Font size
WorksheetsRebo Nyunda
Total questions: 10
Worksheet time: 20mins
CITA-CITA
Cipt: Ubun R Kubarsih
Cita-cita, cita-cita
Jadi putera bangsa bela negara
Indonesia langgeng jaya
Adil makmur Kertaraharja
Jadi TNI POLRI hey gagah perkasa
Siap babakti ka lemah cai
Jadi maklum hukum diplomat teknokrat
Ahli ekonomi patani mandiri
Cita-cita, cita-cita
Mangka laksana mun diajarna rajin
Cita-cita, cita-cita
Pareng laksana mun diajarna tigih
Hayang jadi dokter hey bidan perawat
Ngubaran pasen sangkan gancang sehat
Jadi guru dosen wartawan seniman
Olahragawan atlit nasional
Hayang jadi pamimpin jujur
Walikota bupati gubernur
Jadi wakil rakyat menteri presiden
Cita-cita mulya cita-cita jaga
Kawih di luhur nyaritakeun pikeun . . . .
Cara ngahontal cita-cita
Rupa-rupa jenis cita-cita
jalma kudu rajin
kudu boga cita-cita
Saha anu ngarang eta kawih "Cita-cita" teh?
Ubun R Kubarsih
Ambu Kubarsih
Ujang Kubarsih
Tatang Kubarsih
Cita-cita naon wae anu disebutkeun dina eta kawih?
Amanat dina eta kawih teh naon?
Cara ngahontal cita-cita urang kudu . . . bisa milih leuwih ti hiji jawaban
sabar jeung usaha
kudu rajin diajar
males jeung putus asa
disiplin waktu
Naon gawe na dokter teh?
Naon gawe na guru teh?
Lamun urang hayang jadi TNI sareng Polri urang kudu . . .
Siap babakti ka lemah cai
Gagah Perkasa
Rajin ngapalkeun
Rajin Maca
Lamun hayang jadi Presiden sareng menteri, urang kudu . . .
Pamimpin anu Jujur
Boga sikap Bijaksana
Bela nagara
Korupsi
Caritakeun naon anu jadi cita-cita hidep!
