WorksheetsSOAL US BAHASA SUNDA
Total questions: 35
Worksheet time: 45mins
ENGKOS KOSWARA, lahir tanggal 20 Juni 1965, di Cisarua, Bogor. Lulus ti SMP taun 1981 henteu bisa nuluykeun sakola lantaran kolotna ripuh teu bogaeun biaya, sanajan kitu Pa Engkos henteu putus asa.
Manehna satekah polah mekarkeun bakatna nyaeta nyieun barang-barang karajinan pikeun cnderamata. Lain meunang sakola atawa kursus bisa nyieun barang karajinan teh, tapi ku kadaekna sorangan.
Ku sabab leukeun jeung daria digawe, barang karajinan jieunan Pa Engkos tuluy kawentar. Rupa-rupa cinderamata jieunan Pa Engkos kayaning wayang, paparahuan, jeung patung boneka kiwari geus nyebar ka mana-mana.
Tina hasil digawena Pa Engkos bisa nyukupan kabutuh hirupna sapopoe sarta bisa nyakolakeun anakna. Di gigireun imahna di Cisarua ayeuna geus ngadeg sanggar, nyaeta tempat anu diancokeun pikeun sing saha bae anu hayang diajar nyieun barang karajinan. Taun 1998 manehna milu dina pameran barang karajinan, sarta meunang penghargaan ti pamarentah.
Teks bacaan diluhur teh mertelakeun ngeunaan…
A. Cinderamata jieunan Engkos Koswara
B. Lalakon hirup Engkos Koswara
C. Pa Engkos kawentar
D. Meunang pangajen ti Pamarentah
Engkos Koswara téh kaahlianana nu kawentar nyaeta…
A. nyieun rupa-rupa cinderamata
B. tukang dagang karajinan
C. Nguriling ka saban Nagri
D. paparahuan jeung patung boneka
Babaran kalimah dihandap ieu anu bener nyaeta…
A. Bakat teh lamun dimekarkeun kalawan tekun usaha bisa ngahasilkeun
B. Hasil usaha bisa mekarkeun bakat
C. Usaha mah teu kudu mekarkeun bakat
D. Bakat ku usaha jadi bakat mekar
Kacindekan tina bacaan di luhur teh nyaeta…
A. Karajinan nu di jieun ku pa Engkos Koswara rupa-rupa
B. Tina hasil gawena Pa Engkos Koswara bisa nyukupan kabutuh hirupna jeung bisa nyakolakeun anakna.
C. Pa Engkos Koswara henteu putus asa
D. Teu kabeh jalma bisa cara Pa Engkos Koswara.
Baca heula teks Wawancara di handap ieu!
Asih : “Di kawitan nya mang? Tah ari nami mamang teh saha, sareng aslina ti mana?”
Mang jumadi : "Nami mamang jumaedi, tiasa disebut oge mang enjum, abdi aslina ti garut.”
Asih : Parantos sabaraha lami mamang icalan nasi goreng teh?”
Mang jumadi : Kirang langkung atos aya kana 3 sasih mah, ti saprak ngalih kadieu weh.”
Asih : “Dupi Mamang
ngical sangu goreng teh ngawitan ti tabuh sabaraha? Teras sareng dugi ka tabuh sabaraha wae?
Mang jumadi : "Ngawitan
kaluar ti rorompok mah ti tabuh 5 sonten, teras uihna tabuh 12 wengi. Mung kadang mah tabuh 10, 11 oge lamun parantos seep mah, mamang tos uih.
Asih : “Mang sok kengeng saberaha artos tina icalan sangu goreng teh?”
Mang Juamadi : “Ah teu tangtos, yah.. namina oge jalmi icalan kadang nuju ageng kadang mah alit panghasilana.”
Asih :"Salila icalan nasi goreng naha aya suka dukana mang?"
Mang Jumadi : "Nya biasalah namina oge icalan, lamun dukana mah paling oge ngan ukur lamun sepi hungkul nu meserna, sukana nya lamun tiasa seueup icalana."
Asih : "Manawi aya tips mang supados urang tetep rajin dina ngajalankeun hiji perjuangan sapertos icalan kieu?"
Mang Jumadi : "Nya intina mah urang kedah lakonan wae perjuangan nanaon oge, sarta kudu daek getol tina usaha, insya allah engke niscaya aya jalana."
Dina teks wawancara diluhur aya nu ngawawancara jeung aya narasumber. Mang Jumadi dina eta wawancara nyaete salaku…
A. Nu ngawawancara
B. Narasumber
C. pedagang
D. nu meuli
Mang Jumadi teh lembur asalna nyaeta . . . .
A. Ciamis
B. Sumedang
C. Garut
D. Bandung
Mang Jumadi dagang nasi goreng unggal poe rata-rata waktuna…
A. Jam 5 sonten nepi ka jam 12 wengi
B. jam 12 wengi nepi ka jam 5 sonten
C. Jam 10 nepi ka jam 11
D. Ti isuk-isuk nepi ka wengi
“Kirang langkung kana 3 sasih mah,ti saprak ngalih ka dieu we”
Kalimah pananya nu luyu jeung kalimah di luhur.
A. Timana kawit Mamang teh?
B. Parantos sabaraha lami mamang icalan sangu goreng?
C. Iraha mamang ngawitan icalan?
D. sabaraha kekengengan unggal dintena?
Endahna Alam Priangan
Alam Priangan nu endah
panon nempo rasa betah
hejo tatangkalan nyarah
taneuh subur kebon sawah
Endahna alam Priangan
loba jalma daratangan
lobana jalma nu datang
tong matak nagruksak urang
Kecap purwakanti nu ditembongkeun dina sajak diluhur ngabogaan pola sora ( Sajak )
A. a-b a-b
B. a-a a-a
C. a-b-c a-b-c
D. a-a b-b
Loba jalma nu daratang, tong matak ngaruksak urang.
Kecap nu dicitak miring bangbalikanana….
A. Ngacowkeun
B. teu malire
C. miara
D. nempokeun
Loba jalma nu daratang, tong matak ngaruksak urang.
Sajak diluhur hiji babaran anu ngandung harti…
A. Tatangkalan nu harejo
B. Sawah jeung kebon anu subur
C. alam Priangan anu endah
D. loba jalma nu daratang
Dina pada sajak diluhur aya kecap” betah”. Eta kecap saharti jeung…
A. teu hayang ingkah
B. hareudang
C. jongjon nempo
D. taneuh subur
NYALAMETKEUN MAHLUK HIRUP
Poe Minggu isuk-isuk kira kira wanci maju ka haneut moyan,nya kira-kira jam dalapanan.
Ika geus siap-siap maksudna rek milu ka sawah jeung Indungna, meungpeung pere sakola cenah.
Sanggeus tarapti sagala rupa nu rek dibawa, bring we Ika jeung Indungna mangkat ka Sawah.
Ika ngiclik tukangeun Indungna bari teu weleh rurat-reret ka sabudeureun jalan anu ka liwatan, gumbira pisan sigana teh.
Barang geus tepi duanana langsung muru ka saung.
“Dagoan didieu Ika!”Ceuk Indungna ka Ika.”Ema rek neang heula pibuateun.”
“ Muhun manga Ma.”Ceuk Ika bari gek diuk dina bale-bale nu aya di jero saung.
Barang Ika geus diuk can sabaraha lila ujug-ujug “ Galaprak…..” Kareungeu sada aya nu ngagalaprak pipireun saung,Ika curinghak semu nu reuwas hatena rumanjug. Tapi teu lila panasaran koreleng Ika muru ka pipir saung. Enya we aya nu kekeleperan dina jeroeun jukut.”cuit…cuit…cuit. Kareunge sora cucuitan.Panasaran jukut teh ku Ika disuaykeun.
“ Eee… geuning manuk!” Gerentes hate Ika. Kerewek manuk teh di tewak.
“Karunya teuing, kunaon anjeun teh ?.Ceuk Ika,naya kawas ka jalma. Tapi nu di tanya teu ngawaro da puguh manuk.
Hate
Ika jumerit, ngahelas nenjo manuk jangjangna eumeur sabeulah, sigana tatuna teh
aya nu ngatepel.
Gancang manuk teh dibawa ka saung maksudna rek di ubaran.
“Mhh.. deudeuh teuing…,cing ku kami urang ubaran.” Ceuk Ika bari kurah-koreh sugan aya piubareun.
Kodehel
teh manggih koneng sagede indung leungeun, tuluy dipekprek, geus kitu terus
dibalurkeun kana jangjang manuk nu eumeur tea. Manuk teh cicing deuih bangun
anu tumarima.
Tuluy manuk teh dileupaskeun tina keupeulanana.
“He..manuk lamun anjeun cageur,jung geura hiber jeung batur anjeun nu haliber!” Kitu ceuk Ika.
Nu jadi latar tempat dina carpon diluhur nyaeta…
A. Di lembur
B. di kebon
C. di saung
D. di sawah
Nu jadi latar waktu dina carita pondok di luhur nyaeta.
A. Poe Minggu isuk – isuk
B. waktu ngubaran manuk
C. jam salapan
D. haneut moyan
Kodehel teh manggih koneng sagede indung leungeun, tuluy dipekprek, geus kitu terus dibalurkeun kana jangjang manuk nu eumeur tea. Manuk teh cicing deuih bangun anu tumarima.
Tuluy manuk teh dileupaskeun tina keupeulanana.
“He..manuk lamun anjeun cageur,jung geura hiber jeung batur anjeun nu haliber!” Kitu ceuk Ika.
Tema anu luyu pikeun potongan carpon di luhur nyaeta.
A. Manuk dileupaskeun
B. Nulungan manuk
C. Manuk bangun tumarima
D. manggih piubareun
Hate Ika jumerit, ngahelas nenjo manuk jangjangna eumeur sabeulah, sigana tatuna teh alatan aya nu ngatepel.
Kecap nu kaasup ngagunakeun rarangken tengah dina kalimah di luhur nyaeta.
A. Ngahelas
B. ngatepel
C. jumerit
D. jangjangna
Loba pisan rupana kadaharan teh, aya comro, misro, kelepon gemblong, aya anu bahana tina ketan,saperti : Ulen. Opak, bugis, lemper, jrrd. Masih keneh loba rupa-rupa kadaharan boh anu bahana tina sampeu atawa anu tina ketan. Eta kabeh hasil kabinekasan bangsa urang.
Aya oge kadaharan anu asalna tina alam, tutuwuhan atawa tina hayawan, ieu mah kacida pentingna,komo bangsa lauk mah mangpaatna gede pisan keur kasehatan.
Paragraf diluhur teh teu aya judulna. Judul anu luyu pikeun paragraf kasebut.
A. Mangfaat kadaharan
B. rupa-rupa kadaharan
C. kabinekasan bangsa urang
D. kadaharan anu penting
Diantara rupa-rupa kadaharan teh aya nu leuwih mangfaat ker kasehatan.diantarana lauk cai gede pisan mangfaatna pikeun…
A. bisa ngencerkeun uteuk
B. deungeun sangu
C. narikeun sora
D. sare tibra
Masih keneh loba … boh anu bahana tina sampeu atawa tina ketan.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur.
A. Bahan.
B. rupa-rupa
C. kadaharan
D. mangfaat
Loba pisan rupana kadaharan teh, aya comro, misro, kelepon gemblong, aya anu bahana tina ketan,saperti : Ulen. Opak, bugis, lemper, jrrd. Masih keneh loba rupa-rupa kadaharan boh anu bahana tina sampeu atawa anu tina ketan. Eta kabeh hasil kabinekasan bangsa urang.
Aya oge kadaharan anu asalna tina alam, tutuwuhan atawa tina hayawan, ieu mah kacida pentingna,komo bangsa lauk mah mangpaatna gede pisan keur kasehatan.
Dina eta paragraf nu jadi pikiran utamana nyaeta…
A. Kadaharan bahana tina sampeu
B. rupa-rupa bahan kadaharan
C. bahan kadaharan tina ketan
D. loba pisan rupana kadaharan
Kawih: Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
Tulang setra mulang lemah
Babakti nyungkem pertiwi
Cikal bugang putra bangsa
Nyatana pahlawan Toha
Pahlawan Bandung selatan
Patriot ti Dayeuh Kolot
Tugu diwangun ngajadi ciri
Tarate nu mangkak ligar di empang
Jadi ciri gugurna pahlawan Toha
Rumpaka kawih di luhur teh ngebrehkeun…
A. Kareueus ka Pahlawan Toha
B. kareueus ka bandung selatan
C. kareueus kana tarate
D. kareueus ka Dayeuh Kolot
Dina rumpaka di luhur aya kecap nu mangrupa kecap rajekan. Nu kaasup kecap rajekan nyaeta.
A. Pahlawan
B. babakti
C. nyungkem
D. diwangun
Kecap nu ngebrehkeun pakasaban dina rumpaka kawih di luhur.
A. Tulang setra
B. dayeuh kolot
C. cikal bugang
D. pahlawan
Kalimah anu aya pakaitna jeung waktu,diebrehkeun ku kalimah.
A. Tugu diwangun ngajadi ciri
B. tarate nu mangkak ligar di empang
C. pahlawan bandung selatan
D. nyatan pahlawan toha
Assalamualaikum Wr.Wb
Dina danget ieu abdi bade
ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.
Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten kalawan cara anu sehat. saperti meresihan awak waktu urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.
Teks di luhur mangrupakeun bagian tina pidato.
A. Eusi pidato
B. bubuka pidato
C. panutup
D. titimangsa
Dina danget ieu abdi bade
ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.
Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten kalawan cara anu sehat. saperti meresihan awak waktu urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.
Ditilik tina basa jeung kalimat anu diebrehkeun dina paragraph di luhur, masalah nu bakal diguar nyaeta masalah…
A. Kasehatan
B. kaamanan
C. kahirupan
D. kadaharan
Dina danget ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.
Kecap anu dicitak miring dina kalimah diluhur, saharti jeung.
A. Basa
B. tempat
C. waktu
D. poe
dina dangeut ieu abdi bade ngadugiken peuntingna kasehatan.
Cara panulisan sarta ejahan anu bener pikeun kalimah diluhur.
A. Dina dangeut ieu abdi bade ngadugiken pentingna ka sehatan.
B. dina danget ieu Aabdi bade ngadugiken peuntingna kasehatan.
C. dina Dangeut ieu abdi bade ngadudugiken peuntingna kasehatan.
D. Dina danget ieu abdi bade ngadugikeun pentingna kasehatan.
Pupuh Mijil
Yeuh manusa timimiti lahir
Tug nepi kakolot
Hirup mo bisa nyorangan bae
Butuh batur silih pikaasih
Masing hade budi
Hirup kudu akur
Pupuh mijil ngabogaan guru lagu jeung guru wilangan anu sarua dina padalisan kahiji jeung padalisan kaopat nyaeta.
A. 6 – o
B. 10- a
C. 10- i
D. 6-i
Yeuh manusa timimiti lahir
Tug nepi kakolot
Hirup mo bisa nyorangan bae
Butuh batur silih pikaasih
Masing hade budi
Hirup kudu akur
Pupuh mijil diwangun kusababaraha padalisan,jumlah padalisanana nyaeta.
A. 7 padalisan
B. 12 padalisan
C. 10 padalisan
D. 6 padalisan
Dina rumpaka pupuh mijil kapanggih aya kecap nyorangan,asalna tina kecap sorangan. Nyorangan ngandung harti...
A. Bisa ku sorangan
B. Resep hirup sorangan
C. Bongan sorangan
D. Arek sorangan
Pupuh mijil ngabogaan watek prihatin. Loba pupuh anu sawatek jeung pupuh mijil diantarana...
A. Maskumambang, wirangrong, jurudemung
B. Durma, pangkur, magatru
C. Balakbak, sinom, kinanti
D. Gurisa, pucung, lambang
Hirup sauyunan
Poe saptu isuk isuk, barudak kelas 6 geus ngarumpul di teras kelas bari nyarepengan parabot paranti beberesih. Ayanu nyepengan sapu,lap pangepel, kumoceng ,ember pengki,jrrd.
Upik nujadi ketua kelasna sigap pisan dina makieuhkeun babaturanana,sarta gede tanggung jawabna.
“ batur-batur, hayu urang mimitian beberesih.
“ Hayu......” Ceuk barudak mani reang.
“Nya sok atuh, nu geus nyepeng sapu sasapu.kitu deui nu nyepeng pangepel, gunakeun parabot saluyu jeung kagunaanana.”Ceuk upik bari panona ngareret ka si Kuyu.
“Eee...Kuyu naha maneh kalah nyempod di juru?” Upik nanya semu nu kaget.
“Ah,urang mah nyeri beuteung moal milu beberesih.”Ceuk si Kuyu.
Can oge Upik ngajawab, jol celetuk aya nu nyora.
“Ah....si Kuyu mah alesan, da ngedul si eta mah.”
“Ih... ulah kitu, ari teu gering mah tong apai-api. Pan urang teh perlu hirup sauyunan,silih bantuan, gawe bareng.beh teu cape.” Ceuk Upik sorana tanes tapi teu ambek.
Teks diluhur teh ngebrehkeun hal penting nyeta masalah.
A. Si Kuyu budak ngedul
B. Upik ketua kelas
C. Hirup sauyunan
D. Kelas genep beberesih
Watek jeung sifat jalma teh beda-beda. Kumaha ari watek Upik
A. Judes
B. Cicingeun
C. Tegas jeung hampuraan
D. Kedul
Kecap paribasa nu luyu pikeun ngagambarkeun kaayaan dina carita di luhur.
A. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak
B. Buruk-buruk papan jati
C. Cikaracak ninggang batu
D. Saherang herangna ci beas
