wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Bahasa Sunda Kelas 7

Total questions: 20

Worksheet time: 23mins

Name
Class
Date
1.

Nepangkeun wasta abdi Jaehyun. Wasta sarua hartina sareng .....

a)

Yuswa

b)

Linggih

c)

Karesep

d)

Ngaran

2.

Nepangkeun hartina...

a)

Nyaritakeun

b)

Mintonkeun

c)

Ngenalkeun

d)

Paguneman

3.

Karesep abdi teh maen game sareng maen sonlah. Karesep hartina....

a)

Kasep

b)

Ngaran

c)

Hobi

d)

Diajar

4.

Urang linggih di wewengkon sunda. Janten kedah tiasa nyarios basa sunda. Wewengkon sarua hartina sareung .....

a)

Daerah

b)

Imah

c)

Tempat

d)

Sawah

5.

Susun kalimah di handap ieu jadi kalimah anu merenah.

1. Kedah

2. Ka

3. Urang

4. Tumut

5. Teh

6. Guru

a)

1-2-3-4-5-6

b)

3-5-1-4-2-6

c)

3-6-5-4-2-1

d)

6-5-4-3-2-1

6.

Dongeng “jonggrang kalapitung” kaasup kana dongeng ....

a)

Sasatoan

b)

Sasakala

c)

Sajarah

d)

Jalma Biasa

7.

Dongeng anu aya patalina jeung sajarah tempat disebut .....

a)

Sasakala

b)

Sajarah

c)

Jalma Biasa

d)

Sasatoan

8.

Di handap ieu anu kaasup dongeng sasatoan, iwal ....

a)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet

b)

Gajah eleh ku sireum

c)

Tukang cukur panipuan

d)

Peucang keuna ku leugeut

9.

Dongeng sasakala anu asalna ti kabupaten bandung Barat nyaeta ....

a)

Sasakala maung panjalu

b)

Sasakala gunung Tangkuban parahu

c)

Sasakala cigondewah

d)

Sasakala pamanukan

10.

Dongeng teh nyaeta carita rekaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Pamohalan sarua hartina jeung ....

a)

Kenyataan

b)

Kajadian

c)

Lalakon

d)

Mustahil

11.

Paripolah hartina ....

a)

Hewan

b)

Tingkah Laku

c)

Pohon

d)

Jalma

12.

Tokoh anu aya dina dongeng sasakala gunung tangkuban perahu nyaeta ....

a)

Si Kabayan

b)

Si Lamsijan

c)

Sangkuriang

d)

Si Bosetek

13.

Dongeng ti Kabupaten Kuningan nyaeta ...

a)

Sasakala Cisanggarung

b)

Sasakala Awirarangan

c)

Sasakala Leuwigoong

d)

Sasakala Leuwisipatahunan

14.

Abdi medal di seoul kaping 6 juni 2003. Nulis tanggal dina basa sunda anu pang bener na nyaeta ....

a)

Abdi medal di seoul kaping enam juni tahun dua ribu tiga

b)

Abdi medal di seoul kaping genep juni tahun dua rebu tiga

c)

Abdi medal di seoul kaping enam juni taun dua ribu tilu

d)

Abdi medal di seoul kaping genep juni taun dua rebu tilu

15.

Dongeng teh kaasup karya balarea, lantaran ....

a)

Sumebar sacara tinulis

b)

Sumebar sacara lisan

c)

Teu kanyahoan nu ngarangna

d)

Kanyahoan nu ngarangna

16.

Naon ari dongeng teh?

4 lines
17.

Dumasar kana eusi jeung palakuna, dongeng teh dipasing-pasing jadi opat, jelaskeun jeung sebutkeun conto na hiji!

4 lines
18.

Kunaon urang sadayana kedah diajar basa sunda?

4 lines
19.

Sebutkeun dua judul dongeng anu dianggap dongeng asli sunda!

4 lines
20.

Susun kalimah di handap ieu, jadi kalimah anu merenah!

(a) abdi linggih di apgujong, seoul korea

(b) karesep abdi nyanyi

(c) abdi medal di busan kaping 14 pebruari taun 1997

(d) abdi teu gaduh rayi, tapi abdi gaduh ucing hiji

(e) wasta abdi Jepri

4 lines