wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS XI

Total questions: 25

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

1. Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya…

a)

naon

b)

naha

c)

mana

d)

sabaraha

e)

kumaha

2.

Warta téh nya éta berita anu ditulis dumasar kana.....

a)

opini

b)

fakta

c)

rekaan

d)

sawangan

e)

paguneman

3.

prak-prakan nulis warta nyaeta ... .

a)

5 w+1H

b)

1H+3W

c)

4W+3H

d)

6W

4.

Nu teu kaasup unsur pangwangun warta dina 5W+ 1H nyaéta ...

a)

What

b)

Which

c)

Who

d)

Why

e)

When

5.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut..

a)

editing

b)

jurnalis

c)

kameramen

d)

tabloid

e)

redaktur

6.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina sara, nyaéta....

a)

suku

b)

agama

c)

ras

d)

rasa

e)

antargolongan

7.

Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta....

a)

judul warta

b)

bubuka warta

c)

waruga warta

d)

pamungkas warta

e)

nu nulis warta

8.

Media warta diantarana

a)

Media citak, media elektronik, media online

b)

media informasi

c)

media hayalan

d)

media baca

9.

Struktur warta teh kabagi tilu bagean, nyaeta ….

a)

Tema (theme), headline, lead.

b)

Judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta

c)

Judul (headline), tema, jeung bubuka.

d)

Bubuka, isi, penutup, jeung riset dokumentasi

10.

Nu disebut Wawancara pikeun neangan warta dumasar kanyataan jeung fakta teh, nyaeta ….

a)

Nitenan hiji kajadian atawa kaayaan, Naon nu katempo, karasa, kadenge, atawa kalaman dina hiji kajadian atawa kaayaan nu di anggap luar biasa.

b)

Ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya.

c)

Ngawawancara hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa anu dianggap apal kana perkara anu rek di wartakeun ku urang.

d)

Jalma nu diwawancara ku urang keur kapentingan warta

11.

Musikalisasi Lutung Kasarung

REK MAGELARKEUN DI MANCANAGARA


Lutung Kasarung, carita pantun ti Tatar Sunda, kiwari rek dipegelarkeun dina wanda drama musical ku Yayasan Mojang Jajaka (Moka) Jabar jeung Yayasan Prima Ardian Tana. Eta pintonan anu disutradaraan ku Didi Petet, dumasar naskah H. Eddy D. Iskandar teh baris digarap sacara kolosal kalawan ngabaud 100 urang pamaen, jeung 50 urang pamusik. Panata gerak/koreografer Ayo “Sakola” Sunaryo, ari panata music mah Ismet Ruchimat (Samba Sunda).

Wakil Gubernur H. Dede Yusuf minangka nu boga gagasan, nandeuskeun, pintonan “Musikal Lutung Kasarung” teh salasahiji pilot projek di Jawa Barat pikeun mateakeun anlehna para mojang jeung jajaka (Moka) Jabar dina widang drama, utamana drama musical. Salila ieu, ceuk Dede Yusuf, para Moka teh ngan saukur diaubkeun dina kagiatan-kagiatan formal jeung seremonial wungkul, henteu tapi ka langsung ancrub dina widang industry pariwisata.

Lian ti ngarojong ku pamaen-pamaen Moka Jabar, ieu pintonan musical ge dirojong ku para seniman jeung generasi ngora ti sawatara sanggar, pelajar SMA, jeung mahasiswa di Bandung. Eta teh kaasup anu lolos seleksi audisi dina widang pemeranan (acting), ngahaleuang (musikalisasi), jeung gerak (Seni Tari), anu diayakeun 30-31 Mei jeung 7 Juni 2011 kaliwat.

Event Direktor Musikal Lutung Kasarung, Satria Yanuar Akbar nandeuskeun, pintonan musical Lutung Kasarung the baris dipintonkeun 17 kali dina saminggu, ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2011. “Tempatna mah teu acan ditangtoskeun, margi teu acan aya kasapukan kontrak sareng nu kagungan tempat. Tapi nu pasti mah di Bandung,” ceuk Satria.

Dede Yusup boga harepan, lian ti Bandung, Musikal Lutung Kasarung teh rarancangna mah erek dipagelarkeun oge di E-Planet Singapura. Leuwih legana deui, di nagara-nagara liana, kayaning Mlaysia jeung Thailand.

“Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barata bakal tampil tur diapresiasi di luar negeri. Kukituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif, “ ceuk Dede Yusuf.*** Rosyid E. Abby.

Dicutat tina Galura Edisi IV, Juni 2011 Kaca 09.


Titanggal sabaraha pintonan Musikal Lutung Kasarung teh baris dipintonkeunnana ….

a)

ti mimiti 8 Oktober nepi 28 November 2011

b)

ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2011

c)

ti mimiti 8 Oktober nepi 28 November 2012

d)

ti mimiti 28 Oktober nepi 8 November 2012

12.

warta nyaeta hartina sarua jeung

a)

dongeng

b)

prosa

c)

puisi

d)

beja

13.

Carita dina novel kaasup carita...

a)

Fiksi

b)

Non fiksi

c)

Ilmiah

d)

Lain imajinasi

14.

Mekarna sastra daérah (Sunda) dina wangun tinulis basa Sunda téh tétéla leuwih tiheula tibatan novel dina basa Indonésia.

a)

Bener

b)

Salah

15.

Novel teh carita rekaan (fiksi) wangun lancaran (....) jeung kaasup karya sampeuran, umumna panjang sarta galur caritana atawa plotna ngarancabang. kecap Wangun lancaran sarua wae jeung....

a)

Drama

b)

Pamohalan

c)

Prosa

d)

Puisi

e)

Wangun Ugeran

16.

Ieu di handap anu teu asup kana cirri-ciri novel nya éta..

a)

palakuna rea

b)

Alur basajan

c)

Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé

d)

Latarna laluasa

e)

karangan non fiksi

17.

Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME).


Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…

a)

sosial

b)

budaya

c)

lalampahan

d)

agama

e)

rumah tangga

18.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

19.

novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...

a)

moh.Amri

b)

Aam amelia

c)

D.K. Adiwinata

d)

Dadan Sutisna

e)

Tatang sumarsono

20.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
e)
21.

Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...

a)

1914

b)

1915

c)

1916

d)

1917

e)

1918

22.

Buku novel munggaran dina sastra Sunda nya eta....

a)
b)
c)
d)
e)
23.

Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

“ẻta tẻh buku ẻnggal?” Tanya manẻhna.

“Muhun!”

“Iraha mẻsẻrna? teu wartos-wartos!”

“Pamasihan.”

latar tina sempalan novẻl Prasasti nu Ngancik dina Ati di luhur nya ẻta….

a)

perpustakaan

b)

toko buku

c)

rohang tamu

d)

hareupeun imah

24.

Unsur intrinsik novẻl ngawengku….

a)

tẻma, rasa, nada, amanat

b)

tẻma, palaku, latar, rasa

c)

tẻma, palaku, latar, galur, amanat

d)

tẻma, palaku, latar, nada

25.

Carita anu panjang dina wangun lancaran (karangan bebas) nepi aya babagiananan disebut....

a)

Warta

b)

Artikel

c)

Novel

d)

Carpon