WorksheetsLatihan US 1 Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaéta .....
Wilujeng énjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.
Dina raraga miéling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kémping di Bumi Perkémahan Cibubur.
Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh sadérék sadaya pikeun kaséhatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.
Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kaséhatan lingkungan.
Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat nu eusina pangajak, iwal ....
Sing Irit Maké Listrik
Sing Taat Mayar Pajeg
Singkahan Narkoba
Sing Getén Miara Leuweung
Kecap pananya keur naroskeun ngaran jalma nyaéta ….
iraha
saha
kumaha
sabaraha
Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....
Malin Kundang
Jaka Tarub
Sangkuriang
Gatot Kaca
Kalimah nu merenah ngagunakeun tata basa ragam hormat, nyaéta .......
Pa guru angkat ka sakola.
Pa Jaja nuju dahar di Kantin.
Bu Lala arék meuli béas.
Ema nuju neda di dapur.
“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”
ka tukang
ka payun
ka pengker
ka warung
Rempug jukung sauyunan hartina nyaéta ….
Paraéa waé
Sahaté silih tulungan
Sorangan waé
Séwang séwangan
Pohoan
Wayah kieu Wandi masih kénéh ulin di buruan jeung babaturanana. Padahal geus burit.Saeugeus cingciripit barudak kontan baruriak lalumpatan, nyumput pabuni buni, Nu kapanggih kakara saurang nyaéta Béni,Ari nu séjénna can kapanggih.
Béni : Enggeusan wé ahhh …
Udin : Naha? Pan can kapanggih kabéh?
Béni : yu ah . . urang balik wé…can mandi sieun dicarékan deui, ku si bapa
Sararéa bubar.Nepi ka imah,Udin tepung jeung bapana.
Udin : Keur naon, Pa?
Bapa : Keur ngoméan stop kontak, geus rusak.
Indung: Suujaang ….geura ibak.
Udin : Muhun, Mah. Geuning kamar teh poék.Mah?
Indung : Hurungkeun wé atuh,naon héséna!!!
Barang cet,kereced!!! Awak Udin kontan ngageter.
Udin :Bapp…aaahhh….Si Bapa mah….Udin tibang calawak.Teu bisa ngagorowok.
Tuntungna ngedeprek leuleus. Udin pohoeun yén stop kontakna keur diomékeun ku bapana.Aaahh…..dasar pohoan …
Dina paguneman di luhur saha nu ngajak enggeusan ucing sumput téh ….
Udi
Yuni
Wandi
Béni
Kacaritakeun jaman baheula di Tatar Sunda, aya hiji kulawarga nu eusina ku budak awéwé kabéh, opatan. Indung bapana geus lila maot. Si bungsu ngaranna Nyi Bungsu Rarang, masih léléngohan ari lanceuk-lanceukna geus karawin. Hiji mangsa si Bungsu keur nyeseuh di Cigedé. Ningali lauk dina cai nu sakitu alusna. Anéhna lauk téh bet nurut ka si Bungsu. Atuh lauk teh dicokot terus dibawa ka imah jang diingu di balong di pakarangan imah. Barang lauk geus gédé, sagedé pingping munding dewasa, meureunan. Lanceuk-lanceukna harayangeun eta lauk, rék dipais. Padahal si Bungsu moal wanieun da geus dianggap batur sorangan sarta dibéré ngaran leungli. Gancangna carita antukna lauk téh dipais ku lanceuk-lanceukna teras dituang, nyesakeun huluna keur si Bungsu. Si Bungsu ceurik kanyenyerian bari ngubur hulu lauk hareupeun imah. Isukna pecenghul jadi kembang eros nu kacida éndahna.
Dongéng si leungli asalna ti daérah ....
Sumatra Barat
Jawa Barat
Jawa Timur
Kalimantan Barat
Ajat : " Ki, ningal henteu waktos Eroh kénging hadiah ti Présidén ?"
Kiki : " Kaleresan harita téh henteu. Hadiah naon kitu, Jat ?"
Ajat : " Kapan Ma Eroh téh kénging hadiah Kalpataru ".
Nu ngajak ngobrol ka Kiki nyaéta ....
Ajat
Kiki
Ma Eroh
Présidén
Beungeut marahmay nuduhkeun ....
ambeuk
keuheul
gumbira
ngéwa
Ceuk Ema
Malati téh kembang bodas
Leutik, tapi éndah ku leutikna
Camperenik tur nyambuang seungitna
Eusi sajak di luhur nyaéta ....
Erna kulitna bodas
seungit jeung éndah kembang malati
leutik jeung gedé kembangna
seungitna meleber
Rarangkén anu aya dina kecap paalus-alus nyaéta ....
- lus
- lus -
- pa -
pa-
(1) sing getol minum jajamu
(2) nu guna dunya akhérat
(3) nu guna nguatkeun urat
(4) sing getol néangan élmu
Sisindiran di luhur disusun anu bener.
Urutanana nyaéta ....
1 - 4 - 3 - 2
1 - 3 - 4 - 2
4 - 2 - 1 - 3
4 - 3 - 2 - 1
Bakat ku ambek napsuna mani ....
ngahégak
hareusheus
ngarénghap
ngagedur
Kinanti
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Kalayang kakalayangan
....
Kalimah nu bener keur nuluykeun pupuh
di luhur nyaéta ....
sarupaning bubuahan
néangan bubuahan
néangan nu amis-amis
néangan baé nu kapanggih
Asmarandana
Ěling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar nya lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Tiap padalisan diwangun ku ... engang
4
6
10
8
....
Aya warung sisi jalan ramé pisan -
Citaméng
Awéwéna luas luis geulis pisan -
ngagoréng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét
nyangéréng
Durma
Sinom
Balakbak
Magatru
Kecap mulih anu bener tur luyu aya dina kalimah….
Abdi mulih ti sakola tabuh lima sonten.
Pami abdi mulih ti sakola sok naek angkot.
Bapa mulih ti kantor tabuh opat sonten.
Ibu mulih ka pasar enjing-enjing
Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan réréncangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketikabingahan ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngajarkeun ka abdi sagala rupi hal.
Mugia naon rupi anu parantos diajarkeun ku bapa sareng ibu guru ka urang, tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaéan manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Simpulan eusi biantara di luhur nyaéta….
Bapak Ibu guru anu parantos ngajar ka barudak kelas 6.
Ngadugikeun rasa nuhun ka Bapa Ibu guru dina acara pileuleuyan.
Barudak kelas 6 nuju arulis di tempat wisata sareng guruna
Mugi-mugi ilmu ti bapa ibu guru manfaat kanggo urang sadayana
