wayground logo

Lembar Kerja Gratis yang Dapat Dicetak

BARU

Ukuran huruf

S
M
L
XL
Lembar kerja

Dongeng Sunda

Total soal: 10

Worksheet time: 5mins

Nama
Kelas
Tanggal
1.

Hiji wangun prosa nu dipedar dina basa lisan, kabagi dua aya nu sipatna klasik/buhun aya nu sipatna modern/anyar. Di handap ieu mangrupa wangenan dongéng, nya éta …

a)

Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok

b)

Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang

c)

Carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman

d)

Caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol

e)

Karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi

2.

Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …

a)

Dina hiji carita prosa tangtu ngabogaan hiji ciri has nu béda, tiabatan nu liana. Ku kituna unsur naon anu jadi hal utama yén hiji karya sastra disebut dongéng …

b)

Unsur kanyataan

c)

Unsur kaagamaan

d)

Unsur sosial

e)

Unsur mistis

3.

Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

4.

Aya rupa dongéng nu méh sakapeung saperti carita prosa wangun lancaran modern, kudu tenget tur inget yén dongéng ngabogaan ciri has madeg mandiri.Samisal Si Kabayan, Irtasan, Abu Nawas mangrupa tokoh-tokoh anu biasana sok aya dina …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

5.

Dina hiji carita dongéng réa nu medar kabaheulaan, kabukti yén sakapeung mah sok ditandaan ku kecap baheula. Salasahiji dongéng anu nyaritakeun lalampahan jalma anu dianggap karuhun atawa pahlawan saperti dongéng Kéan Santang, nya éta …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Pamuk

6.

Saperti halna carita prosa séjén, dongéng ogé katitén ngabogaan hiji carita nu teu leupas tina unsurna sorangan.Di handap ieu mangrupa unsur intrinsik dongéng nu eusina medar pesen nu baris ditepikeun …

a)

Tema

b)

Galur

c)

Puseur Sawangan

d)

Latar

e)

Amanat

7.

Eusi dina carita dongéng béda pisan wincikanna unggal jenis/papasinganna, kabukti ku guluyurna carita.Gagasan poko atawa jejer dina carita anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan hiji carita, mangrupa wangenan tina …

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Latar

e)

Amanat

8.

Palaku dina dongéng teu béda jeung prosa lian, ngabogaan watek nu medar jalanna carita beuki ramé.Dina dongéng Dalem Boncél, indung jeung bapa Dalem Boncél kaasup palaku …

a)

Antagonis

b)

Tritagonis

c)

Protagonis

d)

Panengah

e)

Panambah

9.

Pamungkas carita tangtu ngedalkeun hiji hal nu matak ngirut ati nu maca, boh basa,boh eusi. Amanat anu katémbong dina dongéng Dalem Boncél nya éta …

a)

Kudu tulatén dina ngurus hiji hal

b)

Hormat kanu jadi dunungan

c)

Henteu hésé lamun ditutah-titah

d)

Kudu nyaah tur hormat kanu jadi sepuh

e)

Jadi jalma téh kudu calakan

10.

Palaku hiji carita dongéng kaayeunakeun réa parobahan, mun disidik-sidik teu statis deui kawas baheula. Katitén tina watek dunungan Si Boncél anu di tutugan Gunung Giriawas téh …

a)

Harak

b)

Bageur

c)

Soméah

d)

Béréhan

e)

Daréhdéh