NEW
Font size
WorksheetsEvaluasi Carita Pondok
Total questions: 10
Worksheet time: 8mins
Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Ieu karya sastra téh mangrupa karya sampeuran. Ukuran pondok dina carpon bisa katitén tina jumlah kecap pangwangunna, nya éta ....
10.000 – 20.000 kecap
1.000 – 5.000 kecap
1.000 – 2.000 kecap
50 -150 kecap
5.000 – 10.000 kecap
Dina sajarahna carpon téh pangaruh sastra deungeun, nu kungsi nyicingan Nusantara. Nagara nu mawa carpon ka Indonesia téh nya éta ....
Jepang
Jerman
Walanda
Portugal
Inggris
Awal kamekaranana mah istilah carpon bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Taun 1930, medal buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka. Judul kumpulan carpon munggaran nu aya di Tatar Sunda nya éta...
Dogdog Pangréwong karya GS
Lain Éta karya Moh. Ambri
Papacangan karya Rusman Sutiasumarga
Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi
Dongéng Énténg ti Pasantrén karya R.A.F
Novel munggaran dina sastra Sunda nu dikarang ku Daeng Kanduruan Ardiwinata (DK Ardiwinata) dina taun 1914 teh nya eta ...
Panganten
Baruang ka Nu Ngarora
Pipisahan
Galuring Gending
Perang Bubat
Nepi ka kiwari novel Sunda terus ditarulis, boh ku pangarang heubeul boh ku pangarang ngora. Rupa-rupa hadiah sastra dipasrahkeun pikeun pangarang novel, diantarana Nu Kaul Lagu Kaleon karya Rahmatulloh Ading Affandie meunang hadiah sastra Rancage. Naon anu dimaksud hadiah sastra Rancage teh?
Hadiah nu husus dipasrahkeun pikeun buku sastra Sunda nu pangpunjulna unggal taun.
Hadiah nu husus dipasrahkeun ku Universitas Pendidikan Indonesia pikeun sastra Sunda
Hadiah nu husus dipasrahkeun ku Lembaga Basa jeung Sastra Sunda
Hadiah nu husus dipasrahkeun ku D.K Ardiwinata
Hadiah nu husus dipasrahkeun ku Majalah Mangle
Carpon jeung dongéng mangrupa karya sastra wangun prosa anu ukuranana rélatif pondok. Ngan, sanajan pondok éta dua karya sastra téh tangtu aya bédana utamana dina carita anu dipibandana. Carita dina carpon umumna réalistias, sedengkeun dina dongéng mah ...
Wangun tinulis
Pamohalan
Nyaritakeun sasatoan
Komunikatif
Éksprésif
Ti baréto gén manéhna geus nyaho, yén ahir-ahirna mah kudu miang, indit ti tempatna ngumbara ayeuna. Osok dipopohokeun, ku ngahaja bebenah, bebetah, tapi teu beunang. Ingetan yén hiji mangsa kudu indit osok datang rerencepan, di mana rék ngagolédag saré; atawa mun lilir tengah peuting; atawa mun keur leumpang di tengah kota anu harénghéng; atawa di mana baé, teu katalian ku tempat jeung wayah.
Suasana nu karasa tina sempalan carpon di luhur nya éta ...
Bagja
Ambek
Guligah
Hanjakal
Nalangsa
Walungan keur sedeng caah. Kadéngé sora anu ngaguruh. Sanajan teu katémbong, keur meumeujeuhna poék peuting, moal henteu caina motah umpalan. Deukeut tangkal loa, aya nu ngelemeng nangtuung. Barang éta anu ngelemeng téh ngajuringkang rék crub meuntas, kadéngé aya anu ngomong.
Unsur intrinsik nu dominan dina sempalan téks di luhur nya éta...
Palaku
Latar
Watek
Amanat
Puseur sawangan
Kacipta ku anjeunna nalika anjeunna sasat paduduaan jeung kapiraina. Ngaraos anu asih dipulang sengit, niat mah rék ngélingan, anggur kalah jadi gugujrudan. Tapi anjeunna henteu ngaraos kaduhung, sabab naon anu ku anjeunna dipilampahkeun téh geus meunang nimbang-nimbang.
Amanat nu merenah tina sempalan téks di luhur téh nya éta ....
Ulah indit sosoranganan
Saupama rék ngalakukeun hiji hal kudu diniatan ti awal
Kudu bageur jeung kapirai
Saméméh ngalakukeun hiji hal kudu ditimbang-timbang sangkan teu kaduhung ahirna
Kudu ngimpleng kaayaan nu bakal lumangsung
Srangéngé geus hibar, sinarna karasa haneut.
Tina kalimah di luhur kapanggih yén waktu dina éta carita nuduhkeun ...
Beurang
Subuh
Soré
Peuting
Janari
