WorksheetsPAT BAHASA SUNDA KELAS 3
Total questions: 20
Worksheet time: 2hrs 40mins
Dina pupuh anu judulna “Hurmat Ka Sepuh”, Indung teh nyaeta tunggul......
a. Rahayu
b. Sagara
c. Darajat
Dina pupuh anu judulna “Hurmat Ka Sepuh”, Saha tangkalna darajat teh......
a. Indung
b. Bapa
c. Lanceuk
Dina pupuh anu judulna “Hurmat Ka Sepuh”, Lamun taat ka indung bapa, hirup bakal tinangtu....
a. Susah
b. Gampang
c. Bagja
Galih : “hayu urang enggal leumpangna, Zak. Tos ceudeum bade hujan!”
Kecap lemesna leumpang nyaeta....
a. Mapah
b. Calik
c. Lumpat
Zaki : “San, itu ema-ema bade meuntas sigana mah. Urang tulungan yu, hawatos.”
Kecap lemesna tulungan nyaeta.....
a. Hariwang
b. Bantuan
c. Bantosan
Upami ningal jalmi anu teu walakaya, urang kedah ngabantosan. Artina walakaya nyaeta...
a. Kasusahan
b. Teu boga duit
c. Teu sakola
Landongna tos dileueut bu? Landong nyaeta....
a. Daun
b. Tuangeun
c. Obat
Abdi bade neda heula, upami mamah nuju ........ di lebet.
a. Emam
b. Tuang
c. Dahar
Meuni awis pisan harga sapedah teh. Awis nyaeta....
a. Mahal
b. Teu pantes
c. Mirah
Di .... mah, rea wangunan anu galede jeung jarangkung.
a. Desa
b. Sakola
c. Kota
Kecap digolontorkeun, merenah na di angge pikeun...
a. Cai
b. Batu
c. Keusik
Ceudeum, nyaeta pertanda bade.....
a. Panas
b. Peuting
c. Hujan
Upami aya rerencangan anu teu damang, urang kedah?
a. Ngalongok
b. Mepende
c. Masihan artos
Abdi mah bade wangsul ayeuna. Upami bapak iraha ..... ti Bandung teh?
a. Balik
b. Mulih
c. Uwih
Zaki nulungan ucing anu tigejebur kana got. Watak na Zaki nyaeta....
a. Bageur
b. Judes
c. Sok nulungan
Mios mah kecap kanggo ka diri sorangan, upami angkat nyaeta kecap kanggo ka....
a. Sasama
b. Saluhureun
c. Sahandapeun
“A Yudi suku na barakbak”. Kecap lemesna suku nyaeta....
a. Sampean
b. Panangan
c. Pangambung
“Aya bangku kanggo diuk”. Kecap lemesna diuk nyaeta...
a. Nangtung
b. Calik
c. Cingogo
“Abdi turunna ti tonggoh”. Kecap tonggoh boga arti.....
a. Luhur
b. Handap
c. Imah
Di .... mah seeur keneh tutuwuhan.
a. Desa
b. Imah
c. Kota
