NEW
Font size
WorksheetsPAT Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 3hrs 20mins
Di handap aya wacana, pék ilo (baca jero haté) sing gemet!
Sasakala Japati Sukuna Beureum Jaman baheula, sato anu panggagahna téh hayam. Kabéh sato sarieuneun, sabab jaba ti gagah téh, bisa hiber deuih. Nénjo buluna ogé sato nu laleutik mah pada ajrih. Kawantu boga pakarang ampuh nyaéta siih anu ngelik seukeut. Jaba ti éta, boga pamatuk ngeluk jeung ramo-ramo suku ranggaos paranti nyakar musuh deuih. Payus, tegep rupa, makuta anu nyéngclé dina sirahna nambihan sieup ka dirina nu jadi taméng nagara. Ngan hanjakalna boga sipat angkuh jeung sombong.
Dina hiji waktu, manéhna ngaronda. Keur jongjon kakalayangan karérét ku juru panonna aya nu gugurilapan di luhureun, hihiberan. Nempo aya nu kakalayangan, napsuna mimiti naék. Harita kénéh biur ngapung ngudag kanu keur kakalayangan téa. Teu tata pasini deui tuluy dicehcer dibintihan, atuh gepluk waé murag. Manahoréng manéhna téh japati.
“Karasa siah, sato teu boga kasopanan, tah kitu buktina!” pokna bari najong japati nu geus teu walakaya. Boro-boro bisa ngomong. Haténa jumerit ménta tulung ka Déwata. Jeritna tembus ka langit kadangu ku Sunan Ambu.
“Manéh sato deleka teu boga ras-rasan, kusabab kitu jimat manéh dibawa deui, semét ayeuna moal bisa ngapung deui!” sakadang hayam ceurik, tapi teu bisa kukumaha. Manuk japati ku Sunan Ambu diubaran, hanjakal sukuna teu kaburu kabersihan. Numatak nepika ayeuna japati beureum sukuna.
Naon sababna hayam téh dianggap sato panggagahna?
Sabab boga pakarang mangrupa siih, pamatuk sarta ramo-ramo sukuna ranggoas.
Sabab boga makuta nu nyéngclé dina sirahna
Sabab Sato liana ngarasa ajrih ka hayam
Sabab boga bulu anu hadé tur bisa ngapung kakalayangan
Boro-boro bisa ngomong. Haténa jumerit ménta tulung ka Déwata. Jeritna tembus ka langit kadangu ku Sunan Ambu.
Numutkeun carita diluhur Sunan Ambu teh nyaeta ...
Nu dianggap sesepuh ku sakadang sato.
Panguasa langit nu bisa ngubaran sato
Putri Déwata ti Kahiayangan anu sakti.
Jalma anu tos sepuh tur dipika ajrih ku japati.
Dina hiji waktu, manéhna ngaronda. Keur jongjon kakalayangan karérét ku juru panonna aya nu gugurilapan di luhureun, hihiberan. Nempo aya nu kakalayangan, napsuna mimiti naék. Harita kénéh biur ngapung ngudag kanu keur kakalayangan téa. Teu tata pasini deui tuluy dicehcer dibintihan, atuh gepluk waé murag. Manahoréng manéhna téh japati.
Kalimah pananya anu luyu jeung paragraph kadua nya éta ...
Saha anu deleka teu boga ras-rasan téh?
Kumaha pasipatan hayam jaman baheula.
Saha nu nulungan japati téh?
Naon sababna japati dibintihan ku hayam?
Sasakala Japati Sukuna Beureum Jaman baheula, sato anu panggagahna téh hayam. Kabéh sato sarieuneun, sabab jaba ti gagah téh, bisa hiber deuih. Nénjo buluna ogé sato nu laleutik mah pada ajrih. Kawantu boga pakarang ampuh nyaéta siih anu ngelik seukeut. Jaba ti éta, boga pamatuk ngeluk jeung ramo-ramo suku ranggaos paranti nyakar musuh deuih. Payus, tegep rupa, makuta anu nyéngclé dina sirahna nambihan sieup ka dirina nu jadi taméng nagara. Ngan hanjakalna boga sipat angkuh jeung sombong.
Kalimah di handap anu luyu jeung paragraph kahiji nya éta ....
Payus, tegep rupa kawantu boga pakarang ampuh, hayam jadi sato panggagahna jaman harita
Jaman baheula Sato anu panggagahna tur jadi taméng nagara nya éta japati
Hanjakal sukuna teu kaburu kabersihan, nepi ka ayeuna japati beureum sukuna
Jaman harita, kawantu boga pakarang jeung makuta hayam jadi raja leuweung.
PERCUB NGEUNAAN PANGAJARAN MUATAN LOKAL
Gubernur Jawa Barat Ahmad Heriawan, Lc.,M.Si, geus ngaluarkeun hiji peraturan Nomer 69 Taun 2013 ngeunaan Pangajaran Muatan Lokal di Jawa Barat. Éta peraturan téh ditujukeun ka sakumna Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat sangkan ngalaksanakeun pangajaran Basa Sunda minangka pangajaran Muatan Lokal Wajib di sakola-sakola ti mimiti SD/MI tepika SMA/SMK/MA.
Eusi warta di luhurnya éta ...
Pergub ngeunaan guru basa Sunda
Pergub ngeunaan tempat diajar
Pergub ngeunaan waktu diajar
Pergub ngeunaan Pangajaran Muatan Lokal
Pakakas diluhur ngarana....
Jubleg jeung halu
Coet jeung mutu
kentongan
dulag
Ditilik tina fungsina, kalimah tanya eusina ....
nanyakeun hiji hal
maréntah hiji hal
méré informasi
ngébréhkeun rasa
Karasa nyebitna hate mun takbir ngetrokan ceuli
Aya talatah ti angin nu kungsi eunteupna pucuk-pucuk suji Amit jungjunan ....
Rék nawurkeun kernbang-kembang do'a sapitna tina hate
Ngocrotkeun cimata meunang nyiuk ti dasar muara cinta
Sempalan sajak di luhur judulna ....
takbir
talatah
do'a
lebaran
carita dongeng ngeunaan sato siga Uncal jeung Buaya disebut ...
Sajak
Novel
Fabel
Cerpen
Baca sempalan carita di handap pikeun ngajawab soal nomer 14-16!
Kacaritakeun di nagara pasirbatang aya hiji raja tos sepuh pisan. geus meujeuhna ngécagkeun kalungguhanana. Ku kituna, raja ngumpulkeun para putrana anu sadayana tujuhan awéwé wungkul, nyaéta purbararang, purbakencana, Purbamanik. Purbaleuwi, Purbadéwata, Purbaéndah, jeung purbasari. Ari anu kapilih jadi raja bet Purbasari putri bungsu. Kusabab kitu. lanceuk-lanceukna pohara ambekeunana. pangpangna Purbararang.
Tokoh lulugu dina carita di luhur nya éta ....
Purbararang
Purbamanik
Purbaleuwi
Purbasari
Watek tokoh Purbararang dina éta carita ....
sirik pidik
babari ambek
wijaksana
belikan
tempat dina éta carita disebut....
Latar
Waktu
Sifat
Jalan carita
Ilo jero téks di handap!
Si Badar teu sirikna unggal poe dipapatahan ku Bu Guru, lantaran mindeng males atawa teu migawé PR. Nalika dipapatahan mah siga nu heueuh ngetuk tungkul .... Tapi nya kitu téa. sagala papatah nu jadi guru taya tapakna. Paribasa nu luyu jeung eusi téks di luhur nya éta ....
kawas cai jeung minyak
kawas cai dina daun taleus
uyah mah tara tees ka luhur
kawas cai dikucurkeun ti langit
Ilo teks di handap sing telik!
Dasar takdir Ma Ijah, karék mangkukna ditinggalkeun maot ku anakna, ayeuna salakina nu katelah Mang Ocid katabrak motor di pengkolan ...
Babasan nu luyu jeung eusi téks di luhur nya éta ....
kacanir bangban
karagragan béntang
katurug katutuh
aya bagja teu daulat
“Waktos abdi angkat, tuang ibu uih ti Cianjur ngabantun tauco”
Numutkeun undak-usuk basa, kalimah di luhur sakuduna …
Waktos abdi angkat, tuang ibu nyandak tauco
Waktos abdi mios, pun ibu uih ti Cianjur nyandak tauco
Waktos angkat, pun biang mulang ti Cianjur nyandak tauco
Waktos abdi mios, pun biang mulih ti Cianjur nyandak tauco
Geus ampir genep taun kuring sakola di SD Gumilang téh. SD Gumilang mah kaasup SD Percobaan. Disebut kitu duméh dina sagala widang kagiatan sok diiluan. Kamari ogé, ieu SD téh meunang piala Nembang pupuh jeung Ngadongéng ka hiji tingkat kacamatan. Kuring reueus jadi murid SD Gumilang ......
Numutkeun paragraph di luhur SD Gumilang meunang piala kahiji tingkat
gugus
désa
kabupatén
kacamatan
