WorksheetsPAT Bahasa Sunda Kelas 3 Tahun ajaran 2020-2021
Total questions: 25
Worksheet time: 2hrs 5mins
Anu kaasup kana kaulinan barudak di handap nyaėta ....
a. Ucing puntang
b. hompimpah
c. suten
Cara nangtukeun anu jadi ucing dina kaulinan barudak téh nyaéta ....
a. hompimpah
b. cingciripit
c. ucing sumput
Di handap ieu anu kaasup kana olahraga tėh nyaėta ....
a. cingciripit
b. joging
c. balap kaleci
Kaulinan anu ngagunakeun kakawihan tėh nyaėta ....
a. suten
b. cingciripit
c. gatrik
Ngaran bagian awak anu aya dina gambar téh nyaéta ....
a. tuur
b. bitis
c. leungeun
Anu kaasup kana babagian suku tėh nyaėta ....
a. bincurang
b. peupeuteuyan
c. siku
Anu ngatur jalanna pertandingan dina olahraga mėngbal tėh nyaėta ....
a. kiper
b. wasit
c. bobotoh
Judul dongeng sasatoan anu nyaritakeun sosobatan nyaėta ....
a. Sangkuriang
b. Gajah ėlėh ku sireum
c. Ėngang jeung Tikukur
Dina dongeng sasatoaan nu jadi sabab gajah ėlėh ku sireum tėh nyaėta ....
a. sifat gajah anu sombong
b. sireum babarengan ngalawan gajah
c. gajah nincakan sayang sireum
Ngaran sato anu sok ngabintih tėh disebutna ....
a. hayam
b. beurit
c. éngang
Kabiasaan sato anu aya dina gambar tėh nyaėta sok ....
a. ngalodok
b. ngagadil
c. nyeureud
Ragam hormat tina kecap diinum tėh nyaėta ....
a. dituang
b. dileueut
c. diserot
alamat imah kulawargi ramdani tėh di jalan sukarapih
Panulisan kalimat ngagugunakeun aksara gedė nu bener tėh nyaėta ....
a. Alamat imah kulawargi Ramdani teh di jalan Sukarapih
b. Alamat imah Kulawargi ramdani teh di jalan Sukarapih
c. Alamat imah kulawargi ramdani teh di Jalan Sukarapih
Manfaat tina ngahémat énergi téh nyaéta ....
a. henteu gancang sėėp
b. moal aya sėėpna
c. teu kudu di hémat
Salah sahiji cara ngahemat énergi listrik téh nyaéta ....
a. maké cai saperluna
b. kipas angin diantep hurung
c. tara mareuman lampu
Kecap sabalikna tina hėmat nyaėta ....
a. apik
b. irit
c. boros
Pesen anu aya dina gambar tėh nyaėta ....
a. ngajak ngahėmat cai
b. ngingetan ngahėmat listrik
c. nitah meuli lampu
Anu dihasilkeun tina kalakuan hadė tėh nyaėta ....
a. loba anu mikanyaah
b. bakal ditinggalkeun
c. henteu dipikaresep
Conto sikap hadé ka babaturan di sakola nyaéta ....
a. silih pasėa jeung babaturan
b. nginjeum barang tara bébéja
c. ulin babarengan dina waktu istihat
Harti Istilah ngegel curuk tėh nyaėta ....
a. ngabuskeun curuk kana baham
b. teu kabagian nanaon
c. ngahuapkeun tuangeun
Tuliskeun kalimat ngagunakeun aksara gedė dina awal kalimah!
jalma berseka bakal jauh tina kasakit
Naon eusi pesen dina gambar tėh?
Jieun kalimat makė kecap hėmat ėnergi!
Tuliskeun conto kalakuan hadė dina kahirupan sapopoė!
Sebutkeun ngaran hiji lalakon anu aya dina dongeng sunda!
