Font size
WorksheetsPengayaan Bahasa Sunda
Total questions: 35
Worksheet time: 2hrs 45mins
Warta Televisi
Pamiarsa, wilujeng patepang deui sareng sim kuring Dinda Dwi Septiani dina warta sunda. Usum hujan taun 2016 tos dimimitian ti awal bulan Januari oge. Pamarentah Cianjur tos ngawanti-wanti ka wargana sangkan salawasna waspada tina usum hujan.
Bupati Cianjur mere amanat sakumna warga anu padumukanana di sisi gawir jeung di sisi wahangan kudu leuwih ati-ati tina bahaya longsor jeung banjir. Sabab datangna musibah teu bisa di bade-bade, ti taun ka taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah sangkan musibah banjir jeung longsor dina usum hujan ieu teu karandapan warga.
Sakitu warta nu tiasa kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina warta nu bakal dongkap.
Wassalamua’alaikum Wr Wb
1. Dumasar kana warta di luhur nu mangrupa eusi kesimpulan nyaeta …
A. Ati-ati mayunan usum hujan patali sareng bahaya longsor jeung banjir
B. Bupati Cianjur mere amanat ka sakumna warga Usum hujan taun 2015 tos dimimitian
C. Sakitu wartos nu tiasa kasanggakeun
D. Wilujeng tepang deui dina warta nu bakal dongkap
Warta Televisi
Pamiarsa, wilujeng patepang deui sareng sim kuring Dinda Dwi Septiani dina warta sunda. Usum hujan taun 2016 tos dimimitian ti awal bulan Januari oge. Pamarentah Cianjur tos ngawanti-wanti ka wargana sangkan salawasna waspada tina usum hujan.
Bupati Cianjur mere amanat sakumna warga anu padumukanana di sisi gawir jeung di sisi wahangan kudu leuwih ati-ati tina bahaya longsor jeung banjir. Sabab datangna musibah teu bisa di bade-bade, ti taun ka taun pamarentah geus ngalaksanakeun tarekah sangkan musibah banjir jeung longsor dina usum hujan ieu teu karandapan warga.
Sakitu warta nu tiasa kasanggakeun. Wilujeng tepang deui dina warta nu bakal dongkap.
Wassalamua’alaikum Wr Wb
2. Sumber warta di luhur nyaeta …
A. Majalah
B. Televisi
C. Koran
D. Radio
3. Nu mangrupa kalimah piwuruk di handap ieu nyaeta …
A. “Urang hirup di dunya teh kudu akur jeung batur”
B. “Cik ujang, ema pang meulikeun minyak saleter mah!”
C. “Angga budak akuran ka batur”
D. “Budak eta mah musuhna mani loba”
4. Sapira : “Halo, Assalamua’alaikum!”
Revina : “Wa’alaikum. Kumaha damang?”
Sapira : “ …. ?”
Revina : “Oh muhun leres, abdi Revina”
Kalimat nu saluyu diucapkan ku Sapira pikeun nyampurnakeun paguneman di luhur nyaeta ….
A. Ibu nuju aya di bumi?
B. Ieu sareng saha nya?
C. Dupi ieu leres sareng Revina?
D. Revina bade ka sakola moal?
5. Gebeg Sangkuring! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panon poe meletek. Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung di beulah wetan bet siga balebat tingarudat.
Ngagidir amarahmna. Teu antaparah parahu nu rek jadi teh ditalapung satakerna. Parahu ngalayang ka jauhna. Gubrag murag tibalik! Lila ti eta parahu nangkub teh jadi gunung. Gunung Tangkuban Parahu!
Potongan carita di luhur teh kaasup kana jenis carita …
A. Fabel
B. Mite
C. Legenda
D. Sage
1. Ngaran indung Sangkuriang dina sasakala Gunung Tangkuban Parahu nyaeta …
A. Dewi Padmawati
B. Dayang Sumbi
C. Dewi Banowati
D. Nyi Gambir Wangi
1. Hal-hal nu teu kudu dititenan lamun urang medar isi buku nyaeta …
A. Nu meuli buku
B. Pangarang buku
C. Judul buku
D. Nu medalkeun buku
1. Andi miceun runtah sambarangan. Kalimah kritikan nu saluyu pikeun Andi nyaeta …
A. Cing atuh, miceun runtah teh kana tempatnya
B. Aduh, mani rajin pisan budak teh
C. Yana miceun runtah di sisi jalan
D. Dimana ari miceun runtah teh?
9. Kalimah pananya nu merenah diucapkeun ku Udin ka Dr. Ilham nyaeta …
A. “Kunaon panyawat muntaber gampil tepa dok?”
B. “Kumaha carana ngalandongan panyawat muntaber?”
C. “Naon diantawisna pikeun ngajaga kabersihan teh pa?”
D. “Naon wae nu kedah dibersihan teh?”
1. Formulir Anggota Pramuka
Wasta : ….
Tempat/ Tanggal lahir : ….
Agama : ….
Padumukan : ….
Sakola : ….
(1) Jl. Sauyunan No. 30
(2) Bandung, 26 Februari 2003
(3) MI Nurul Huda
(4) Galih Maulana
(5) Islam
Runtuyan anu merenah pikeun ngeusian formulir di luhur nyaeta …
A. 3-4-5-2-1
B. 4-3-5-2-1
C. 3-5-1-2-4
D. 4-2-5-1-3
11. Conto kalimah wawaran atawa bewara di handap ieu nyaeta …
A. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT, anu parantos maparin kanikmatan anu kalintang ageungna
B. Ka sakumna masyarakat Dusun Sukamanah, dina dinten Juma’ah, ping 26 Februari 2016, diwajibkeun nyandak alat kebersihan kanggo kerja bakti ngabersihkeun solokan
C. Neda dihapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin, mugia amal urang sadaya ditampi ku Allah SWT
D. Ngahaturkeun nuhun kana kasumpingan bapak kalih ibu kana pangulemna pribados sakulawargi dina acara syukuran pun anak
1. Dina hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina urusana masing-masing, Kang Adun anu osok ngider ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun dagangana di bumi bilikna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru.
Teu loba peuyeum anu dijual ku manehna, ngan saukur 7 dugika 15 kiloan. Kang Adun sanajan bari geus kolot oge tapi tara kana digawe mah getol neangan rezeki ngahirupan anak jeung pamajikanan.
Judul nu saluyu pikeun cuplikan carita pondok di luhur nyaeta …
A. Kang Adun getol dagang
B. Kang Adun Si Tukang Peuyeum
C. Kang Adun Neangan Rezeki
D. Kang Adun Dagangan Payu
Prak baca sing gemet!
Kaulinan ieu bisa dipolahkeun ku barudak lalaki atawa awewe, babaladan. Sagrupna antara lima nepi ka tujuh urang. Dipolahkeun kudu di lapang anu lega. Carana nyaeta anu rek maraen teh ngantay silih cekel taktak. Kumaha bae niron-niron oray. Tah, eta si oray teh (misalna orayna aya dua) tuluy luar leor, bari ngarawih.
13. Naon ngaran kaulinan dina bacaan di luhur?
a. oray-orayan
b. bebentengan
c. bubuyungan
d. cacauan
Kaulinan ieu bisa dipolahkeun ku barudak lalaki atawa awewe, babaladan. Sagrupna antara lima nepi ka tujuh urang. Dipolahkeun kudu di lapang anu lega. Carana nyaeta anu rek maraen teh ngantay silih cekel taktak. Kumaha bae niron-niron oray. Tah, eta si oray teh (misalna orayna aya dua) tuluy luar leor, bari ngarawih.
14. Naha kudu dipolahkeun di lapang nu lega?
a.bisa dipolahkeun ku barudak lalaki atawa awewe
b. sabab nu maraen teh ngantay silih cekel taktak
c.tuluy luar leor bari ngarawih
d. kumaha bae niron-niron oray
prak baca kawih di handap ieu!
INDONESIA
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
15. Kacindekkeun eusi kawih nyaeta …
a. nagara nu subur makmur
b. nagara Indonesia nu gemah ripah loh jinawi
c. nagara nu beunghar ku leuweung, laut, sawah jeung kebon
d. daun hejo ngemploh di sawatara leuweung
16. Naon sababna Indonesia disebut nagara Gemah Ripah Loh Jinawi?
a. tumuwuh subur pajangkung-jangkung
b. piraku rek rela piraku rek tega
c. alam nu ngemploh hejo
d. subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Prak baca guguritan di handap ieu!
Hirup Rukun
Ku ayana seler bangsa,
Eta teh sunah Ilahi,
Kersana Allah Ta’ala,
Nyipta bangsa rupi-rupi,
Bareda warna kulit,
Tur henteu sami pamulu,
Rupa-rupa basana,
Keur urang mah Sunda sidik,
Anu mawi basa Sunda teh piara.
17. Dina guguritan di luhur, kumaha damelan Alloh SWT nyiptakeun bangsa-bangsa?
a. anu mawi basa Sunda teh piara
b. tur henteu sami pamulu,
c. nyipta bangsa rupi-rupi
d. kacatur hawana tiis
prak baca sajak di handap!
Leuweung Kuring
Malah geuning kiwari mah nu geledegan teh lain leuweung
Tapi hate jelema nu teu mere ka alam engke
Sagala diruksak
Sagala digalaksak
Pamali geus teu matri
Iwal mun alam geus mudalkeun kaceuceubna
Niban ka dirina
18. Kacindekkeun eusi sajak di luhur nyaeta …
a. baheula mah leuweung dipikasieun
b. jelema teu sieun cicing di leuweung
c. rea pantangan di leuweung mah
d. jelema nu ngaruksak alam
19. Naon hartina kalimah Iwal mun alam geus mudalkeun kaceuceubna?
a. leuweung geledegan kiwari geus langka
b. hate jelema nu resep ka leuweung
c. sagala di ala, sagala di tuar
d. bencana alam akibat polah manusa nu sarakah
Prak baca sajak di handap!
Katuangan anu sehat , bakal manfaat kana salira
Miara kabersihan katuangan, tugas urang sarerea
Katuangan anu kotor, matak ngadongkapkeun panyawat
Jalaran kitu, hayu urang milih katuangan sehat
Kedah beresih sareng buatan nyalira
20. Eusi sajak di luhur ngeunaan …
a. Katuangan sehat
b. Kabersihan lingkungan
c. Jajan sembarangan
d. Akibat jajan di jalan
Prak baca carita pondok di handap!
Waktu kajadian tsunami tea, Undang keur aya di pangangonan. Unggal poe sanggeus balik ti sakola, pagawean manehna teh ngangon sapi.
Sanajan lemburna ancur, ratusan urang jadi korban, alhamdulillah manehna mah salamet. Kumaha kajadian tsunami harita, Undang Haerudin nyaksian pisan.
21. Kajadian naon nu kasaksian ku Undang Haerudin?
a. banjir bandang
b. halodo
c. longsor ti gunung
d. tsunami
22. Waktos abdi sareng Eman ka sakola, di tengah jalan seueur jalmi ngagimbung. Abi sareng Eman reuwas, margina katingal harita aya murangkalih SD nu nuju diriung-riung, sihoreng rerencangan sakola, namina Wulan. Saurnamah katabrak beca nuju meuntas. Kajadian nu karandapan ku Wulan nyaeta …
A. katabrak beca
B. kaserempet beca
C. kasenggol beca
D. Kadupak beca
23. “sateuacan neraskeun sasanggem, teu kakantun ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos maparin kapercantenan ka abdi kanggo ngadeg di ieu mimbar”
Ungkara kalimah di luhur kaasup kana bagian …. Biantara
A.Bubuka
B.Eusi
C.Pedaran
D.Mungkas
24. Hadirin, acara paturay tineung teh janten panineungan kanggo abdi sareng rerencangan. Abdi moal tiasa lulus sapertos ayeuna, upami teu dididik sareng diaping ku ibu miwah bapa guru. Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun sewu nuhun, muga-muga amal kasaean ibu miwah bapa guru kenging ganjaran anu satimpal.
Nu biantara dina wacana di luhur nyaeta …
A.Kepala Sekolah
B.Guru
C.Wali Murid
D. Murid
25. Kalimah anu ngagunakeun istilah teknologi nyaeta …
A. Ngabejaan rek sukuran cukup ku surat ondangan
B. Sok geura kirimkeun surat teh ka POS
C. Mun moal ka sakola kudu ngirim surat
D. Jaman kiwari mah ngirim surat cukup ku e-mail
26. Kalimah di handap ieu nu saluyu jeung undak unduk basana nyaeta …
A.Pun biang mios ka masjid bade pangaosan
B. Ibu wangsul ti pasar teras ka dapur
C. Abdi wangsul ti sakola teras mios ka madrasah
D. Pun adi nuju kulem di kamar payun
27. Komat nyaeta pangajak supaya prak sholat sabada adzan.
Kecap nu sharti tina kecap sabada nyaeta …
A.Saparantosna
B.Samemehna
C.Sateuacana
D.Sabalikna
28. Kecap di handap ieu kaasup serepan tina bahasa Arab nyaeta …
A. Sakola
B. Donor
C. Masjid
D. Debat
29. Hirup nu pinuh perjuangan
Persenjataan nu eleh teu di jadikeun alesan
Perang ngalawan penjajahan
Berjuang kanggo kamerdekaan
Judul anu merenah keur sajak di luhur nyaeta …
A. Pahlawan
B. Perang
C. Kamerdekaan
D. Perjuangan
30. Mindengna kajadian urug di Jawa Barat, dilantarankeun ku faktor alam jeung kagiatan jalma. Ditilik tina alamna, di Jawa Barat loba jurang jeung lamping lungkawing anu diwangun ku lilipitan kulit bumi.
Kalimah utama pikeun bacaan di luhur nyaeta …
A. Di Jawa Barat loba jurang jeung lamping
B. Mindengna kajadian urug di Jawa Barat
C. Jawa Barat diwangun ku lilipatan kulit bumi
D. Faktor alam jeung kagiatan jalma
31. Pek ayeuna susun gundukan kalimah jadi paragraf nu ngaguluyur!
1) Marake seragam Pramuka sarta dina tonggongna tingdaraplok rangsel.
2) Poe Saptu pabeubeurang, murid kelas liama SD Cikoneng ngabaris hareupeun sakola.
3) Rangselna aya nu digantelan kastrol, panci, katel jeung lantera
4) Maranehna teh rek ngayakeun perkemahan di sisi Muara Cipalebuh.
32. Sebutkeun 5 rupa Kaulinan Barudak di tatar Sunda!
Prak baca sajak ieu!
Tatar Sunda
Endah asri nagri kuring
Rahmat pamasihan Gusti
Sumber cai ngagolontor
Malidkeun sakur kokotor
Pek piara
Ulah lalawora
Sangkan panjang mangpaatna
Salalawasna
33. Ceuk pamanggih hidep, naon kasimpulan sajak di luhur?
Prak baca carita di handap ieu!
SI KOKOK
Kuring boga hayam jago. Alus teh. Ngaranna Si Kokok, da ari kongkorongok sok kadenge tungtungna kok…kok…cenah. Unggal isuk Si Kokok sok diparaban ku huut atawa sangu.
34. Tuluykeun ku hidep eta karangan hiji alinea deui!
Prak baca pidato di handap ieu!
Sakumaha anu kauninga, kasehatan teh kalintang peryogina kanggo urang sadayana. Bade midamel naon bae oge, upami salira henteu sehat mah moal lancar. Seueur anu karaos sareng sagalana rupina henteu raos. Teu raos barangtuang, teu raos kulem, sareng sajabina. Upami palay damang, nya tangtos we kedah dilandongan ku dokter. Leuheung basa upami panyawat enteng, ongkos lalandongna oge tangtos enteng. Tapi kumaha upami panyawatna abot? Tangtos bae ongkos lalandongna oge awis. Anu mawi henteu lepat upami aya anu nyebatkeun, nyegah panyawat teh langkung sae tibatan ngalandongan panyawat…
35. Tuluykeun bagean penutup teks pidato di luhur kalayan jadi kalimah ngaguluyur!
