

Buah gincu mah rasana ?

a)

pait molélél

b)

amis kareueut

18.

Buntut langlayangan téh mani?

a)

panjang ngagebay

b)

luhur ngalanglaung

19.

Naon ari téhnik biantara impromtu téh ?

4 lines
20.

Jieun kalimah make kecap muriang ?

4 lines