WorksheetsPTS SEMESTER II KELAS 4
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Kandang hayam nu diperahkeun di kolong imah disebut .....................
karamba
paranje
ranggap
ngangon
Ngabedahkeun teh hartina ..........................
ngocorkeun cai tina balong atawa sawah nepi ka saat
neangan jukut keur parab ingon-ingon
bagian tina kandang domba paranti neundeun hakaneun
kandang hayam nu diperahkeun
Di lembur mah hayam teh tara diantep di kandang, isuk-isuk sok dikencarkeun, buritna kakara sina arasup deui ka kandang. Ngasupkeun hayam kana kandangna mun wanci geus rek peuting disebut ..............................
nyileungleum
tetelo
ngangon
meutingkeun
Ngarit teh pagawean neangan jukut keur parab ingon-ingon make arit. nu rek Ngarit biasana mawa ................
carangka
ingon-ingon
payung
ember
Istilah miara ingon-ingon diantarana nyaeta ..............
rarangken
ragam hormat
ngangon
ragam loma
Omongan jeung paripolah upama urang nyarita ka babaturan nu geus dalit disebut .............
ragam loma
ragam hormat
pasemon
rengkuh
Ragam hormat teh nyaeta omongan jeung paripolah upama urang nyarita ka nu kudu dipihormat, contohna ka .............
sobat dalit
babaturan
Guru
sapantareun urang
"Kuring keur dahar jeung babaturan" kalimah ieu kaasup kana contoh ragam .......
hormat
loma
lentong
rengkuh
nu kaasup kalimah ragam hormat nyaeta ..........
Udin rek nginjeum buku ka perpustakaan
Adi kuring kakara balik ti sakola
Adi kuring kakara balik ti sakola
Ibu guru nuju angkat ka sakola
nu kaasup kalimah raga loma nyaeta .........
Pun lanceuk bade angkat ka Bandung
Pa guru bade mulih ke bumina
Adi kuring keur mawa korsi ti ruang tamu.
Abdi bade mios ka Bandung
Abdi bade mios ka Bogor. kalimah ieu kaasup kana ragam ............
hormat
loma
lisan
lentong
Lagu dina omongan disebut .......
rengkuh
lentong
pasemon
ragam
sikep awak urang upama keur nyarita disebut ..........
lentong
pasemon
lisan atawa ucapan
rengkuh jeung peta
Pamakanan teh make naon sangkan hulu domba atawa sapi bisa asup?
jukut
arit
lolongkrang
kandang
Ieu namina ........
meutingkeun
pamakanan
ranggap
paranje
"Nu baramaen teh leumpang ingkud-ingkudan". rarangken tukang kecap leumpang nyaeta ...............
-na
-keun
ka-
ka-an
Rarangken nu gunana nuduhkeun naon-naon nu kudu dipigawe nyaeta rarangken .........................
-na
-keun
ka-an
ti-
"Bapa angkat ka uleman diraksukan batik". diraksukan teh kecap asalna nyaeta ..................
diraksuk
raksukan
raksu
raksuk
"Buruan mani ngebrak kacaangan bulan ngempray". kecap asal tina rundayan kacaangan nyaeta ...................
kacaangan
caang
kacaang
caangan
"Aya mobil guling lebah tanjakan". rarangken hareup kecap guling nyaeta ...............
di-
ka-
-na
ti-
