WorksheetsPTS kelas 8
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Sisindiran tèh kaasup kana karya satra sunda wangun …….
Drama
prosa
prosa liris
puisi
1. Dina sastra Indonesia mah sisindiran tèh sok di sebut ……
Carita pondok
prosa
pantun
puisi
Dumasar kana wangunna sisindiran tèh di bagi jadi tilu golongan nya èta……
Paparikan, rarakitan jeung tatarucingan
Paparikan rarakitan jeung wawangsalan
Tatarucingan, wawangsalan jeung teteguhan
Silih asih, piwuruk jeung sèsèbrèd
Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur ……
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna manjang
Nu ngarti jalan di bandung
Ciri jalma loba pangarti
Nyaahna indung ka anak
Mun disakolakeun ka bandung
Mihormat kaindung bapa
Tangtu di piasih Gusti
Kararas sayang galatik
Diwadahan kana kantong
Rarasaan jangkung leutik
Awak badag siga gentong
Sisindiran di luhur tèh eusina …..
Silih asih
Piwuruk
sèsèbrèd
pikasebeleun
Warna bodas sok karatè
Semedi gawena duku
Wawangsalan di luhur tèh wangsalna ……..
Sandi spongbob
Karate
casper
doraemon
Wawangsalan di handap tèh wangsalna reungit ……
Langir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna
Laleur leutik hama raga, liarna sakolong langit
Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi
Manuk lisung anu jalu, dagoan dipasampangan
Naon anu jadi ciri sisindiran paparikan?
Padeukeutna sorana antara cangkang jeung eusi padalisan kahiji jeung ka tilu
Padeukeutna sorana antara cangkang jeung eusi padalisan kahiji jeung ka dua
Kecap awal dina cangkang ka hiji sarua jeung kecap awal dina eusi ka tilu
Kecap awal dina cangkang ka hiji sarua jeung kecap awal dina eusi ka dua
Dina kecap sindir ngandung harti …..
Langsung
brukbrak
togmol
teu langsung
Sisindiran kecap asalna …..
Sindiran
sindir
sisindir
nyindir
Baca pupuh ieu di handap !
Utamana jalma kudu rèa batur
Keur silih tulungan
Sillih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nya èta …….
12u-6a-8i-12a
12i-12u-8a-6a
12a-8i-6a-12u
12a-9a-8i-12u
Baca pupuh ieu di handap !
Utamana jalma kudu rèa batur
Keur silih tulungan
Sillih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Dumasar pupuh di luhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur …….
Sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga
Sangkan bisa silih asah, asih tur asuh jeung kulawarga
Sangkan bisa silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma
Sangkan dipikanyaah ku guru, kolot, jeung babaturan
Baca pupuh ieu di handap !
Utamana jalma kudu rèa batur
Keur silih tulungan
Sillih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma
Pupuh pucung di luhur tèh ngabogaan sifat ……
Ngagambarkeun kaprihatinan atawa pinalangsaeun
Ngagambarkeun pikseurieun atawa banyol
Ngagambarkeun nasehat, wawaran
Ngagambarkeun laku tamba kesel jeung pangangguran
Dangdangdula kaasup kana pupuh …….
Sekar alit
Anggana sekar
sekar ageng
rampak sekar
Pupuh dina sastra sunda jumlahna aya …….
4
7
12
17
Baca guguritan di handap ieu !
ADAT JALMA (Mijil)
Sifat jalma adat masing masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah someah darehdeh
Wijaksana tulaten jeung gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Aya jalma kucem haseum budi
Basangkal bedegong
Pelit pedit koret kekerehet
Barangsana culika curaling
Keccing leutik burih
Harak judes julid
Pupuh diluhur dina sapada di wangun ku ……..
7 padalisan
8 padalisan
5 padalisan
6 padalisan
ADAT JALMA (Mijil)
Sifat jalma adat masing masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah someah darehdeh
Wijaksana tulaten jeung gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nya èta …….
10i-6o-9è-10i-6i-6u
10i-8o-10è-10i-6i-6u
10i-6o-10è-10i-7i-7u
10i-6o-10è-10i-6i-6u
Anu golongan pasifatan jelema anu goreng nya èta …….
Sabar handap asor
Binekas binangkit
harak judes julid
lantip amis budi
Golongan pasifatan jelema anu hade nya èta …….
Jail hiri dengki
Adigung angguklung
suhud jeung jujur
basangkal bedegong
Ari nu disebut guru wilangan nya èta ……
Lobana padalisan dina sapada
Lobana engang dina sapada
Lobana aksara dina sapada
Lobana engang dina sapadalisan
