Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Bahasa Sunda Kelas 4

Total questions: 25

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

1. Pangmeulikeun béas ka warung


Tanda baca anu bener pikeun ngelengkepan kalimah diluhur nyaéta . . . .

a)

a. Titik dua (:)

b)

b. Tanda kurung ( )

c)

c. Titik koma (;)

d)

d. Tanda Panyeluk (!)

2.

2. Upin jeung Ipin miluan kagiatan UKS Usaha Kaséhatan Sakola unggal balik sakola.

Tanda baca anu bener pikeun kalimah anu digurat déngdékan di luhur nyaéta . . . .

a)

a. Titik dua (:)

b)

b. Tanda kurung ( )

c)

c. Titik koma (;)

d)

d. Tanda Panyeluk (!)

3.

3. Rani boga adi tilu [] Yoga, Ahmad jeung Imas.

Tanda baca anu bener pikeun ngeusian kotak di luhur nyaéta . . . .

a)

a. Titik koma (;)

b)

b. Tanda kurung ( )

c)

c. Titik dua (:)

d)

d. Tanda Panyeluk (!)

4.

4. Mana nu kaasup kana harti kawih?

a)

a. Lagu kaulinan barudak

b)

b. Lagu sunda nu khusus dinyanyikeun ku kolot

c)

c. Lagu sunda nu khusus dinyanyikeun ku barudak

d)

d. Lagu sunda nu teu kaiket ku aturan, aya unsur seni jeung sastra

5.

5. Salah sahiji conto lagu kawih nyaéta?

a)

a. Bubuy bulan

b)

b. Pérépét jéngkol

c)

c. Balonku

d)

d. Burung kakak tua

6.

Lengkepan kalimah ieu di handap!

6. Kuring ngagoréng sangu dina . . . .

a)

a. Sapatu

b)

b. Katél

c)

c. Lomari

d)

d. Méja

7.

7. Di mana . . . . baju anu mirah téh?

a)

a. Konci

b)

b. Toko

c)

c. Dus

d)

d. Imah

8.

8. Ani keur nyemir . . . . nu bapana.

a)

a. Dus

b)

b. Korsi

c)

c. Sapatu

d)

d. Oray

9.

9. Naon nu dimaksud paribasa?

a)

a. Kalimat anu gunana pikeun maréntah hiji hal

b)

b. Carita anu ngajéntrékeun pangalaman hiji jalma

c)

c. Wangun karya sastra nu kudu nitenan lafal jeung lentongna

d)

d. Susunan kata atawa kalimat anu teu bisa ditambahan atawa dikurangan deui, biasana ngandung piwuruk (papatah/naséhat).

10.

10. Arti paribasa “Panjang leungeun” nyaéta. . . . .

a)

a. Tukang cukat cokot

b)

b. Tukang méré duit

c)

c. Jalma nu teu daék cicing di hiji tempat

d)

d. Leungeuna pararanjang

11.

11. Ari : “ . . . . . . . . . . .”

Indra : “Moal ah pami jajan mah.”


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan guneman di luhur nyaéta?

a)

a. Ri, ka perpustakaan yu!

b)

b. Ri, hayu urang jajan!

c)

c. Ri, ulin ka hareup yu!

d)

d. Ri, dimana meuli baju téh?

12.

12. Ina : “ . . . .. . . . . . . “

Ani : “Poé naon inditna?”


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan guneman di luhur nyaéta?

a)

a. Ni, jajan yu!

b)

b. Ni, isuk téh aya PR teu?

c)

c. Jeung saha inditna Ni?

d)

d. Ni, urang ulin ka Kebon Binatang yu!

13.

13. Roni : “Dim, hayu urang méngbal di lapang!”

Dimas : “. . . . . . . . . . “

Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan guneman di luhur nyaéta?

a)

a. Moal ah pami jajan mah.

b)

b. Hayu, dinten naon ka Bandungna?

c)

c. Ngalawan saha waé méngbalna?

d)

d. Jeung saha ka imah Roni na?

14.

14. Cik Jang pang . . . . . . cai kana gelas!


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah paréntah di luhur nyaéta?

a)

a. Mindahkeun

b)

b. Mukakeun

c)

c. Niupkeun

d)

d. Nyicikeun

15.

15. . . . . . TV téh geus peuting!


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah paréntah di luhur nyaéta?

a)

a. Hurungkeun

b)

b. Pareuman

c)

c. Cicikeun

d)

d. Piceun

16.

16. Bareng yu, . . . . . ka sakolana!


Kalimah nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah pangajak di luhur nyaéta?

a)

a. Miceun

b)

b. Indit

c)

c. Milu

d)

d. Jajan

17.

17. Abdi . . . . buku carita


Ragam basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta?

a)

a. Boga

b)

b. Kangungan

c)

c. Hayang

d)

d. Gaduh

18.

18. Bi Susi . . . . ka Pasar

Ragam basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta?

a)

a. Indit

b)

b. Mios

c)

c. Angkat

d)

d. Mulih

19.

19. Pun biang nuju . . . . di Dapur


Ragam basa hormat nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta?

a)

a. Dahar

b)

b. Neda

c)

c. Tuang

d)

d. Emam

20.

20. Mana nu teu kaasup kana bagéan-bagéan béwara?

a)

a. Kop surat

b)

b. Eusi béwara

c)

c. Carita pangalaman

d)

d. Tanda tangan

21.

21. Sajak sarua hartina jeung...

a)

a. Drama

b)

b. Puisi

c)

c. Lagu

d)

d. Pantun

22.

22. Pék pilih kalimah dihandap ieu nu maké aksara gedé nu bener!

a)

a. Mang jojon salakina Bi Erna

b)

b. Di Bandung, loba pisan kaulinan barudak.

c)

c. Di Sumatera, aya sasatoan nu ngarana onta

d)

d. Ilham budakna Bi ijah

23.

23. Pilih aksara pangantét nu bener dina kalimah di handap!

a)

a. Dadan budak Mang Oléh

b)

b. Dadan keur néangan suluh

c)

c. Dadan nerangkeun pupuh ka adina

d)

d. Dadan hormat ka indung jeung bapa

24.

24. Dina maca sajak, urang kudu nitenan …. Jeung ….

a)

a. Gaya jeung rasa

b)

b. Lafal jeung rasa

c)

c. Gaya jeung lentong

d)

d. Lafal jeung lentong

25.

25. Maén Pingpong

‘Tok-tak, tok-tak’

Bal laluncatan ka ditu, ka dieu

Ditepak ku Andri

Ditampanan ku abdi

‘Tok-tak, tok-tak’

“Tong balangah!” saur palatih

“Muhun, mangga! Tapi sesah!”

Abdi ngesang, kaos baseuh

‘Gorolong, . . . gorolong, . . . gorolong!’

Bal pingpong ngagorolong

Naon judul sajak di luhur?

a)

a. Bal pingpong

b)

b. Andri maén pingpong

c)

c. Bal ngagorolong

d)

d. Maén pingpong