wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Dongeng PPL

Total questions: 10

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

a)

A. Dongéng 1 farabel, dongéng 2 fabel

b)

B. Dongéng 1 fabel, dongéng 2 farabel

c)

C. Dongéng 1 sasakala, dongéng 2 farabel

d)

D. Dongéng 1 fabel, dongéng 2 sagé

e)

E. Dongéng 1 fabel, dongéng 2 mite

2.

Sajaba ti ngandung unsur pamohalan, teu tangtu nu ngarangna, ciri séjénna tina dongéng téh diantarana ngandung unsur atikan. Cik, analisis ku hidep, mana sempalan dongéng di handap anu ngagambarkeun ayana unsur atikan?

a)

A. Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sieun génghék kaduruk.

b)

B. Aki-aki teu éléh akal, “Tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!”

c)

C. Aya aki-aki padamiasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, nganteur ka nu sieun jeung keueung, mun teu ku harta banda, ku tanaga atawa ku du’a.

d)

D. “His,” ceuk aki-aki, ”Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di dunya, keur manusa.

e)

E. E. Ceuk Oray Kuda ka aki-aki, “Heug, atuh, urang néangan deui. Tuh Tangkal Kupa urang tanya!”

3.

Sagé téh nyaéta dongéng anu nyaritakeun ngeunaan jalma nu dianggap boga pangaruh gedé di masarakat tur biasana ngandung unsur sajarah. Cing analisis mana ieu di handap nu kaasup dongéng sagé?

a)

A. Si Kabayan mah ti barang gék diuk dina korsi ogé lelenggutan nundutan, ari tukang cukur sakumaha biasana ceg kana gunting jeung sisir, bari teu eureun-eureun ngabuih

b)

B. Waktu Prabu Siliwangi jadi raja Pajajaran, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot

c)

C. Barang éta aki-aki nyabut iteukna, burial téh cai kaluar tina jero taneuh, beuki lila beuki gedé sarta leb-leban ngeueum pakarangan jeung imah Nyi Endit.

d)

D. Nyi Putri tuluy tilem ka laut tuluy nelah jadi ratu Laut Kidul atawa nu sering disebut Nyi Roro Kidul

e)

E. Sakadang Monyét cacamuilan nambulan cabé bari hantem gogorowokan, “seuhah lata lata,” cenah, teu miduli ka Sakadang Kuya anu hariwangeun bisi patani nu boga kebon datang

4.

Pék tengetan kalimah ieu di hanadap!

Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén.

Ieu di handap mana nu mangrupa sasaruan harti tina kecap jajatén ?

a)

A. Kakuatan

b)

B. Kawani

c)

C. Élmu

d)

D. Kabisa

e)

E. Jati diri

5.

Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.


Kecap morontod dina sempalan dongéng di luhur hartina nya éta ...

a)

Murungkut

b)

Leutik

c)

Téréh gedé

d)

Subur

e)

Buruk

6.

Pék analisis unsur intrinsik sempalan dongéng ieu di handap!

"Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldena gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh teh teu weleh nanya ka dirina sorangan." Dumasar kana dongeng eta, dimana latar tempatna...

a)

Dayeuh

b)

Leuweung

c)

Lembur

d)

Wahangan

e)

Imah

7.

Dina salasahiji pancén basa Sunda, hidep dititah pikeun macacarita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika hidep maca éta dongéng, hidep ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim tur tiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun hidep muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku hidep nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta...

a)

Téma

b)

Amanat

c)

Latar tempat

d)

Latar suasana

e)

Latar waktu

8.
a)

Dongeng kahiji Fabel, dongeng kadua farabel. sasaruaanana dina lebah tokohna sarua sasatoan.

b)

Dongeng kahiji sage, dongeng kadua mite. Sasaruananana dina tokohna

c)

Dongeng kahiji farabel, dongeng kadua fabel. sasaruanana dina lebah tokohna sarua sasatoan.

d)

Dongeng kahiji sasakala, dongeng kadua fabel. sasaruanana dina lebah tokohna sarua sasatoan.

e)

Dongeng kahiji fabel, dongeng kadua sasakala. sasaruanana dina lebah tokohna sarua sasatoan.

9.

Pék analisis sempalan dongéng ieu di handap!

Nyi Roro Kidul.

Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goréng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih.Cek sakaol ogé, cunah upama pareng rék ngalanto ka Laut Kidul teu menang maké baju rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedéna. Lian ti éta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa péso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gèdè, sabab ku cara kitu gé, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana. Sabab ngarasa dirina nu pangheulana boga éta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa-jagat raya.

Nilik kana eusi sempalan dongéng di luhur, nu matak ngabédakeun antara dongéng mite jeung dongéng-dongéng nu séjénna téh nya éta?

a)

Dongéng mite mah eusina leuwih nyaritakeun asal muasal hiji hal.

b)

Dongéng mite mah eusina leuwih nyaritakeun ngeunaan sasatoan.

c)

Dongéng mite mah eusina leuwih nyaritakeun jalma biasa.

d)

Dongéng mite mah eusina leuwih nyaritakeun sajarah

e)

Dongéng mite mah eusina leuwih nyaritakeun hal-hal mistis/mitos.

10.

Pék analisis sempalan dongéng ieu di handap!

Sasakala Ombak

Dina hiji mangsa, gunung-gunung garundul geus euweuh tatangkalan. Leuweung-leuweungna ilang musna. Tatangkalanana dibukbak ku jalma-jalma sarakah. Dijieun suluh, imah, jeung sajabana. Akibatna, bumi alam jadi panas.

Wahangan caina leutik, ngolétrak. Sawah-sawah réa nu garing. Balong nu aya caian ngan ukur nu di sisi wahangan. Kitu ogé caina geus méh saat.

”Jelegér! Sakadang méga, naha geus cukup jumlah urang keur turun ka bumi?” tanya gelap ka méga.

”Kawasna mah geus cukup. Ieu batur kuring nu di béh handap mani geus hideung beungeutna bakating ku ambek hayang buru-buru turun jadi hujan. Lila-lila mah kuring gé teu bisa nahan maranéhna.” ceuk méga ngajawab ka gelap....

Unsur pamohalan nu nyampak tina dongéng “Sasakala Ombak” di luhur nyaéta?

a)

Banjir nu dilantarankeun gunung nu bulitsir (gundul)

b)

Nyieun imah di sisi wahangan

c)

Méga, guludug, cai hujan, cai banjir nu bisa ngomong

d)

Cai leuncang saking ku loba robah jadi cai banjir

e)

Rasa cai laut rasana asin