wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BASA SUNDA KELAS 5 Sementer 2

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Tarjamahkeun ka bahasa Indonesia kalimah dihandap ieu!


“Pikeun hirup babarengan.”

a)

Untuk hidup mandiri

b)

Untuk hidup bersama

c)

Untuk keingginan bersama

d)

Untuk keingginan sendiri

2.

Salah sahiji kasenian sunda anu mangrupa kakawih puisi anu tangtu polana, boh engang (suku kata) atawa sorana, mangrupakeun harti tina...

a)

Pupuh

b)

Kasenian

c)

Kawih

d)

Padalisan

3.

Pupuh kabehna aya sabaraha …

a)

20

b)

15

c)

17

d)

7

4.

Pupuh nu ngabogaan watek rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah nyaeta pupuh…

a)

Kinanti

b)

Asmarandana

c)

Sinom

d)

Dangdanggula

5.

Pupuh Balakbak ngabogaan watek…

a)

Deudeuh asih, nyaah

b)

Rasa ambek, gede hate

c)

Jelema nu ngalamun atawa keur malaweung

d)

Heurey atawa banyol

6.

Tarjamahkeun kalimah dihandap ieu!


“He barudak kudu hirup rempug jukung”

a)

Wahai anak-anak harus hidup tolong menolong

b)

Wahai anak-anak hiduplah bebas

c)

Anak-anak harus berbakti pada orangtua

d)

Anak-anak hidup untuk bergurau

7.

Dumasar kana lalaguna Pupuh dibedakeun jadi sabaraha…

a)

hiji

b)

dua

c)

tilu

d)

opat

8.

Dumasar kana lalaguna Pupuh dibedakeun jadi dua, nyaeta…

a)

Sekar rukun

b)

Sekar alit, Sekar ageung

c)

Sekar tinggi, sekar rendah

d)

Sekar wangi, Sekar murni

9.

Pupuh nu ngan bisa dilagukeun ku hiji lalagu disebutna pupuh…

a)

Sekar rukun

b)

Sekar wangi

c)

Sekar ageung

d)

Sekar alit

10.

Pupuh nu bisa dilagukeun ku leuwih ti hiji lagu disebutna…

a)

Sekar rukun

b)

Sekar wangi

c)

Sekar ageung

d)

Sekar alit

11.

Dihandap ieu nu teu ka asup pupuh sekar ageung nyaeta pupuh...

a)

Kinanti

b)

balakbak

c)

Dangdanggula

d)

Asmarandana

12.

Dihandap ieu nu ka asup pupuh sekar alit nyaeta pupuh...

a)

Balakbak, Durma

b)

Kinanti, Asmarandana

c)

Dangdanggula, Sinom

d)

Balakbak, Sinom

13.

Dihandap ieu nu ka asup pupuh sekar ageung nyaeta pupuh...

a)

Balakbak, Sinom

b)

Kinanti, Durma

c)

Kinanti, Asmarandana

d)

Dangdanggula, Balakbak

14.

Pupuh nu ngabogaan watek mapatahan, ngagambarkeun rasa hanjakal, nyaeta pupuh…

a)

Maskumambang

b)

Magatru

c)

Balakbak

d)

Sinom

15.

Pupuh nu ngabogaan watak nu keur kesel nungguan, deungdeupeun atawa kanyaah, nyaeta…

a)

Maskumambang

b)

Kinanti

c)

Balakbak

d)

Asmarandana

16.

Pupuh Maskumambang, ngabogaan watek…

a)

Heurey atawa banyol

b)

Rasa ambek, gede hate

c)

Deudeuh asih, nyaah

d)

kanalangsaan, sedih

17.

Pupuh Wirangrong, ngabogaan watek...

a)

Heurey atawa banyol

b)

Rasa ambek, gede hate

c)

Nu kawiwirangan, era ku polah sorangan

d)

Deudeuh asih, nyaah

18.

Pupuh Magatru, Mijil, Maskumambang asup kana pupuh...

a)

Sekar alit

b)

Sekar ageung

c)

Sekar rukun

d)

Sekat warga

19.

Aya sabaraha jumlah pupuh nu kaasup kana pupuh sekar alit …

a)

13

b)

14

c)

4

d)

7

20.

Pupuh nu ngabogaan watek resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana, nyaeta …

a)

Asmarandana

b)

Lambang

c)

Dangdanggula

d)

Sinom

21.

Dihandap ieu pupuh naon wae nu miboga watek banyol?

a)

Lambang, Ladrang, Balakbak

b)

Lambang, Sinom, Kinanti

c)

Ladrang, Asmarandana, Mijil

d)

Ladrang, Magatru, Maskumambang

22.

Naon anu disebut Pupuh teh …

a)

salah sahiji kasenian sunda anu mangrupa kakawih puisi anu tangtu polana, boh engang (suku kata) atawa sorana.

b)

sagala rupa hal anu osok dipigawe ku budak (saurang) atawa barudak (lobaan) dina waktu-waktu arulin atawa hareureuy

c)

Lagu Sunda anu rumpakana teu kauger ku aturan

d)

patokan atawa aturan anu aya dina hiji puisi

23.

Jumlah engang dina unggal padalisan disebut . . . .

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

pada

d)

padalisan

24.

Dina pupuh aya istilah padalisan.

Kecap padalisan dina bahasa Indonesia nyaeta . . . .

a)

kecap

b)

kalimah

c)

baris

d)

bait

25.

Pek lengkepan pupuh dihandap ieu!


He Barudak kudu hirup rempug jukung

Jeung babaturan ngahiji

Samiuk ...............................

Teu binarung goreng pikir

Komo bari olo-olo

a)

jeung babaturan

b)

jeung dulur-dulur

c)

jeung kolot urang

d)

jeung kabehna