NEW
Font size
WorksheetsPAT B .DAERAH KELAS 7
Total questions: 50
Worksheet time: 38mins
dinten : Saptu,
ping : 23 November 2020,
waktos : tabuh 12.00 WIB dugi
ka réngsé,
tempatna di sekretariat OSIS
MTs. Nurul Iman Banjarwangi Garut.
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat dines nu
disebut .....
bubuka
eusi
titimangsa
panutup
Kahatur
Réngréngan Pangurus OSIS
Di Garut
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat nu disebut ……
titimangsa
tujul surat
kop surat
bubuka surat
ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH
MTs. NURUL IMAN
Kampung Pasirpogor RT. 02
RW. 05 Desa Banjarwangi Kab. Garut
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat dines nu disebut ……..
kop surat
tujul surat
titimangsa surat
lampiran
Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana.
Ungkara di luhur mangrupa bagean surat dines nu disebut …..
bubuka surat
tujul surat
eusi surat
panutup surat
Kekecapan nu sok dipake dina surat nu mangrupa salam pamuka di antarana ....
baktos abdi
sonona
salam deudeuh
hormat abdi
Soal matematika pikeun Jang Amir mah hipu atuh .
Kecap hipu ngandung maksud ….
hese
babari
susah
bisa
Jaman ayeuna mah geus teu usum nyogok pikeun mereskeun sagala urusan teh .Nyogok hartina …
ngambek ngarah gancang digawekeun
ngancam ngarah beres
mere surat ti atasan
mere duit ngarah hasil
Lamun aya kasedih teh ulah sok jero teuing bisi matak gering.
Kecap jero dina kalimah di luhur ngandung harti ....
diomongkeun wae
dipikiran teuing
ditingalikeun ka batur
diantep ku sorangan
Fenty panas hate ningali Desy meuli kantong mahal.
Kecap panas hate ngandung harti ....
kabitaeun
ambekeun
sirik
atoheun
Lemah pisan Si Dudi mah disentak saeutik ge murungkut!
Kecap lemah ngandung harti ……
teu wani
leuleus awak
ngadegdeg
borangan
Carita pondok nu nyaritakeun kahirupan sapopoe disebutna ,,,
carpon biasa
carpon humoris
carpon liris
carpon absurd
Dina carita carpon mah palakuna ngan.ukur .... urang
dua nepi ka opatan
opatan nepi ka genepan
genepan nepi ka dalapan
dalapan nepi ka sapuluhan
Carpon nu caritana make mamanis basa disebutna .....
carpon absurd
carpon biasa
carpon humoris
carpon liris
Carpon nu nyaritakeun carita pikaseurieun disebutna ....
carpon biasa
carpon liris
carpon humoris
carpon absurd
Carpon sunda mah nu miboga ciri caritana .....
muser dina hiji kajadian
loba kajadian
kajadian leuwih ruwet
kajadian ngan saliwat
Bedana carita pondok jeung dongeng diantarana ari carita pondok mah ....
caritana istana centris
caritana mangrupa kajadian sapopoe
caritana jaman heubeul
caritana loba nu teu asup akal
Dongeng nu nyaritakeun asal usul hiji tempat atawa kajadian disebutna ....
parabel
pamuk
fabel
sasakala
Dongeng nu nyaritakeun kahirupan jalma jeung para dewa atawa mahluk sejenna. disebut dongeng ....
sasakala
mite
parabel
fabel
Dongeng nyaeta carita rekaan nu ngandung ....
pamohalan
kanyataan
kajadian
lalakon
Ciri dina dongeng nu matak sumebarna sacara lisan atawa tatalepa sabab ....
pangarangna dipikanyaho
carita dongengna dijieun buku
pangarangna teu dipikanyaho
caritana pikaresepeun
Dayang Sumbi menta dijieunkeun .... dina waktu sapeuting ka Sangkuriang ngarah teu jadi kawin jeung anakna.
gunung jeung kebonna
laut jeung laukna
talaga jeung parahuna
istana jeung eusina
Dina dongeng sasakala Tangkuban Perahu, kacaritakeun Sangkuriang ditakol sirahna ku sinduk nepi ka getihan sabab ....
teu meunang daging buruanna
moro uncal wae
ngalawan ka indungna
maehan Si Tumang nu dianggap bapana
Dongeng sasakala nu asalna ti Kabupaten Purwakarta nya eta ....
Jonggrang Kalapitung
Leuwi Ronggeng
Gunung Guntur
Leuwi Shanghiang
Latar tempat dina carita Si Kabayan Ngala Roay nya eta ....
sawah
kebon
taman
gunung
Dongeng parabel teh nyaritakeun jalma biasa nu teu sarua kalakuanna jeung batur di antarana ....
Si Kabayan
Si Leungli
Si Paser
Si Kukut
Aksara Sunda vokal a bisa robah jadi i make rarangken ....
panghulu
pamepet
panolong
panyuku
Aksara Sunda vokal a robah n jadi o make rarangken ....
panolong
panyuku
panghulu
panglayar
Kecap saka robah jadi saku dina aksara Sunda mah kudu make rarangken nu disebut ....
panglayar
panolong
panyuku
pamaeh
Aksara Sunda nu eusina vokal wungkul disebutna ....
aksara ngalagena
aksara swara
aksara lulugu
aksara kaganga
Aksara Sunda nu ngabogaan sora konsonan disebutna ....
aksara lulugu
aksara swara
aksara kaganga
aksara ngalagena
Dina kecap " buah atah" rarangken anu dipakena nya eta ....
panyuku jeung pamaeh
panyuku jeung panglayar
panyuku jeung pangwisad
panyuku jeung pamingkal
Hayu urang ulin ka Situ Ciburuy !
Kalimah nu aya di luhur mangrupa conto kalimah ....
pangajak
pangjurung
panitah
panyaram
Ulah tarik teuing ngajalankeun motorna, Ris!
Kalimah nu aya di luhur mangrupa conto kalimah ...
pangharepan
pangajak
panitah
panyaram
Kalimah - kalimah nu aya di handap nu mangrupakeun conto kalimah panjurung nyaeta ...
Entong sok ngaroko , teu sehat!
Cing pangneundeunkeun sapu, Win!
Mudah - mudahan dinten ieu henteu hujan!
Jung geura mandi ,bisi kabeurangan!
Dagoan di parkiran nya,ieu kagok keur mantuan heula!
Kalimah nu aya di luhur kaasup kalimah ...
panitah
pangajak
pangjurung
panyaram
Mangga bilih bade mulih mah da tos teu aya nanaon!
Kalimah nu aya di luhur kaasup kalimah ....
pangajak
panyaram
panitah
pangjurung
Mugi - mugi sing enggal damang sabihara - sabihari deui!
Kalimah di luhur kaasup conto kalimah ....
panyarek
pangharepan
pangjurung
pangajak
Wan , urang piknik ka Gunung Wayang yu!
Kalimah nu aya di luhur kaasup kalimah ....
pangharepan
panitah
pangajak
panyaram
Punten, ulah miceun runtah ka mana wae!
Kalimah di luhur mangrupa conto kalimah ....
pangjurung
panyaram
pangajak
panitah
Lamun urang rek nulis sajak kudu nangtukeun heula ....
bahan jeung eusina
tema jeung judulna
latar jeung palaku
amanat nu keuna sasaran
Dina urang maca eusi sajak aya kekecapan nu tungtung sorana meh sarua kabeh . Kecap nu sora tungtungna sarua disebutna ...
rima
sampiran
murwakanti
diksi
Alus henteuna eusi sajak gumantung kana pilihan kecap - kecapna .Pilihan kecap - kecap sok disebut ....
kosa kata
undak - usuk basa
pakeman basa
diksi
Sajak teh karya sastra nu dijieun dina wangun ...
ugeran
lancaran
prosa
karesmen
Bagean surat dines rapat nu eusina nitah datang dina waktuna kanu diondang , ayana dina bagean .... surat.
bubuka
eusi
panutup
tujul surat
Biasa Roni mah ngomongna luhur beda jeung adina pisan .
Kecap luhur dina kalimah eta ngandung kecap ....
elehan
someah
sombong
eraan
Dina dongeng sasakala Tangkuban Parahu,Sangkuriang guguru elmu ka siluman nu wujudna ....
maung
buhaya
oray naga
manuk heulang
Dina nulis aksara sunda pikeun ngaleungitkeun sora vokal nu miheulaanana disebut ....
pamaeh
panolong
pamepet
panyuku
Carita pondok nu nyaritakeun carita nu teu asup akal disebutna ...
carpon biasa
carpon absurd
carpon humoris
carpon liris
Dina waktu urang maca sajak salian ti ekspresi nu kudu ditingalikeun oge .... teu eleh penting ngarah jelas.
hapal eusi sajak
baju nu dipake
tarik launna sora
maca hurufna bener
Pupuh Durma jeung pangkur jumlah padalisanna aya ... padalisanna.
genep
tujuh
dalapan
salapan
