WorksheetsPTS B.SUNDA X
Total questions: 30
Worksheet time: 3600secs
Dina téks wawancara urang bakal loba manggihan sababaraha unggelan (pernyataan) anu mangrupa opini atawa fakta. Unggelan (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana opini nyaéta …
Bérés ti SMKI Bandung, Apép teu poho neruskeun sakola di Fakultas Ilmu Komunikasi UNPAD, sarta lulus taun 2001.
Basa miéling Konférénsi Asia Afrika nu ka- 57, malem Ahad (21/04/2012), di Gedong Asia Afrika aya pagelaran wayang.
Kakara gé sataun sakola di jurusan Padalangan. Apép geus wani ngadegkeun Lingkung Seni Wayang Golék Giri Komara taun 1993.
Ceuk Apép, jadi dalang téh kudu jembar ku pangabisa, luhung ku pangaweruh. Enya naon baé pagawéanana gé manusa mah kudu kitu.
Yuswana karék 37 taun, wedalan Babakanjati Cikampék, 21 Agustus 1975. Apép Hudaya jenenganana mah, ngan katelahna Ki Apép A.S. Hudaya.
Dina laporan hasil wawancara nu dijieun dina wangun narasi mah umumna sok maké basa loma jeung maké basa hormat ogé. Basa loma biasana dipaké pikeun narasi, misalna kawas conto di handap ieu :
Sanggeus albumna Énjing Deui génjlong di masarakat tur pada mikalandep mikameumeut, kiwari juru kawih Rita Tila ngagarap deui album kawih panganyarna dina wanda pop.
Mintonkeun wayang téh waktosna Panjang. Kalan-kalan sawengi jeput. Pami teu parigel ngigelkeun wayang tur rancagé ngolah jejer mah bawiraos matak bosen nu nongton.
Nu ngabentenkeun wayang Sunda sareng nu sanésna téh fléksibilitasna. Masarakat Sunda raket sareng lalakon Si Cépot, Semar, jeung sajabana.
Nu kahuruan téh gedong ruko. Dua wangunan séép kaduruk. Eusina teu aya nu kapuluk.
Kapungkur mah nuju alit, teu kaémut hoyong janten duta besar. Teu apal kana jabatan sapertos kitu mah. Apan lingkungan di rorompok ogé, kulawarga basajan.
Sacara umum kagiatan wawancara téh diwangun ku tilu bagian utama, nyaéta bubuka, eusi,jeung panutup. Di handap ieu nu kaasup kana bagian eusi dina kagiatan wawancara téh nyaéta …
Mangrupa kagiatan nyindekkeun atawa nyimpulkeun sarta mungkas wawancara.
Nerangkeun kumaha lajuning laku (tindak lanjut) anu dipiharep ti pihak narasumber anu diwawancara.
Ngarahkeun naon-naon anu rék didiskusikeun sarta nu bakal dilakukeun dina wawancara.
Nyiptakeun hubungan anu hadé antara nu ngawawancara jeung narasumber.
Nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan (tanya-jawab) jeung méré tanggapan ngeunaan pasualan anu jadi poko atawa inti dina wawancara.
Di ieu pabukon (perpustakaan) anu buka ti poé Senén nepi ka Jumaah téh kawilang réa nu ngajugjugna. Iwal ti dina waktu istirahat lolongkrang kagiatan pangajaran, dina waktu balik sakola ogé réa nu ka pabukon. Ari jadwal bukana téh ti jam 08.00 nepi ka jam 14.00.
Tina sempalan téks wawancara di luhur, nu kaasup kana opini nyaéta …
Pabukon buka ti poé Senén nepi ka Jumaah.
Pabukon téh kawilang réa nu ngajugjugna.
Dina waktu balik sakola réa nu ka pabukon.
Jadwal bukana pabukon téh jam 08.00 nepi ka jam 14.00.
Salian pas waktu balik sakola, dina waktu istirahat lolongkrang kagiatan pangajaran ogé sok réa nu ka pabukon.
Salah sahiji padika (langkah-langkah) dina ngawawancara téh nyaéta tatahar atawa persiapan. Padika dina tatahar wawancara sacara runtuy/berurutan di handap ieu nyaéta …
Nangtukeun narasumber – nangtukeun téma – nyusun daptar pananya
Nangtukeun narasumber – nyusun daptar pananya – nangtukeun téma
Nangtukeun téma – nangtukeun narasumber – nyusun daptar pananya
Nyusun daptar pananya – nangtukeun téma – nangtukeun narasumber
Nangtukeun téma – nyusun daptar pananya – nangtukeun narasumber
Ku margi aya korsléting listrik, rupina mah. Da katawisna aya sora bitu sareng ngaburicak tina gardu caket éta ruko téh.
Upama ditilik tina eusina sarta dumasar kana unsur 5W + 1H, sempalan hasil wawancara di luhur kaasup kana bagian …
Peristiwa naon anu diinformasikeun (what)
Di mana tempat kajadian peristiwa éta (where)
Iraha kajadianana tina peristiwa éta (when)
Naha peristiwa éta bisa kajadian (why)
Kumaha kajadianana éta peristiwa téh (why)
Ngarahkeun naon-naon anu rék didiskusikeun, sarta naon anu bakal dilakukeun dina wawancara téh mangrupa salah sahiji bagian/komponén dina kagiatan ngawawancara, utamana mangrupa …
Panutup wawancara
Bubuka wawancara
Eusi wawancara
Tatahar wawancara
Ngalaksanakeun wawancara
Bisa dijieun dina wangun dialog anu mangrupa tanya-jawab sarta bisa ogé dijieun dina wangun narasi mangrupa carita atawa kalimah-kalimah pedaran sanggeus réngsé ngawawancara téh kaasup salah sahiji padika (langkah-langkah) dina kagiatan ngawawancara, nyaéta …
Ngalaksanakeun wawancara
Nyusun laporan wawancara
Tatahar wawancara
Nutup kagiatan wawancara
Ngamimitian wawancara
Nu kaasup kana ragam basa hormat/lemes dina conto sempalan téks wawancara di handap ieu nyaéta …
Piraku teu ngarasa reueus, dina éta album nu panganyarna téa, Rita ngahaleuangkeun lagu ‘Sindén Genit’ sanggian Gun Gunawi …
Ku raraosan, dina ngagarap album nu ieu mah abdi gé bet ngaraos mendakan hal-hal anu alanyar tur bénten, bari sesah ngungkabkeunana.
Lian ti lagu nu dua tadi, dina album nu panganyarna téh Rita ogé ngahaleuangkeun lagu séjénna beunang nyanggi Ubun Kubarsah, nyaéta lagu “Paris Romantis” jeung “Bulan di Priangan”
Lian ti kitu, lilana waktu pikeun mintonkeun wayang gé butuh kana kaluhungan pangaweruh.
Salila aprak-aprakan ngawayang, Apép sadar yén di dunya téh wanda wayang réa kacida.
Salah sahiji unsur 5W + 1H dina néangan informasi ka narasumber téh diantarana nyaéta who (saha waé anu kalibet dina peristiwa atawa kajadian). Ungkara (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana unsur who dina sempalan téks wawancara nyaéta …
Mobil angkot téh nabrak témbok jembatan di daérah Cidurian Bandung basa poé Salasa tanggal 15 Désémbér 2015.
Nurutkeun Rio Septianto salaku ketua pelaksana dina kagiatan éta, tujuan acara Géografi Punya Seni téh éstuning basajan pisan.
Nu kahuruan téh gedong ruko. Dua wangunan séép kaduruk. Eusina teu aya nu kapuluk.
Di jalan Gumuruh nomer 55 Bandung. Padémpét sareng dua ruko nu sanésna. Di sagigireunana aya ruko nu didamel Gudang beusi. Untung waé teu ngiring kaduruk.
Konsér limbah digelar minangka wujud rasa prihatin jeung kahaat kana kondisi bumi kiwari.
Di handap ieu tahapan-tahapan dina ngalaksanakeun wawancara :
1. Mawa buku catetan, alat tulis, atawa alat pangrékam
2. Mimitian wawancara ku pertanyaan anu basajan (sederhana)
3. Sebutkeun jeung jelaskeun idéntitas diri sarta nyebutkeun tujuan ngawawancara
4. Témbongkeun kesan anu hadé sanggeus réngsé ngawawancara narasumber
5. Ajénan (menghargai) pituduh/petunjuk ti narasumber
6. Singkahan (hindari) pananya anu bulat-beulit, cukup nanya kana intina baé.
7. Regepkeun pamanggih jeung informasi ti narasumber kalawan daria
Tahapan ngalaksanakeun wawancara di luhur upama disusun sacara runtuy (berurutan) nyaéta …
1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6 – 7
7 – 6 – 5 - 4 – 3 – 2 – 1
4 – 5 – 6 – 7 – 1 – 2 – 3
3 – 1 – 2 – 7 – 6 – 5 – 4
2 – 1 – 3 – 6 – 7 – 5 – 4
Seueur pisan koléksi buku di pabukon ieu, ti ngawitan buku pangajaran, énsiklopédi, kamus, koran, majalah, malih jurnal oge aya. Kawilang lengkep ari koléksina mah. Mung nu utamina mah nya buku-buku kanggo pangdeudeul (pendukung) unggal pangajaran.
Unsur 5W + 1H nu paling merenah pikeun sempalan téks wawancara di luhur nyaéta …
What (naon)
How (kumaha)
When (iraha)
Who (saha)
Why (naha)
Kalimah di handap ieu anu kaasup kana ragam basa hormat keur ka saluhureun nyaéta …
Kamari pun biang mios ka Pangandaran téh ciosna dijajap ku pun bapa, teu janten ngiring sareng rombongan.
Rorompok Pa Heru mah teu tebih ti jalan ageung téh, janten moal sesah teuing milari alamatna.
Parantos aya kana samingguna pun paman sesah kulem téh, jalaran unggal wengi karaos waé nyeri patuanganana, matak janten hawatos margi kirang istirahat.
Dinten Saptu kamari mah Pa RT teu acan wangsul ti lemburna, janten serat-serat kanggo ka kelurahan teu acan ditawiskeun.
Pun Aki mah tara sok neda énjing-énjing, sok matak mules saurna mah.
Di handap ieu, kecap-kecap anu kaasup kana ragam basa lemes keur sorangan nyaéta …
Tuang – mios – mulih – kulem – bumi
Neda – mios – wangsul – mondok – rorompok
Tuang – angkat – mulih – mondok – rorompok
Neda – angkat – wangsul – kulem – rorompok
Neda – angkat – wangsul – mondok – bumi
Ari manéh rék … jeung saha ka Curug Layung téh? Bareng jeung kuring atawa rék jeung rombongan?
Kecap nu paling merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta …
Angkat
Balik
Datang
Mios
Indit
Wanda carita fiksi anu ngandung ajen sajarah atawa aya hubunganana jeung sajarah disebut ...
Legenda
Carita Babad
Fabél
Mitos
Dongéng
Upama ditilik tina eusi caritana, carita babad kaasup kana golongan karya sastra dina jenis ...
Dongéng
Carpon
Novel
Wawacan
Sajak
Carita babad lolobana atawa umumna ditulis dina wangun ...
Sisindiran
Kakawihan
Narasi
Wawacan
Sajak
Nu kaasup kana struktur nu maneuh tina carita babad nyaéta ...
Judul
Téma
Kacindekan
Eusi
Amanat
Bagian tina carita babad dina wangun wawacan anu eusina mangrupa sanduk-sanduk atawa ménta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta ménta pangampura kana kakurangan nu nulis disebut ...
Manggalasastra
Eusi
Kacindekan
Kolofon
Panutup
Titimangsa tamat abdi nulis, nuju pasaran pon, kaleresan siang poé Senén, sasih Juli ping sapuluh yakin, salapan ratus muni, sareng lima éstu.
Sempalan pupuh dina wawacan di luhur kaasup kana bagian ...
Alofon
Manggalasastra
Kolofon
Bubuka
Kacindekan
1. Nuliskeun deui carita babad
2. Nyatet gagasan utama
3. Pariksa deui
4. Maca naskah asli
Susunan nu runtuy tina urutan di luhur upama urang rék ngaringkes hiji carita babad nyaéta …
1 – 2 – 3 – 4
4 – 2 – 1 – 3
4 – 2 – 3 – 1
4 – 3 – 2 – 1
2 – 4 – 1 – 3
Upama ditilik tina eusi caritana nu ngandung unsur sajarah, loba carita babad anu nyaritakeun asal-usul hiji kajadian atawa asal-usul hiji tempat. Dina dongéng, carita anu eusina nyaritakeun asal-usul disebut ...
Parabel
Sasakala
Pamuk
Fabél
Mitos
Anu kaasup kana conto carita Babad diantarana nyaéta nu disebutkeun di handap ieu, kajaba ...
Babad Sumedang
Carita Perang Cina di Purwakarta
Sasakala Situ Bagendit
Carios Lampahing Para Wali Kabéh
Wawacan Sajarah Galuh
Kasmaran panganggit gending, basa Sunda lumayanan, kasar sakalangkang awon, kirang tindak tatakrama, ngarang kirang panalar, ngan bawining tina maksud, medarkeun pusaka rama.
Sempalan pupuh di luhur dina carita babad kaasup kana bagian ...
Alofon
Panutup
Pamungkas
Kolofon
Eusi
Mangrupa poko atawa inti carita tina babad, dimana dina bagian ieu dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, konflik, sarta klimaks tina carita. Bagian ieu dina carita babad kaasup kana bagian …
Alofon
Manggalasastra
Eusi
Panutup
Kolofon
Wanda pupuh nu sok dipaké dina carita babad téh nya éta wanda pupuh nu aya dina kasusastraan Sunda nu jumlahna aya …
15 pupuh
16 pupuh
17 pupuh
18 pupuh
20 pupuh
Pupuh dina kasustraan Sunda téh dibagi jadi dua kelompok, aya kelompok pupuh sekar ageung jeung kelompok pupuh sekar alit. Pupuh nu kaasup kana kelompok pupuh sekar ageung téh diantarana nya éta …
Kinanti, Sinom, Maskumambang, Balakbak
Dangdanggula, Pangkur, Durma, Asmarandana
Mijil, Pangkur, Durma, Gurisa
Balakbak, Jurudemung, Magatru, Pucung
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
Pupuh kaasup kana karya sastra wangun sajak anu kauger (terikat) ku aturan-aturan pupuh, diantarana nyaéta aya guru lagu jeung guru wilangan. Anu dimaksud guru lagu dina pupuh téh nya éta …
Padeukeutna sora di tungtung padalisan kahiji jeung kadua dina unggal pada
Sora hurup vokal nu aya di unggal tungtung padalisan
Sora hurup panungtung (terakhir) nu aya dina unggal padalisan
Sora engang (suku kata) di tungtung padalisan
Sora vokal nu sarua dina unggal padalisan
Jumlah engang (suku kata) nu aya dina unggal padalisan dina pupuh disebutna …
Guru wilangan
Guru lagu
Diksi
Rima
Intonasi
