NEW
Font size
WorksheetsKawih Siklus 1
Total questions: 10
Worksheet time: 3mins
Kawih téh diwengku ku dua unsur seni nya éta …
musik jeung tari
musik jeung Drama
musik jeung Lagu
musik jeung Sastra
musik jeung Dongéng
És lilin mah ceuceu dikalapaan,
Raosna mah geuningan kabina-bina,
Abdi alim dunungan paduduaan,
Sok sieun mah dibantun kamana-mana.
ditingali dina teks diluhur kaasup kana …
kawih
tembang
kakawihan
mantra
rajah
Anu dimaksud rumpaka dina kawih nya éta …
Dang-ding-dungna tatabeuhan
Luhur handapna sora
Kekecapan anu dihaleuangkeun
Anca-gancangna wirahma
Rasa jeung nada nu aya dina kawih
(1) És Lilin
(2) Bubuy Bulan
(3) Asmarandana
(4) Cianjuran
Nu kaasup kana kawih dina pilihan di luhur nyaéta no ….
1-2
1-3
2-3
2-4
4-1
Di mana-mana di kampung di kota,
Tos kakoncaran duh nikmat rasana,
Sampeu asalna nu diréka-réka,
Naon namina duh matak kabita.
Judul kawih di luhur nyaéta …
Sabilulungan
Mawar Bodas
Peuyeum Bandung
Mobil Butut
Manuk Dadali
Kawih mangrupa wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaéta aturan pupuh.
Di handap ieu mana nu kaasup kana judul kawih …
Dangdanggula, Peuyeum Bandung, Sabilulungan
Peuyeum Bandung, Manuk Dadali, Kinanti
Peuyeum Bandung, Sinom, Sabilulungan
Isola, Mojang Priangan, Peuyeum Bandung
Isola, Durma, Mojang Priangan
Mobil butut kaluaran baheula
Sajaman jeung bedil sundut harita
Ayeunamah mobil butut geus carang
Nambangan ge di kota ge geus di larang.
Judul kawih di luhur nyaéta …
Mobil Sédan
Mobil Dérék
Mobil Treuk
Mobil Alus
Mobil Butut
bédana kawih jeung tembang nyaéta …
kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nyaéta aturan pupuh.
tembang mah lalaguan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami.
kawih mah tradisional, tembang mah modérn.
kawih mah kauger ku aturan, tembang mah teu kauger ku aturan.
tembang jeung kawih mangrupa lagu modérn.
nu kaasup kana tembang nyaeta ...
Panon Hideung
Durma
Mawar Bodas
Mojang Priangan
Papatong
-tangga nada anu biasa digunakeun dina kawih klasik nyaeta tangga nada pentatonis atawa lima tangga nada (da, mi, na, ti, la).
-Dina lalaguana kawih klasik mah, lagu jaman baheula, jiga lagu jaipongan, salung atawa kliningan.
-Biasana dipirig ku kecapi.
ieu ciri-ciri teh mangrupa ...
kawih pop modern
kakawihan
rajah
tembang
mantra
