NEW
Font size
WorksheetsPAT BAHASA DAERAH KELAS VIII
Total questions: 50
Worksheet time: 38mins
Dina sisindiran padalisan katilu jeung kaopat sok disebut ...
wangsal
eusi
sampir
cangkang
Kecap nu aya di mimiti padalisan cangkang dibalikan deui dina mimiti padalisan eusi, eta mangrupa ciri dina ...
rarakitan
paparikan
pupujian
wawangsalan
Cakcak gede kadal bilik,ulah dipake mokaha wangsalna ...
buhaya
oray
bayawak
toke
Dina sisindiran rarakitan nu disebut cangkang teh nyaeta ...
padalisan kahiji jeung kadua
padalisan kahiji jeung katilu
padalisan kadua jeung kaopat
padalisan katilu jeung kaopat
Sisindiran nu eusina mangrupa sesebred mah matak ...
pikaseurieun
pikasediheun
pipikiraneun
pikarunyaeun
Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi wangsalna ...
buhaya
oray
bayawak
toke
Sasaruaan tina rarakitan jeung paparikan nyaeta ...
Padalisan kahiji jeung katilu sok dibalikan deui
padalisan kadua jeung kaopat padeukeut sora
antara cangkang jeung eusi murwakanti bagean tungtungna
diwangun ku dua padalisan
Bagean sisindiran nu diwangun ku dua padalisan disebutna ...
paparikan
rarakitan
wawangsalan
pupujian
Ulah sok ngabotol limun
tangkal toge ngajalajar
ulah sok getol ngalamun
mending oge dialajar
Sisindiran di luhur eusina ngandung ...
sesebred
piwuruk
silih asih
panyarek
Kalimah di handap nu make harti injeuman nyaeta ....
Dadan make baju baseuh sabab kahujanan
Asupkeun kana amplop surat ,urang kirimkeun ka pos ayeuna!
hayam teh kokotak wae ,kawas nu rek ngendog.
Ari jadi pamingpin kudu nyaah ka rahayat leutik
Ayeuna Kang Asep mah loba duit da digawena di tempat nu baseuh. Kecap baseuh di dieu ngandung harti ....
tempat nu loba gaweanna
tempat nu loba ngahasilkeun duit
perusahaan cai
ngokolakeun cai
Bedana carita pondok jeung dongeng dinu caritana nyaeta ...
palaku nu dicaritakeun loba pisan
kajadian dina carita pondok mah muser di hiji kajadian
latar kudu dipilemburan ngarah asri
kajadian dina dongeng loba dijieun buku
Dina carpon aya nu ngarupakeun runtuyan carita nu diwangun ku kajadian - kajadian nu aya disebut ...
tema
watek
alur
amanat
Palaku nu miboga sipat goreng atawa nu jadi lawan sok disebut palaku ....
antagonis
tritagonis
dinamis
protagonis
Carpon nu dina nulisna make mamanis basa/kecap disebutna carpon …
biasa
humoris
absurd
liris
Bedana carpon jeung dongeng di antarana, lamun carpon mah ...
teu dipikanyaho pangarangna
sumebarna ku cara tatalepa
pangarangna dipikanyaho ku nu maca
palaku caritana loba pisan
Carpon nu nyaritakeun kahirupan sapopoe disebutna carpon …
humoris
absurd
liris
biasa
Pupuh nu jumlah padalisanna aya salapan padalisan disebutna ...
sinom
pangkur
kinanti
gurisa
Pupuh nu jumlah padalisanna lima nyaeta ….
Maskumambang
Dangdanggula
Magatru
Kinanti
Pupuh nu miboga watek bingung nyaeta ...
Pucung
Gambuh
Wirangrong
Lambang
Pupuh nu miboga watek kagumbiraan nyaeta ...
Asmarandana
Sinom
Balakbak
Lambang
Pupuh Dangdanggula jumlah padalisanna aya .... padalisan.
sapuluh
salapan
dalapan
tujuh
Pupuh Sunda jumlah sakabehna aya .... pupuh.
dua puluh
tujuh belas
sapuluh
tujuh
Bagian tina wangun pupuh nu mangrupa sora tungtung dina unggal padalisan disebutna ....
guru lagu
guru wilang
guru sanggi
guru alok
Pupuh nu boga watekna kaagungan nyaeta ....
Gurisa
Sinom
Kinanti
Dangdanggula
Carpon nu mimiti pisan medal nu dikarang ku Godi Suwarna nyaeta …
Rusiah Ka Opat Belas
Dogdog pangrewong
Murang – maring
Duriat
Pesen nu rek ditepikeun ku pangarang disebutna ... kanu maca.
galur
tema
amanat
latar
Papasingan carita pondok kaasup loba salah sahijina carita pondok absurd nyaeta carita pondok nu jalan caritana ….
ti jaman baheula
make mamanis basa
kajadian biasa
teu asup akal
Dina carita carpon mah palakuna oge ngan dua nepi ka opatan oge caritana ....
loba kajadian
muser dina hiji kajadian
sapalaku boga hiji kajadian
kajadian nu aya leuwih ruwet
Waktu keur laleutik mah jalma teh sok pada parebut cocooan, tapi ari geus garede mah jalma teh jadi sok loba anu parebut korsi.
Kecap parebut korsi ngandung harti …
parebut tempat diuk
parebut pagawean
parebut jabatan
parebut tempat cicing
Kumaha damang Lena ? Sukur ari damang mah abdi oge ayeuna nuju dina kaayaan sehat. Ungkara eta mangrupa bagean surat nu disebut ....
bubuka surat
eusi surat
titimangsa surat
panutup surat
Bagean surat nu eusina tempat jeung tanggal dijieunna surat eta disebutna ....
tujul surat
bubuka surat
titimangsa saurat
kop surat
Kecap nu sok digunakeun dina salam panutup di antarana ....
salam sono
salam sejahtera
baktos abdi
sampurasun
Bagean surat nu eusina nerangkeun ngaran lembaga, alamatna ,nomer telepon sarta logo ti lembaga eta ayana dina ....
tujul surat
kop surat
eusi surat
panutup surat
Bogor, 15 Mei 2021
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat nu disebut ….
tujul surat
panutup surat
titimangsa surat
salam pamuka
Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Ungkara di luhur mangrupa conto bagian surat nu disebut ....
bubuka
panutup
eusi
salam
.Conto salam pamuka dina bagian surat pribadi nyaéta…..
wasalam
baktos abdi
kahatur Kang Ajat
sinareng hormat
Sim kuring ngadamel surat ka Teteh kumargi aya peryogi yen upami pere sakola abdi hoyong dijajapkeun ka bumi nini di Cianjur. Kumaha teteh kersa?
Ungkara di luhur teh manrupa bagean surat nu disebut ...
eusi surat
bubuka surat
panutup surat
tujul surat
dinten : Saptu,
ping : 23 November 2020,
waktos : tabuh 12.00 WIB dugi
ka réngsé,
tempatna di sekretariat OSIS
MTs. Nurul Iman Banjarwangi Garut.
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat dines nu
disebut ....
eusi surat
bubuka surat
panutup surat
tujul surat
Bagean surat nu eusina nerangkeun ngaran lembaga, alamatna ,nomer telepon sarta logo ti lembaga eta ayana dina …….
salam pamuka
panutup surat
kop surat
lampiran
Carpon Di Pipir Tajug nu dikarang ku Mien Resmana nyaritakeun ….
Pa Jaja ngahukum muridna
Pa Jaja leungit duit di kelas
Sosobatan Tisna jeung Cecep
Barudak di kelas Pa Jaja nu balangor
Tema tina Carpon Di Pipir Tajug nyaeta ……
gotong royong
diajar bareng
kajujuran
neangan batur
Nu mimiti nyebarkeun Penca Cimande nyaeta …..
M.Kosim
Embah Kahir
R.Jaya Perbata
R.H.Ibrahim
Dina penca silat pola latihan gerak nu puguh aturanna disebut ….
tandang
kembang
ibing
jurus
Tujuan poko dina penca silat mah mangrupa …..
olahraga
kasehatan
beladiri
karancingesan
Dina penca nu dilatih teh katapisan gerak anggota badan jeung karancingeusan ……
pancaindra
suku
leungeun
awak
Pamarentah Walanda ngahalang – halang kagiatan penca sabab …..
pamuda Indonesia jadi sehat
geus loba jawara di Indonesia
pamuda Indonesia jadi warani ngalawan Walanda
pamuda Indonesia nurut kana aturan Walanda
Jalma nu geus boga jasa nyebarkeun penca sabandar nyaeta ....
Embah Kahir
M. Kosim
R.Jaya Perbata
R.H Ibrahim
Panas hate kuring mah ningali Si Umar make sapedah anyar.Kecap panas hate maksudna ………..
ambek
ngewa
sirik
atoh
Bu Aminah nyogok ka patugas ngarah bisa beres ayeuna surat – suratna.
Kecap nyogok ngandung harti …..
mere duit ngarah hasil
ngambek ka patugasna
ngancam ka patugasna
ngolo ngarah hasil
