Worksheetslatihan soal b.sunda 1
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ....
A. dongéng
B. sketsa
C. carpon
D. carita wayang
Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal ....
A. galur
B. palaku
C. wirahma
D. latar
Jumlah kecap dina carpon antara ....
A. 3.000-5.000 kecap
B. 4.000-6.000 kecap
C. 5.000-7.000 kecap
D. 6.000-8.000 kecap
Di handaap ieu mangrupa unsur-unsur nu aya dina carpon, iwal ....
A. téma/jejer
B. palaku
C. latar
D. guru wilangan
Gagasan nu ditepikeun ku pangarang dina karyana, disébut ....
A. amanat
B. téma
C. palaku
D. galur
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita, disébut ....
A. téma
B. palaku
C. latar
D. amanat
Di handap ieu kaasup kana buku kumpulan carpon, iwal ....
A. Di Kebon Binatang karya Ayatrohaedi
B. Jajanten Ninggang Papasten karya Yus Rusyana
C. Jiad Ajengan karya Usep Romli HM.
D. Neangan karya Caraka
Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah, nyaéta ....
A. kumaki
B. barudak
C. laleueur
D. gumading
Kecap nu teu ngandung rarangkén tengah -ar-, nyaéta ....
A. baralik
B. karadak
C. jaragjag
D. arindit
Dawegan téh keur meujeuhna (lého).
Rarangkén tengah anu cocog pikeun kecap anu dina tanda kurung, nyaéta ....
A. léhoan
B. léléhoan
C. lumého
D. ngalého
Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaéta ....
A. Saha nu keur diajar nulis carpon téh?
B. Di mana Wandi téh bumina?
C. Kaayaan di sakolana téh kumaha ayeuna?
D. Ari Doni téh sakola henteu?
Kecap pananya anu digunakeun pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan, nyaéta ....
A. ku naon
B. kumaha
C. sakumaha
D. saha
Kecap pananya ku naon, naon sababna, jeung naha digunakeun pikeun nanyakeun ....
A. sabab atawa kalakuan
B. jalma, Pangéran, malaikat, jeung jin
C. tempat asal, tempat tujuan, jeung tempat ayana
D. hal, barang, tutuwuhan
"Aziz téh sakolana geus kelas VI."
Kalimah pananya anu cocog keur éta jawaban, nyaét ....
A. Sok kana naon Aziz téh indit sakolana?
B. Saha nu geus sakola kelas VI téh?
C. Di mana Aziz téh sakolana?
D. Ku naon sakolana geus kelas VI?
Istilah huruf kapital dina basa Sunda sarua hartina jeung ....
A. aksara ngantét
B. aksara déngdék
C. aksara leutik
D. aksara gedé
Kalimah di handap ieu anu salah nulis huruf kapitalna, nyaéta ....
A. Upin sakelas jeung Ipin.
B. Iraha Kang Jaka sumpingna?
C. Bapa nembé mulih ti malang.
D. Bu Hani nuju ngawulang basa Sunda.
Di handap ieu anu bener nulis huruf kapitalna, nyaéta ....
A. Mang Udin tos saminggu aya di ciamis.
B. Abdi nuju milarian conto-conto carpon dina majalah Mangle.
poé Salasa téh jadual pangajaran olahraga.
Ibu meser sapatu sareng kantong di pasar baru.
Kalimah panyeluk atawa pangajak di tungtung kalimah sok ditandaan ku tanda baca ....
A. (.)
B. (!)
C. (?)
D. (,)
Di handap ieu anu mangrupa conto kalimah panyeluk, nyaéta ....
A. Iraha badé kerja kelompok di bumi Fia téh?
B. Tos badé sataun pandémi virus Corona téh geuning.
C. Den, hayu ah urang mengbal di lapang!
D. Bapa nuju maca koran di teras.
Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaéta ....
A. Ku naon kompor teh bisa ngebeledug?
B. Hayu ah urang masak seblak.
C. Doni, panyandakkeun buku di luhur meja!
D. Barudak kelas VI keur piknik ka Bogor.
