NEW
Font size
WorksheetsPTS
Total questions: 71
Worksheet time: 37mins
Ceuk MA Salmoen, istilah "drama" dina basa Sunda téh kaasup anyar, lantaran éta istilah nepi ka taun .... teu kapanggih.
1970-an
1980-an
1990-an
1960-an
1950-an
Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....
kacapi suling
ketuk tilu
sandiwara
tanjidor
ronggéng gunung
Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....
ubrug
banjet
sandiwara
tunil
longsér
Mana dina pernyataan ieu di handap anu kagolong kana ciri-ciri téater rayat atawa drama tradisional?
pagelaran jeung sétingna dinamis
pagelaranana dilaksanakeun dumasar atawa matok kana skénario
pamaénna leuwih ngandelkeun improvisasi
umumna dipagelarkeun di téater tertutup
pamaénna (aktris jeung aktorna) dipilih dumasar hasil casting
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....
gending karesmén
tunil
sandiwara rayat
banjet
tarling
Karék dina taun 1970-an muncul drama modérn dina basa Sunda, antaran baé ditandaan ku dipagelarkeunana drama "Masyitoh" nu ditulis ku ....
Hidayat Suryalaga
Ajip Rosidi
Utuy Tatang Sontani
Achdiat Kartamiharja
Tegus Karya
Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....
Siliwangi Maharaja Pajajaran
Statsion Para Arwah
Pasaran
Tonggérét Banén
Jeblog
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
dialog
monolog
prolog
katalog
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....
antagonis
protagonis
piguran
aktor
aktris
Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....
éksposisi
komplikasi
antiklimaks
klimaks
konfrontasi
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
tragédi
komédi
stratégi
sandiwara
komédi-tragédi
Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....
Roméo jeung Juliét
Rama jeung Sinta
Nganti-nganti Godot
Tunangan
Jas Hujan Pesenan
Di antara pangarang drama dina Basa Sunda anu kawentar ku drama-drama komédina téh nyaéta almarhum Yoséph Iskandar, anu di antara karyana nyaéta ....
Raja Wales
Tonggérét Banén
Ruhak Pajajaran
Juag Toéd
Juragan Hajat
Tengetan runtuyan ieu di handap:
1) loba improvisasi
2) peran sutradara penting kacida
3) dipintonkeun di tempat terbuka
4) make naskah
5) taya wates jeung nu nongton
Téater rayat atawa drama tradisional cirina dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4, 5
1, 3, 5
2, 4
1, 3, 4, 5
1, 5
Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?
nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung
nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung
nangtukeun aktor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung
manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah
nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan
Jurangan Kapala: Poma ulah ka dipopohokeun. Ngarah urang salawasna inget, mun kamerdikaan Indonésia téh ladang tina pajoangan anu pinuh ku pangorbanan. Ku ayana kitu, sanggeus kiwari merdika, ulah nepi ka dimomorékeun. Nu ngawasa kudu nyaah ka rahayat. Pon kitu deui, rahayat kudu tetep runtut raut sauyunan. Bhinnéka Tunggal Ika.
Unsur carita nu dominan dina dialog di luhur, nyaéta…
téma
palaku
amanat
latar
galur
Bagian tina drama anu mangrupa amanat/ kacindekan carita, nyaéta...
Prolog
Epilog
Dialog
Analog
Monolog
Ahmad: buru lalaunan-lalaunan! Ujang: Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan! Ahmad: sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna! Ujang: bawa tuh katel jeung sosodok! Cutatan diluhur dina naskah drama, kaasup kana bagean….
Babak
Adegan
Dialog
Prolog
Analog
Jang Kéméd ngaléos, Nyi Icih ngaheruk ngomong sorangan
Nyi Icih : “Emh ... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh parapamingpin sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan rakyat leutik, ari nu sarenang nu di luhur wungkul ....”
Jang Kéméd asup deui
Upama ditengetan naskah drama sempalan di luhur kaasup bagean anu mernah nya éta..
Prolog
Epilog
Dialog
Babak
Adegan
(Jang Kéméd ngaléos, Nyi Icih ngaheruk ngomong sorangan)
Nyi Icih : “Emh ... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh parapamingpin sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan rakyat leutik, ari nu sarenang nu di luhur wungkul.
Upama ditengetan naskah drama sempalan di luhur anu dikurungan kaasup bagéan anu mernah nya éta..
Pituduh tehnis
Babak
Dialog
Prolog
Adegan
1. Icih: Tuda kesel aing mah. Kesel aing téh, Kéméd. Indit siah, indit, Kéméd …. Ngabeca!
2. Kéméd: Éta ku keukeuh. kuring mah teu ngartos. Ari émutan Icih téh kumaha? rék ngabéca kumaha atuh? Kapan sadel bécana gé tos diical ku bebengok salira?
3. Icih: (LEULEUY) Atuh teu jadi masalah, Kang, sadel béca teu aya mah gentos waé ku jojodog.
4. Kéméd: Éta émutan dugi keun ka dinya. Ngabéca nganggo jojodog?
5. Kéméd: Kacipta panginten. Kayungyun. Abdi disarebat nu gélo ku batur, tukang béca gélo.
6. Icih: Atuh kumaha pami nu diical téh, Kang, teu kedah sadelna wungkul. Sakantenan waé sareng bécana. Margi abdi peryogi kanggo mayar sambetan tilas salira.
Upama ningali naskah drama ieu di luhur anu mibanda kalimah anu luyu jeung undak-usuk basa anu mernah nya éta
1, 2 jeung 3
2, 3 jeung 4
2, 4 jeung 5
3, 4 jeung 5
4, 5 jeung 6
NYI NAWANG WULAN NGARASA TEU GENAH HATE, LANTARAN BASA NANYA KA RAJA, ANJEUNNA TEU NEUTEUP KA MANEHNA. SIGA AYA NU DISUMPUTKEUN, SABAB RAJA SEMU NU REUWAS. NYI NAWANG WULAN NANGTUNG TINA KORSI, TULUY LEUMPANG KA DAPUR NEANG SANGU. BARANG DIBUKA, NYI NAWANG WULAN REUWAS SABAB SANGU TEU NGAJADI.
Nawang Wulan: “Duh kakang prebu, geuning anjeun the jalir kana jangji. Pare the teu jadi sangu kawas
Sasarina. ” (reuwas tuluy nginghak ceurik)
TI TUKANG RAJA NYAMPEURKEUN KA DAPUR NEPUNGAN NAWANGWULAN.
Raja Siliwangi: Hampura nyai, hampura akang geus jalir jangji. Kapanasaran teu bisa ditahan deui.
Akang ngarasa kaduhung nyai, hampura!” (nangkeup Nyai Nawang Wulan).
Nawang Wulan: “Kakang Prebu, sabab akang jalir jangji, kuring teu bisa kukumaha. Kuring kudu ka
Kahiyangan deui, sabab akang tos nalak kuring.” (ngaleupaskeun tina tangkeupan raja)
Eta teks teh mangrupa sempalan tina naskah drama. Teks anu ditulis make aksara capital sagemlengna ngaranna …
Prolog
Epilog
Dialog
Monolog
Narasi
Doni: Kumaha rencana madding di sakola urang teh?
Dona: Sok wae teruskeun, da geus di idinan ku kepala sekoalah oge!
Doni: naskahna loba teuing euy moal katempelkeun kabeh!
Dona: …
Kalimah anu mernah pikeun ngaleunkepan dialog di luhur nyaeta …
Tungtut weh nempelkeunnana ulah di sakalikeun
Ulah diterapkeun kabeh atuh
Ulah jadi atuh ari kurang tempat nempelkeunnana mah
Tumpukeun weh nempelkeunnana
...
Tengetan sempalan teks ieu di handap !
“Di Désa Wanasari ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong.”
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagéan …
Pertelaan palaku
Prolog
Epilog
Babak
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan dialog di luhur nya eta...
Tah kaleresan simkuring téh nuju tunduh nya dileguk wé ku kuring téh
Tah kabeneran kula téh tunduh jadi dileueut
Tah kabeneran sim aing téh tunduh jadi diinum
Tah kaleresan abdi téh tunduh jadi wé di inum
Carita pantun kaasup kana sastra sampakan, hartina...
Karya sastra anu dianggap asli
Ayana kapangaruhan ku karya sejen
Mangrupa titiron tina budaya deungeun
Karya serepan
Karya adaptasi
Carita pantun mangrupa genre sastra anu babari robah, lantaran...
Caritana gelar sacara lisan
Lalakona ditalar
Carita anu ditepikeun ku juru pantun sakapeung teu sagemblengna katarima ku pananggap catur
Unggal juru pantun boga gaya sorangan nurutkeun pangalamana jeung elmu nu katarima ti guruna
Caritana gelar sacara tulisan
Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...
Hiburan
Beton
Ritual
Sakral
Mantra
Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna, disebut galur
Simpay
Leunjeuran
Maju
Mundur
Campuran
Titenan ieu pola carita pantun...
(1) Satria ngalalana
(2) Satria Pajajaran téh unggul perang
(3) Ngadahup ka putri
(4) Ngadeg raja
(5) Ngarandapan Ujian
Sacara ngaruntuy, pola carita pantun nya eta...
1-5-2-3-4
1-4-2-3-5
1-5-3-2-4
1-2-3-4-5
1-2-4-5-3
Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...
Rajah
Narasi
Dialog
Monolog
Deskripsi
Ieu di handap mana anu teu kaasup kana klasifikasi carita pantun, nya eta...
Dumasar Wangun
Dumasar Galur
Dumasar Tempat
Dumasar Pagelaranna
Dumasar Pangarangna
Nu ka asup kana bagean eusi carita pantun nyaeta...
Eusi, narasi, dialog, monolog, epilog
Rajah, narasi, deskripsi, dialog, monolog
Rajah, narasi, deskripsi, monolog, epilog
Eusi, narasi, deskripsi, dialog, monolog
Narasi, deskripsi, dialog, monolog
Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta ....
Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran
Rakyat biasa ti Tatar Sunda
Raja-raja di Tatar Sunda
Raja-raja ti luar Tatar Sunda
Sing saha waé anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Ieu dihandap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongéng, nyaéta....
Pada-pada mangrupa carita rékaan (fiksi)
Pada-pada teu puguh nu ngarangna (anonim)
Pada-pada sumebar tur tatalépa ku cara lisan
Pada-pada ngandung rajah
Pada-pada ngandung unsur pamohalan.
Kocap nagara Pakuan Pajajaran
Nagri dikikis ku beusi
Dikuta ku waja
Déredés bénténganana
Agemna kabina-bina
Agemna mah kabina-bina.
Nagara kalingkung ku gunung
Nagara talaga ngembeng
Déngdék ngétan bahé ngalér
Pangarunh impungan dunya,
Layeut nagara kariung ku gunung
Ngocor cai ngétan ngulon
Nyiuk cai ka taweuran
Pangaruh tampian nonggéng ka langit
Nya bogoh saumur-umur.
Cutatan diluhur kaasup kana bagéan.....
Rajah
Eusi
Narasi
Dialog
Monolog
“Emh, na kaula téh ngagaduhan duur téh henteu cara deungeun-deungen. Maké aya dua tilu opat-lima genep-tujuh. Ngagaduhan dulur saibu-sarama téh kaula mah éstuning écés, jéntré. Sadérék téh mung hiji-hijina kadua kaula.”
Cutatan diluhur kaasup kana bagéan....
Narasi
Dialog
Monolog
Deskripsi
Eusi
Juru pantun biasana mah lolong. jeung carita patun anu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar.
Harti kecap anu di miringkeun nyaéta...
Bolong, dilatar belakangi
Bongé, ditularkeun
Buta, diapalkeun
Boga, diisukeun
Bangga, dilataran
ieu di handap anu henteu kaasup kana struktur carita pantun ...
Rajah
Eusi
Deskripsi
Dialog
Singlar
carita pantun anu judulna ciung wanara téh asalna ti wewengkon...
tasikmalaya
indramayu
subang
ciamis
bandung
Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun umumna, nyaeta...
satria atawa putri ti Karajaan galuh jeung Pajajaran
rayat biasa ti Tatar sunda
raja-raja ti Tatar Sunda
raja-raja ti luar Tatar Sunda
sing saha wae nu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Pun sapun,
Ka luhur ka Sang Rumuhun,
Ka Guru Putra Hyang Bayu,
Ka handap ka Sang Batara,
Ka Batara Nagaraja,
Ka Batara Nagasugih,
Sempalan kalimah di luhur kaasup kana struktur carita pantun anu merna nya éta ...
Monolog
Dialog
Narasi
Wawacan
Rajah
“karunya teuing ka Aki Panyumpit,
Gila ku ruksak,
Dideuleu Pakuwon,
Jeg lain enggon jalma,
...”
Ungkara di luhur kaasup kana struktur carita pantun anu mernah nya éta ...
Monolog
Dialog
Narasi
Wawacan
Rajah
“Gancangna barudal baé tina tempat ngadu hayam,
Masing-masing ka imahna séwang-séwangan,
Ratu Galuh ayeuna jadi merdika,
Sabab dimerdikakeun ku putrana téa,
Nya éta Ciung Wanara jeung Aria Banga,
Anu kocap di nagara jadi ratu,
...”
Sempalan di luhur kaasup kana struktur carita pantun anu mernah nya éta ...
Monolog
Dialog
Narasi
Puisi
Rajah
Bul kukus mendung ka manggung ,
Ka manggung neda papayung,
Ka déwata neda suka,
Ka pohaci neda suci,
Kuring rék diajar ngidung,
Nya ngindung carita pantun,
Ngahudang carita wayang,
Nyiloka nyukcruk laku,
Nyukcruk laku nu bahayu,
Mapay lampah nu baheula,
Lulurung tujuh ngabandung,
Kadalapan keur disorang,
Bisina nurus narutus,
Bisina narajang alas,
Da puguh galuring tutur,
...
Upama nilik kana wangunna, rajah di luhur téh mangrupa ...
Basa Ugeran
Dangding
Sisindiran
Basa Lancaran
Pupuh
Marica ngésodkeun salirana. Cédok nyembah deui. Sakali ieu mah tarangna ampir adek kana alketip. Tidinya hég narik ambekan rada panjang, maksudna ngumpulkeun deui pangacaian. Carana gampangkabina-bina.Manéhna rék ngarubah wujud jadi kidang. Lain kidang sambarangan, bulu hérang tanding emas, tanduk bodas badis pérak. Piraku éta Dewi teu kataji, tuluy hayang ngapimilik.
Carita wayang di luhur anu judulna "Tragedi di Leuweung Dandaka" kaasup kana babon carita wayang....
Mahabarata
Baratayudha
Ramayana
Shiwa
Rama Sinta
“Dasar pikasebeleun!” Si Rama moal gagabah ninggalkeun pamajikanana. Pasti dititipkeun heula ka Laksmana,”méh waé tungtung suku nyar kana beuheung.
Éta carita diluhur téh salah sahiji peran anu jahatna atawa Antagonis dina Babon Carita Wayang Ramayana nya éta...
Sugriwa
Kumbarkarna
Kurawaa
Rahwana
Duryudana
Numutkeun Budi Rahayu Tamsyah dina bukuna Pangajaran Sastra Sunda wayang teh dibagi-bagi dumasar kana warnaning wayangna diantarana waé wayang Golék, wayang Kulit, jeung wayang Wong (jelema).ieu di handap nu kaasup kana wayang anu dijieun tina kulit nya eta...
wayang cepak
wayang gedog
wayang klitik
wayang gelung
Wayang Potehi
Carita wayang nya éta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna tina Ramayana jeung Mahabarata. ieu dihandap anu nganggit sa'ir babon carita Mahabarata anu mernah nya eta ...
walmiki
resi Tantular
Asep Sunandar
Wiyasa
Wali songo
Carita wayang nya éta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna tina Ramayana jeung Mahabarata. Nu ngarang sa'ir carita wayang Ramayana anu mernah nya eta...
walmiki
empu gandrung
Dede amung Sunandar
wiyasa
empu Viyasa
Carita wayang téh sumberna tina epic carita Ramayana jeung Mahabarata. Disebut épik téh kulantaran ditulisna dina wangun puisi panjang nepi ka mangrébu-rébu pada (bait). Panjangna Sa'ir carita wayang Mahabarata anu mernah di handap ieu nya éta...
150.000 jajar atawa 75.000 sloka
200.000 jajar atawa 100.000 sloka
75.000 jajar atawa 35.000 sloka
48.000 jajar atawa 24.000 sloka
80.000 jajar atawa 40.000 sloka
Aya bébédaan carita wayang di urang jeung aslina ti India, di antarana guru Pandawa jeung Kurawa anu dina aslina pandita wijaksana, di urang boga karakter kacida goréngna, saha anu di maksud guru jeung pandita di luhur?...
raja Pancala
Bisma
Sangkuni
Adipati Karna
Begawan Dorna
Dina carita wayang aya palaku anu jumlahna aya lima tur limaanana sakti lantaran katitisan ku Déwa sarta boga hak kana kaprabon Astinapura, ngan aranjeuna nyieun deui karajaan anu ngarana Amarta nyaéta…
Déstrata
Kurawa
Aléngka
Pandawa
Ayodya
Paguneman atawa dialoh antar tokoh wayang dina pagelaran wayang disebut oge...
Kakawen
Nyandra
Murwa
Antawacana
"Kuring dalang Ki Kanda Buana, nu puguh indung bapana, ngadeg dipuseuring jagad pawayangan, ngawasa wayang sakotak anu rek dikotekta,... ieu kalimah kaasup kana conto istilah bagian carita wayang anu merna nya eta...
Kakawen
Antawacan
Murwa
Nyandra
Naon alesana kecap wayang téh dicokot tina kecap bayang-bayang?
Suméndér kana pagelaran wayang golek
Mangrupa simbol kahirupan manusa
Jungkiringna kalangkang eta teh teu bina tina kahirupan jalma anu ditempo teh paropilahna
Wanguna jiga manusa
Diusik malikeun ku dalang
Ngalalakonkeun naon wayang Golek Iket teh?
Ramayana jeung Mahabarata
Prabu Damarwulan jeung Menakjingga
Jan Pieterszoon Coen jeung Kapten Tack
Amir Hamzah jeung Umar Maya
Sajarah Indonesia tur tokohna jalma kaayeunakeun
Ieu diantarana warnaning wayang, iwal....
Wayang Parwa, Wayang Golek Iket, Wayang cepot, Wayang Klitik
Wayang Gelung, Wayang Dewala, Wayang Beber, Wayang Suluh
Wayang Potehi, Wayang Krucil, Wayang Lilingong, Wayang Wong
Wayang Purwa, Wayang Arjuna, Wayang Klitik, Wayang Suluh
Wayang Kulit, Wayang Wong, Wayang Baratayuda, Wayang Potehi
Dina bagian carita wayang aya bagian nalika dalang nepikeun prolog anu dicaritakeun ku dalang anu ngagambarkeun kaayaan karajaan , kagagahan jeung kaagungan raja, kautamaan (sifat sareng dangdosan). Ieu mangrupa bagian dina.....
Kakawen
Murwa
Nyandra
suluk
antawacana
Salah sahiji carita wayang nu dilalakonkeun ku Gatotkaca nu eusi caritana nyaritakeun Gatotkaca ngabendung Walungan Gangga nepika alam dunya kakurangan cai, nyaeta.....
Jabang Tutuka
Sanghyang Talaga Pancuran
Panca Braja
Pandudewanata
Ulun Umbul
Arjuna teh anakna Dewi Kunti. Arjuna kawin ka Subadra boga anak ngarana Abimanyu. Abimanyu kawin ka Dewi Utari boga anak nu ngaranna Parikesit. Parikesit ka Dewi Kunti perenahna....
Nini
Buyut
Udeg-udeg
bao
Janggawareng
Bima teh anakna Pandu Dewanata. Bima boga anak ngarana Gatot Kaca. Gatot Kaca ka Pandu Dewanata perenahna......
Buyut
Aki
Bao
incu
anak
Dihandap ieu jalma nu nepikeun pintonan carita wayang golék nyaéta
Pandawa miboga indung anu ngaranna ...
Kunti Nalibrata
Déstarata
Sintawati
Jabang Tutuka
Naha Rahwana maké nyulik Shinta?
Sabab Rama nangtang ka Rahwana
Sabab Rahwana dendam ka Rama jeung bogoheun ka Shinta
Sabab Rahwana hayang nangtang Rama
Sabab Rahwana hayang ngawasa karajaan Rama
Sabab Rama nyerang karajaan Rahwana
Naon sababna Laksmana maké ngaraheutan adina Rahwana nya éta Surpanaka?
Sabab Surpanaka nangtang ka Rama jeung Laksmana
Sabab Surpanaka rék nyulik Shinta
Sabab Surpanaka bogoheun ka Shinta
Sabab Surpanaka ngagoda waé Rama jeung Laksmana
Sabab Surpanaka ngarasa geuleuh ka Rama jeung Laksmana
