Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Susulan dan Remedial PAT B. Sunda kls 6

Total questions: 20

Worksheet time: 17mins

Name
Class
Date
1.

Wacana

Kaulinan cingciripit atawa sok aya ogé nu nyebut dingding kiripit. Kaulinan ieu cukup ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salah saurang namprakeun leungeun, ari nu séjénna neundeun curuk kana dampal leungeun nu di tamprakkeun bari ngawih cingciripit. Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun.Tujuanna pikeun nyapit curuk téa.


Dina bacaan di luhur, kaulinan cingciripit téh sok aya ogé nu nyebutna ….

a)

éncrak

b)

dingding kiripit

c)

éngklé

d)

dingding kacapit

2.

Ieu di handap ngaran kaulinan barudak, iwal …

a)

congkak

b)

cingciripit

c)

ciréng

d)

gatrik

3.

He barudak kudu mikir ti leuleutik,

Manéh ka hutangan,

Ku kolot ti barang lahir,

Nepi ka ayeuna pisan.


Dina pupuh maskumambang di luhur, urang kahutangan ku kolot.

Nu di sebut kolot urang téh nyaéta….

a)

Indung jeung bapa

b)

Nini

c)

nini jeung aki

d)

aki

4.

Baca pupuh Balakbak di handap ieu!


Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng

Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng

Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng


Ieu di handap mangrupakeun watek pupuh di luhur, iwal….

a)

pikaseurieun

b)

lulucon

c)

banyol

d)

bingung

5.

Tsunami

Taun taun nu kalangkung

Di Acéh aya tsunami

Di tungtung Pulo Sumatra

Réa jalma keuna pati

Kabawa cai sagara

Kana haté matak ngeri


Taun nu kalangkung aya ka jadian tsunami, réa jalma keuna pati ka bawa …

a)

cai sagara

b)

kana haté

c)

matak ngeri

d)

tsunami

6.

NGANJANG

Pa Gumilar jenenganana téh.. Anjeuna guru SD di Garut.Istrina jenenganna Bu Eulis.Putrana aya dua, hiji pameget hiji istri. Putra nu pameget wastana Risal,ari nu istri wastana Néndén. Risal sakolana di SMP kelas 7. Raina mah sakolana di SD kelas 4. Kulawarga Pa Gumilar hirup rukun sauyunan. Hiji waktos Pa Gumilar kasumpimngan rakana ti Bandung. Jenenganna wa Jéjén.


Istrina Pa Gumilar dina bacaan di luhur nami na Bu .…

a)

Néndén

b)

Jéjén

c)

Eulis

d)

Risal

7.

Pa Jéjén rakana Pa Gumilar, janten Risal ka Pa Jéjén nyebatna ….

a)

wa

b)

aki

c)

emang

d)

alo

8.

Putrana nu pameget wastana Risal.

Kecap wastana hartina ….

a)

landihan

b)

sebutan

c)

ngaran

d)

banyolan

9.

Urang kudu ngalobakeun … jeung baraya téh

a)

hormat

b)

kumpul

c)

ulin

d)

silaturahmi

10.

Rempug jukung sauyunan hartina nyaéta ….

a)

paraséan waé

b)

sahaté silih tulungan

c)

sorangan waé

d)

sewang sewangan

11.

Kecrik keur diayuman ku Mang Uhén.

Kecap diayuman saharti jeung, iwal ….

a)

dioméan

b)

dialusan

c)

disoékan

d)

dibenerkeun

12.

Barudak keur … majalah di téras.


Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur.

a)

dibacaan

b)

macaan

c)

dibacakeun

d)

macakeun

13.

Paribasa Soméah hadé ka sémah hartina nyaéta…

a)

urang ngéwa ka tamu

b)

urang keur tatamu

c)

urang ngahaja tatamu

d)

urang kudu hadé ka tamu

14.

Pohoan

Wayah kieu Udin masih kénéh ulin di buruan jeung babaturanana. Padahal geus burit. Saeunggeus cingciripit barudak kontan baruriak lalumpatan, nyumput pabuni buni, Nu kapanggih kakara saurang nyaéta Beni, Ari nu séjénna can kapanggih.


Béni : Enggeusan wé ahhh …

Udin : Naha? Pan can kapanggih kabéh?

Beni : yuah . . urang balik we…can mandi sieun dicarékan deui, ku si bapa

Sararéa bubar.Nepi ka imah, Udin tepung jeung bapana.

Udin : Keur naon, Pa?

Bapa : Keur ngoméan stop kontak, geus rusak.

Indung : Suujaang ….geura ibak.

Udin : Muhun, Mah. Geuning kamar téh poék.Mah?

Indung : Hurungkeun wé atuh, naon héséna!!!

Barang cét,kerenyed!!! Awak Udin kontan ngageter.

Udin : Bapp…aaahhh….Si Bapa mah….Udin batan calawak.Teu bisa ngagorowok.

Tuntungna ngedeprek leuleus. Udin pohoeun yen stop kontakna keur diomékeun ku bapana. Aaahh…..dasar pohoan …


Dina paguneman di luhur saha nu ngajak enggeusan ucing sumput téh ….

a)

Udi

b)

Yuni

c)

Wani

d)

Béni

15.

Pohoan

Wayah kieu Udin masih kénéh ulin di buruan jeung babaturanana. Padahal geus burit. Saeunggeus cingciripit barudak kontan baruriak lalumpatan, nyumput pabuni buni, Nu kapanggih kakara saurang nyaéta Beni, Ari nu séjénna can kapanggih.


Béni : Enggeusan wé ahhh …

Udin : Naha? Pan can kapanggih kabéh?

Beni : yuah . . urang balik we…can mandi sieun dicarékan deui, ku si bapa

Sararéa bubar.Nepi ka imah, Udin tepung jeung bapana.

Udin : Keur naon, Pa?

Bapa : Keur ngoméan stop kontak, geus rusak.

Indung : Suujaang ….geura ibak.

Udin : Muhun, Mah. Geuning kamar téh poék.Mah?

Indung : Hurungkeun wé atuh, naon héséna!!!

Barang cét,kerenyed!!! Awak Udin kontan ngageter.

Udin : Bapp…aaahhh….Si Bapa mah….Udin batan calawak.Teu bisa ngagorowok.

Tuntungna ngedeprek leuleus. Udin pohoeun yen stop kontakna keur diomékeun ku bapana. Aaahh…..dasar pohoan …


Awak Udin ngageter, teu bisa ngagorowok, leuleus ngedeprek, lantaran…

a)

pohoeun stop kontak keur diomékeun

b)

pohoeun lampuna teu di caangkeun

c)

pohoeun kamarna dikonci

d)

pohoeun kamarna poék

16.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketikabingahan ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngajarkeun ka abdi sadaya seueur hal.

Mugia naon rupi anu parantos diajarkeun ku bapa sareng ibu guru ka urang, tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.


Simpulan eusi biantara di luhur nyaeta….

a)

Bapak Ibu guru anu parantos ngajar ka barudak kelas 6.

b)

Ngadugikeun rasa nuhun ka Bapa Ibu guru dina acara pileuleuyan.

c)

Barudak kelas 6 nuju arulin di tempat wisata sareng guruna

d)

Mugi-mugi ilmu ti bapa ibu guru manfaat kanggo urang sadayana

17.

Paguneman


Ani : “Lia, pan aya tugas basa Sunda, kumaha tos didamel teu acan ?”

Lia : “Tugas nu mana, sareng halaman sabaraha nya ?”

Ani : “Halaman 15, kumaha tos didamel tugasna teu acan ?”

Lia : “Aduh!, muhun teu acan nya, kumaha atuh ?, mangkaning enjing aya pangajarannana nya ?”

Ani : “Muhun, jabi deuih abdi teu ngartos, kumaha atuh nya ?”

Lia : “Hmm, kieu wé atuh, engke saatos uih ti sakola, urang midamel eta tugas sasarengan.”

Ani : “Muhun atuh kitu, tapi uih heula nya, gentos acuk heula.”


Iraha Ani sareng Lia midamel tugas basa sunda teh?

a)

uih ti sakola

b)

nuju di sakola

c)

wengi

d)

énjing-énjing

18.

Kecap mulih anu bener tur luyu aya dina kalimah….

a)

Abdi mulih ti sakola tabuh lima sonten.

b)

Pami abdi mulih ti sakola sok naék angkot.

c)

Bapa mulih ti kantor tabuh opat sonten.

d)

Ibu mulih ka pasar enjing-enjing.

19.

.... , pang nyokotkeun buku dina lomari !


Kecap anu bener keur ngalengkepan kalimah paréntah di luhur nyaéta ….

a)

ulah

b)

cik

c)

hayu

d)

héy

20.

Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan


....


Kalimah nu bener keur nuluykeun pupuh di luhur nyaéta ….

a)

sarupaning bubuahan

b)

néangan nu amis-amis

c)

neangan bubuahan

d)

néangan baé nu kapanggih