NEW
Font size
WorksheetsUjian Sekolah Bahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 58mins
KA ROSULULLAH
Karya : Yus Rusyana
Abdi ngarawu sampéan anjeun ya Rosulullah
Ngartos kana guna tatapakan anu ku anjeun dipasang
Margi tanpa éta
Taya nu tiasa diwangun
Sagala tihang-tihang nu ku abdi baris
diadegkeun
Ditapakeun kana iman
Kana yakin ka Nu hiji
Sedeng salambar kalakay murag
Aya dina panalingaan Anjeunna
Sareng yakin
Anjeun téh piwarangana-Na
Nu mitutur bari brukbrak
………………………………………
Karangan di luhur kaasup kana ….
carita pondok
sajak
novel
dongeng
Kecap katiga ngandung harti ….
teu hujan
usum halodo
paceklik
ngijih
Kecap tatanén ngandung harti ….
pepelakan
binih
panen
dahareun
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku ....
sapadalisan
dua padalisan
tilu padalisan
opat padalisan
Eusi pupujian dina soal nomor opat nerangkeun ngenaan .....
Jalma nu keur sakarat
Jalma nu keur nandangan kanyeri
Jalma nu nandangan siksa
Jalma nu tara solat karasana keur sakarat
Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngenaan
....
Kaagungan Alloh
Sejarah para Nabi
Riwayat Nabi Muhammad
Sejarah sahabat
Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaeta ....
puji
Pujian
Pupujian
Pupujieun
Tina kecap-kecap ieu di handap, mana nu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa ....
Cucunguk
Boboko
dudupak
papatong
Pilih mana nu kaasup kecap rajekan dwimurni ....
Tunggal-teunggeul
Jujungkelan
Bubuahan
Buku - buku
Nu teu kaasup kecap rajekan dwireka di handap, nyaeta....
Rurat-reret
Untar-anter
Tulas-tulis
Kuda - kuda
Kecap beubeutian kaasup kecap rajekan ....
Dwipurwa
Dwimadya
Dwireka
Dwimurni
Nu teu kaasup kana kecap rajekan trilingga nyaeta ....
Pak-pik-pek
Clak-clik-cluk
Cakah-cikih
Dar-der-dor
Kamari Bapa Polisi newak jalma nu panjang leungeun.
Kecap panjang leungeun dina kalimah diluhur maksudna...
Sok cukat-cokot barang batur
Jalma babari ceurik
Budak anu tara daek dititah
Anu sok resep pundah-pindah
Kecap sugih hartina .....
Beunghar
Malarat
Usum hujan
Usum haloda
BABAD MAJALENGKA
Taun 2008 téh umur kota Majalengka nincak ka 528. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun yén Majalengka téh lahir taun 1490 Maséhi.
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982 tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7 Juni 1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih.
Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina basa Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit muriang (malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh saperti pedaran ieu di handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé komara, sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria atawa muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur, Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh, Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama Islam.
Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek kasakténna. Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka, majané langka!” ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal maja téh euweuh. Nya nelah baé jadi “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu terus mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal manggihan tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut Kasih tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta saterusna mah dingaranan Majalengka.
Dumasar kana perda, taun 2019 milangkala Majalengka teh nincak taun kasabaraha ....
528
529
530
531
Berdasarkeun bacaan no 15, wewengkon karajaan mana anu kaserang ku kasakit muriang / malaria ....
Sindangkasih
Talaga mnggung
Galuh
Cirebon
Ngaran ratu Sindangkasih teh nyaeta ....
Pangeran Muhamad
Siti Armilah
Nyi Rambut Kasih
Nyai Mas Cincin
Ari … teh kudu ditawar heula, ngarah teu kamahalan
Barang beuli
barang cokot
barang bawa
barang tanya
Piraku balik kalembur teu ... nanaon pisan!
Barang beuli
Barang bawa
Barang bere
Barang pake
Mun panggih jeung babaturan di jalan teh heg …atuh ulah caricing wae!
Silihudag
silihtanya
silihanteur
silihciwit
Ceu Mariam mah Amis budi.
Amis budi hartina......
Hade akhlakna
Hade rarayna
Hade awakna
Hade turunanana
Siswa : “Wilujeng enjing, pa!”
Guru Silat : “.................................”
Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....
Bade naon jang?
Bade ka saha cep?
Wilujeng enjing
Wilujeng siang
Rek iraha indit ka Bandung teh?
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah ....
Panyambung
Panyeluk
Pananya
Wawaran
MEMENIRAN
Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar. Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu mujarab pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo panangan déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-titik di bagéan handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana tumuwuhna di antara jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang India. Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung Filiphina. Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa India disebut Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa dipaké ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver, hépatitis, ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.
Anu jadi jejer dina wacana di luhur nyaeta ….
Ubar tradisional
Mangfaat tutuwuhan
Cara melak ubar tradisonal
Cara ngolah ubar tradisional
Berdasarkeun soal nomor 24, artikel anu judulna “memeniran” patali jeung widang ….
Atikan
Lingkungan
Kasehatan
Kaagamaan
Ubar tradisional mah teu nimbulkeun efek samping.
Efek samping hartina ....
Hasiat
Balukar tina hiji perkara
Hasil tina hiji perbuatan
Kagunaan
Bagian anu medar pasualan secara jelas dina artikel mangrupa bagian ....
Bubuka
Eusi
Panutup
Kasang tukang
Kalimah langsung anu bener nyaeta ....
Saha anu teu sakola?
Iraha rek indit ka Jakarta teh?
Iwan nanyakeun gunana memeniran teh.
“Keur naon gunana memeniran teh?” Iwan nanya.
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad.
Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina ....
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Ceuk Imas ka Somad, kuring moal milu piknik sabab teu boga duit.
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas ka Somad.
Tacan ogé bérés masalah kalebuhna kapal verri jeung maotna artis sinétron “Alda”, Senén, 1 Januari 2007 kapal Adam Air anu lepas landas ti pangkalan udara Surabaya rék ngajugjug ka Manado leungit ilang tanpa laratan. Nepi ka poé Ahad 6 Januari 2007 Tim SAR, Angkatan Darat, Angkatan Laut, Angkatan Udara, pararélawan jeung Masarakat can bisa manggihkeun laratan di mana ragragna éta kapal. Kulawarga paraawak kapal jeung kulawarga parapanumpang kacida sungkawa sarta ngadesek ka pamaréntah sangkan terus maluruh nepi ka kapanggihna.
Warta di luhur ka asup kana jenis warta ….
Spontan
Dadakan
Feature
Spot news
Ceuk warta di luhur kapal naon anu leungit ilang tanpa laratan teh ....
Lion Air
Garuda
Merpati
Adam Air
Kalimah sampurna nyaeta ....
Kalimah anu diwangun ku jejer jeung caritaan wungkul
Kalimah anu diwangun ku unsur utamana nyaeta katerangan
Kalimah anu diwangun ku sakurang-kurangna jejer jeung caritaan.
Kalimah anu teu merlukeun obyek
Kalimah di handap ieu diwangun ku jejer, caritaan jeung obyek nyaeta ....
Barudak mah tos arulin di walungan Cimanuk
Mimin keur ngumbah piring di pancuran
Pasar Cigasong teh rek dipindahkeun taun 2017
Anak hayam teh keur macokan beunyeur
“Keur nyaba ka mana lanceuk maneh teh, Edoh?”
“Ka Bandung.”
Kalimah teu sampurna “Ka Bandung” nyicingan fungsi ….
Jejer
Caritaan
Objek
Katerangan
Guru lagu jeung guru wilangan anu nuduhkeun patokan pupuh kinanti nyaeta ....
8a-7a-8u-8a-8i-8i
8a-8a-8u-8a-8i-8i
8a-8i-8u-8a-8i-8i
8u-8i-8a-8i-8a-8i
Watek pupuh balakbak nyaeta .…
Sedih
Sumanget
Prihatin
Gumbira
Mawa botol ka Cisaat
Pipiti di sisi cai
Lamun urang getol solat
Pasti dipiasih gusti
Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur nuduhkeun .…
Banyol
Silih asih
Piwuruk
Heureuy
1. Meser bubur ka Cihaur
Jalanna mapay Cigowong
Ka batur mah nitah jujur
……………………………..........
Eusi padalisan kaopat sisindiran di luhur nu luyu nyaeta .…
Manehna mah jalma sombong
Manehna mah jalma lolong
manehna mah purang bohong
manehna mah purang noong
“Bapa kuring rek indit ka sawah.”
Kalimah di luhur mun dirobah kana ragam basa lemes, nyaeta jadi ….
“Bapa abdi rek indit ka sawah.”
“Apa abdi rek bade indit ka sawah.”
” Bapa kuring rek mios ka sawah.”
“Pun bapa bade angkat ka sawah.”
Dongeng anu para palakuna sasatoan disebut dongeng ….
sasakala
pamuk
fabel
parabel
