wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BASA DAERAH SMT 2 KLS 4 TA 2020 - 2021

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Ibu kapala ngadeg di payunen murid-murid kelas opat. Anjeunna maparin wejangan wiréhnadina dinten senén ngawitan ulangan umum. Ngadeg sarua hartina jeung ....

a)

Calik

b)

Nyarios

c)

Mingpin

d)

Nangtung

2.

Kang Oyo, putrana Ustad Lukman jadi juara kahiji MTQ tingkat kacamatan. Salian ti pinter ngaji, di sakolana ... juara kelas waé. Kecap panganteb nu cocog keur kalimah diluhur nya éta ....

a)

Mah

b)

Baé

c)

Ogé

d)

Atuh

3.

Murid kelas opat piknik ka taman mini indonesia indah.

Cara nuliskeun huruf gedé dina kalimah di luhur, nyaéta ....

a)

Murid kelas opat piknik ka Taman mini Indonesia indah

b)

Murid kelas opat Piknik ka Taman Mini Indonesia indah

c)

Murid kelas opat piknik ka Taman Mini Indonesia Indah

d)

Murid Kelas opat piknik ka Taman Mini Indonesia Indah

4.

Ngosok huntu dina sapoé paling saeutik ....

a)

Dua kali

b)

Tilu kali

c)

Opat kali

d)

Sakali

5.

Kota nu katelahna Kota Hujan nyaéta Kota ....

a)

Bandung

b)

Bogor

c)

Bali

d)

Balikpapan

6.

Jang Ahmad mah teu bogaeun batur ulin, da budakna buntut kasiran.

Buntut kasiran hartina ....

a)

Teu betah cicing di imah

b)

Korét, pedit

c)

Sok tanggal-teunggeul

d)

Hésé dititah

7.

Ibuna Néng Ayu ngawulang di SD Harapan 1. Néng Ayu ogé cita-citana téh palay jadi guru. Mun ulin jeung babaturanna sok sasakolaan, Néng Ayu nu jadi guruna.

Saur Wa Haji Diding mah cenah uyah tara téés ka luhur. Hartina ....

a)

Resep nyaritakeun kabatur

b)

Teu satia ka dunungan

c)

Babari nyarékan tapi béréhan

d)

Sipat kolot sok nurun ka anakna

8.

Pa Maman nuju tuang beuleum lauk. Sanguna pulen sareng ngebul kénéh. Ari si Belang mah cukup .... cucukna wéh sésa Pa Maman téa. Kecap keur ngeusian titik-titik nyaéta ....

a)

Ngahakan

b)

Dahar

c)

Tuang

d)

Ngégél

9.

Lamun urang hayang pinter, kudu getol ....

a)

Ngobrol

b)

Jalan-jalan

c)

Diajar

d)

Ka Masjid

10.

Sayur kangkung nu ditanggeuy ku Héni .... bahé ka solokan da leumpangna bari balangah. Kecap panganteur keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ....

a)

Blok

b)

Bray

c)

Brus

d)

Biur

11.

Jadi budak mah kudu.... sangkan gampang rizkina. Babasan nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ....

a)

Hampang leungeun

b)

Panjang leungeun

c)

Hampang birit

d)

Buntut kasiran

12.

Buhaya némbongkeun huntuna nu sareukeut, matak sieun nu ningali. Gimir sarua hartina jeung ....

a)

Seuri

b)

Sieun

c)

Wani

d)

Ceurik

13.

Ka lanceukna bapa, urang nyebutna ....

a)

Mamang

b)

Tétéh

c)

Uwa

d)

Aki

14.

Ujang, Nyai, sing garetol diajar jeung daék tatanya, sangkan pinter. Ulah jiga lanceuk manéh bodo ....

a)

Baléwoh

b)

Katotoloyoh

c)

Banget

d)

Sanget

15.

Bodo katotoloyoh téh hartina jalma bodo euweuh kanyaho tapi tara daék ....

a)

Nanya

b)

Méré

c)

Ménta

d)

Mikeun

16.

Lia, pangelapkeun kaca heula

Kalimah di luhur kuduna maké tanda baca ....

a)

Tanda tanya

b)

Tanda panitah

c)

Tanda koma

d)

Tanda titik

17.

Basa Sri keur dipapatahan ku ibuna, manéhna ngeluk tungkul teu wani ngomong da rumasa salah teu ngajakan balik ka adina.

Paribasa nu cocok keur kaayaan Sri harita nyaéta ....

a)

Kawas bueuk meunang mabuk

b)

Kawas jogjog mondok

c)

Uyah tara téés ka luhur

d)

Nangkeup mawa eunyeuh

18.

Pasosoré Ayu keur sasapu dihareupeun imahna. Kecap sasapu mangrupa kecap ....

a)

Rajékan Dwimurni

b)

Rajékan Dwiréka

c)

Rajékan Dwipurna

d)

Rajékan Dwimadya

19.

Pagawéan Mang Ojo sapopoéna nya éta pamayang. Pamayang téh gawéna di ....

a)

Leuweung

b)

Darat

c)

Sawah

d)

Laut

20.

Comro, ulukutek leunca, karédok, peuyeum sampeu, éta téh kadaharan tradisional urang ....

a)

Jawa

b)

Bali

c)

Sunda

d)

Sulawesi