wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

GUGURITAN (BASA SUNDA) kls 8 spensa

Total questions: 15

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

karangan pondok nu ditulis make patokan pupuh disebut ...

a)

wawacan

b)

guguritan

c)

sisindiran

d)

pupujian

2.

pupuh Durma kaasup kana pupuh ...

a)

sekar ageung

b)

sekar alit

c)

sekar panggung

d)

sekar tandak

3.

di handap ieu nu kaasup kana pupuh sekar ageung nya eta ....

a)

Balakbak

b)

mijil

c)

Dangdanggula

d)

maskumambang

4.

jumlah engang dina unggal padalisan disebut ...

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

5.

di handap ieu nu lain kaasup kana patokan/aturan pupuh nyaeta ...

a)

jumlah pada dina unggal padalisan

b)

guru wilangan

c)

guru lagu

d)

watek

6.

sora vokal dina unggal tungtung padalisan di sebut ...

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru lagu

7.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Dina unggal pada na aya sabaraha padalisan dina guguritan pupuh kinanti diluhur ….

a)

2

b)

6

c)

8

d)

12

8.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Guru wilangan jeung guru lagu padalisan ka lima nyaeta ...

a)

12-u

b)

8-i

c)

8-a

d)

7-a

9.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Jejer (tema) eusi guguritan jangji kuring nyaeta ...

a)

sumanget ka sakola

b)

rasa kaduhung teu getol diajar, jangji rek rajin diajar.

c)

milih sobat sing taliti

d)

hirup ulah kabawa sakaba-kaba

10.

GUGURITAN PUPUH DURMA


SUMANGET KA SAKOLA


Hayu batur sing sumanget ka sakola

Nyuprih élmu pangarti

Nyiar pangabisa

Sangkan jadi jelema

Anu élmuna masagi

Sagala bisa

Jadi jalma berbudi


Omat ulah kabawa sakba-kaba

Milih sobat taliti

Ulah lalawora

Sabab bisi cilaka

Mawa rugi kana diri

Buntu sakola


Jejer (tema) anu nyaritakeun mepelingan sangkan urang teu meunang kabawa kana kalakuan anu teu puguh, aya dina pada ka ...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

11.

SUMANGET KA SAKOLA


Hayu batur sing sumanget ka sakola

Nyuprih élmu pangarti

Nyiar pangabisa

Sangkan jadi jelema

Anu élmuna masagi

Sagala bisa

Jadi jalma berbudi


guguritan diluhur dina sa-pada na diwangun ku .... padalisan

a)

3

b)

5

c)

6

d)

7

12.

SUMANGET KA SAKOLA


Hayu batur sing sumanget ka sakola

Nyuprih élmu pangarti

Nyiar pangabisa

Sangkan jadi jelema

Anu élmuna masagi

Sagala bisa

Jadi jalma berbudi


Omat ulah kabawa sakba-kaba

Milih sobat taliti

Ulah lalawora

Sabab bisi cilaka

Mawa rugi kana diri

Buntu sakola

lain sobat sajati


Guru wilangan jeung guru lagu pada ka-2 padalisan ka 2 nyaeta ....

a)

8-a

b)

7-i

c)

8-i

d)

7-a

13.

gambaran eusi pupuh nu nuduhkeun kaayaan/suasana eta pupuh, disebut ...

a)

padalisan

b)

guru wilangan

c)

watek

d)

guru lagu

14.

Dina guguritan istilah pada sarua hartina jeung ...

a)

baris

b)

bait

c)

jajaran

d)

gundukan

15.

eusi guguritan mangrupa .....

a)

hiji lalakon

b)

hiji kajadian

c)

rupa-rupa kajadian

d)

masalahna kompleks