WorksheetsSD Bhs Sunda Isola Pendidikan
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Isola teh hiji wangunan nu ngandung ajen sajarah. Pamarentah Propinsi Jawa Barat netepkeun yen Isola kaasup wangunan anu ditangtayungan (heritage). Ieu wangunan nu diadegkeun taun 1933 teh mangrupa vila. Ku kituna sok disebut Vila Isola. Bogana urang Walanda nu ngarana Dominique Willem Berretty.
Waktu jaman perang, Vila Isola direbut ku Tentara Indonesia ti Walanda jeung Jepang. Satuluyna dina taun 1954, ieu wangunan teh dijadikeun simbul atikan, tur dijadikeun Gedung Rektorat IKIP Bandung, nu kiwari ngaranna jadi UPI (Universitas Pendidikan Indonesia).
Naon judul kawih di luhur?
Isola
Vila
Wangunan
Gedung

Sok disebut naon Gedong Isola teh?
Gedung Rektorat IKIP
Dominique Willem Berretty
Vila Isola
UPI (Universitas Pendidikan Indonesia)
Isola teh hiji wangunan nu ngandung ajen sajarah. Pamarentah Propinsi Jawa Barat netepkeun yen Isola kaasup wangunan anu ditangtayungan (heritage). Ieu wangunan nu diadegkeun taun 1933 teh mangrupa vila. Ku kituna sok disebut Vila Isola. Bogana urang Walanda nu ngarana Dominique Willem Berretty.
Waktu jaman perang, Vila Isola direbut ku Tentara Indonesia ti Walanda jeung Jepang. Satuluyna dina taun 1954, ieu wangunan teh dijadikeun simbul atikan, tur dijadikeun Gedung Rektorat IKIP Bandung, nu kiwari ngaranna jadi UPI (Universitas Pendidikan Indonesia).
Di mana ayana Gedong Isola teh?
Walanda
Bandung
Jepang
Pamarentah Propinsi

Waktu jaman perang, Gedong Isola direbut ku saha?
Tentara Indonesia
Walanda
Jepang
Pamarentah Propinsi
Isola teh hiji wangunan nu ngandung ajen sajarah. Pamarentah Propinsi Jawa Barat netepkeun yen Isola kaasup wangunan anu ditangtayungan (heritage). Ieu wangunan nu diadegkeun taun 1933 teh mangrupa vila. Ku kituna sok disebut Vila Isola. Bogana urang Walanda nu ngarana Dominique Willem Berretty.
Waktu jaman perang, Vila Isola direbut ku Tentara Indonesia ti Walanda jeung Jepang. Satuluyna dina taun 1954, ieu wangunan teh dijadikeun simbul atikan, tur dijadikeun Gedung Rektorat IKIP Bandung, nu kiwari ngaranna jadi UPI (Universitas Pendidikan Indonesia).
Naon nu disebut heritage teh?
Isola anu ditangtayungan
Kantor anu ditangtayungan
Wangunan anu ditangtayungan
Omah anu ditangtayungan
Dami jeung Mida teh … di sakola dasar.
barudak
murid
pagawe
kulawarga
Buku teh … , maca eta koncina.
gudang elmu
jandela imah
kaulinan
barang sakola
Bapa guru nuju … pelajaran basa Sunda di kelas.
nembalkeun
nyauran
nerangkeun
ngadangu
Maksud ti paribahasa iyeu : ari dipapatahan ku kolot teh kudu diregeupkeun, ulah kawas cai dina daun taleus, nyaeta ….
kabiasaan goreng anu hese dirobahna atawa dipiceunna
papatahan anu taya tapakna, kalakuanana angger teu robah-robah.
kalakuan goreng anu malindes ka diri sorangan
ngagulkeun diri atawa kulawarga sorangan
Maksud ti paribahasa iyeu : katempuhan buntut maung, nyaeta ….
kabiasaan goreng anu hese dirobahna atawa dipiceunna
kalakuan goreng anu malindes ka diri sorangan
teu milu kana hiji urusan, malah teu nyaho-nyaho acan
katempuhan kasusah tina pagawean batur.
Lamun keyeng diajar mah, sagala rupa oge pasti bisa, geuning ceuk paribasa oge cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Paribahasana nyaeta ….
oge cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
marebutkeun paisan kosong
teu mais teu meuleum
kawas ucing jeung anjing
Biantara mah eusina ulah goong nabeuh maneh, sabab bakal diseungseurikeun ku batur. Paribahasana nyaeta ….
mapay ka puhu leungeun
ngaliarkeun taleus ateul
adat kakurung ku iga
goong nabeuh maneh
Aska ngabéjaan Édit yén poé Ahad isukan mah latihan penca di bale désa peré heula, lantaran rék dpaké rapat pamuda. Édit teu percayaeun. Aska ngayakinkeun Édit, sabab dibéjaan ku Kang Adud, guru penca. Basa hormat nu merenah nyaeta ….
Ceuk Aska, “Leres, Dit, abdi mah henteu bohong. Abdi ogé diwartosan ku Kang Adud, dinten Ahad énjing mah latihan penca di bale désa lirén heula.
Ceuk Aska, “Bener, Dit, kuring mah henteu bohong. Kuring ogé dibéjaan ku Kang Adud, poé Ahad isukan mah latihan penca di bale désa peré heula.
Ceuk Aska, “Leres, Dit, abdi mah henteu bohong. Abdi ogé dibéjaan ku Kang Adud, poé Ahad isukan mah latihan penca di bale désa peré heula.
Ceuk Aska, “Leres, Dit, kuring mah henteu bohong. Kuring ogé diwartosan ku Kang Adud, poé Ahad énjing mah latihan penca di bale désa peré heula.
Nita ngabéjaan Sinta yén Ibu Guru dinten ieu moal ngawulang. Sinta teu percayaeun, disangkana Nita heureuy. Nita ngayakinkeun Sinta yén Nita dibéjaan ku Pa Kapala Sakola, tadi basa ngaliwat ka kantor. Basa loma nu merenah nyaeta ….
Ceuk Nita, “Leres, Sin, Ibu Guru dinten ieu moal lebet. Abdi ogé terangna téh diwartosan ku Pa Kapala Sa3kola, tadi waktos ngalangkung ka kantor.”
Ceuk Nita, “Bener, Sin, Ibu Guru dinten ieu moal ngawulang. Abdi ogé terangna téh nyahona ku Pa Kapala Sakola, tadi waktos ngalangkung ka kantor.”
Ceuk Nita, “Bener, Sin, Ibu Guru dinten ieu moal lebet. Abdi ogé terangna téh diwartosan ku Pa Kapala Sakola, tadi waktos ngalangkung ka kantor.”
Ceuk Nita, “Bener, Sin, Ibu Guru dinten ieu moal ngawulang. Kuring ogé nyahona téh dibéjaan ku Pa Kapala Sakola, tadi basa ngaliwat ka kantor.
Adang ngabejaanYayan yén Dédi katabrak motor basa moro lalayangan di jalan. Yayan teu percayaeun. Adang ngayakinkeun Yayan, sabab nyaksian sorangan basa Dédi keur katabrakna. Harita Adang keur leumpang jeung Iman di sisi jalan rék ka alun-alun. Basa hormat nu merenah nyaeta ….
Ceuk Adang, “Leres, Yan, kuring mah teu bohong. Kuring ogé ningali nyalira waktos Dédi nuju katabrakna.
Ceuk Adang, “Leres, Yan, abdi mah teu bohong. Abdi ogé nyaksian sorangan waktos Dédi nuju katabrakna.
Ceuk Adang, “Leres, Yan, abdi mah teu bohong. Abdi ogé ningali nyalira waktos Dédi nuju katabrakna.
Ceuk Adang, “Bener, Yan, kuring mah teu bohong. Kuring ogé nyaksian sorangan basa Dédi keur katabrakna.