wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KAWIH SIKLUS 2

Total questions: 10

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

Pék baca sempalan kawih és lilin di handap

Itu saha dunungan nu nungtun munding

Digantélan geuning ku saputangan ...

Itu saha dunungan nu ginding teuing

Sihoréng mah aduh geuning jungjunan ...

Ngagambarkeun sikep (rasa) nu kumaha dina eusi sempalan kawih di luhur téh …

a)

a. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka.

b)

b. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan katrésna ti hiji wanoja ka loba jajaka.

c)

c. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan kaambek ti hiji wanoja ka hiji jajaka.

d)

d. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan wanoja nu resep és lilin

e)

e. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan wanoja nu sok ginding

2.

Baca sempalan téks kawih di handap

És lilin mah ceuceu di kalapaan

Raosna mah geuningan kabina-bina

Abdi alim dunungan paduduaan

Sok sieun mah dibantun kamana-mana

Naon amanat nu aya dina sempalan kawih diluhur …

a)

a. Jadi wanoja téh kudu resep és lilin

b)

b. Mun meuli és lilin téh kudu nu raos

c)

c. Urang salaku wanoja kudu bisa ngajaga harga diri, sanajan sakumaha mikacintana ka hiji jajaka, ulah wani reujeung paduduaan.

d)

d. Urang salaku wanoja kudu wani mun dibantun kamana-mana

e)

e. Urang salaku wanoja kudu daék dahar és lilin.

3.

Pék baca sempalan kawih és lilin di handap

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung

Dicandak mah geuning ka Cipaganti

Abdi isin jungjunan duh babaringung

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ... didorong dorong

Di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Miboga nada/ wirahma nu kumaha dina sempalan téks rumpaka di luhur …

a)

a. Nalangsa

b)

b. Handap asor

c)

c. Sombong

d)

d. Pasrah

e)

e. Teu wani kedal atawa terus terang.

4.

1. Jejer

2. Rasa

3. Wirahma

4. Amanat

Éta unsur téh kaasup kana …

a)

a. Adegan lahir

b)

b. Adegan kawih

c)

c. Adegan tembang

d)

d. Adegan batin

e)

e. Adegan kakawihan

5.

1. Wangun

2. Pilihan kecap

3. Citraan

4. Gaya basa

5. Purwakanti

Éta unsur téh kaasup kana …

a)

a. Adegan lahir

b)

b. Adegan kawih

c)

c. Adegan tembang

d)

d. Adegan batin

e)

e. Adegan kakawihan

6.

Pék titénan pupuh di handap!

Hayu batur urang diajar sing suhud

Ulah lalawora

Bisi engké henteu naék

Batur seuri urang sumegruk nalangsa

Dina sempalan téks pupuh di luhur miboga amanat …

a)

a. Urang téh teu kudu getol ka sakola

b)

b. Urang kudu ninggali batur nu tara sakola

c)

c. Urang kudu diajar sing bener meh naék kelas

d)

d. Urang kudu seuseurian

e)

e. Urang kudu lalawora dina milampah pagawéan

7.

Baca téks kawih di handap!

És lilin mah (dunungan) kalapa muda

dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi

abdi isin dunungan samar kaduga

sok sieun mah aduh henteu ngajadi

ditinggali dina téks di luhur kaasip kana purwakanti …

a)

a. Runtuyan

b)

b. Mindoan kawit

c)

c. Mindoan kecap

d)

d. Rantayan

e)

e. Margaluyu

8.

Baca rumpaka ieu kawih!

És lilin mah (dunungan) kalapa muda

dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi

abdi isin dunungan samar kaduga

sok sieun mah aduh henteu ngajadi

purwakanti dina rumpaa kawih di luhur, nyaéta …

a)

a. é-d-a-s

b)

b. a-i-a-i

c)

c. muda-sukajadi-kaduga-ngajadi

d)

d. da-di-ga-di

e)

e. m-s-k-ng

9.

Pék baca conto kawih di handap!

És lilin mah ceuceu buatan Bandung

dicandak mah geuning ka Cipaganti

abdi isin jungjunan duh babaringung

sok inggis mah aduh henteu ngajadi

lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu és lilin téh disusun dina wangun …

a)

a. Wawangsalan

b)

b. Sisindiran (paparikan)

c)

c. Warta

d)

d. Sajak

e)

e. Tatarucingan

10.

Baca sempalan ieu rumpaka kawih!

Prak reureuh tina kariweuh

Prak pasrah ka nu Kawasa

Prak reureuh tina kariweuh

Prak pasrah ka nu Kawasa

Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang téh …

a)

a. kudu pasrah ka Pangéran

b)

b. salawasna hidup riweuh

c)

c. ku pagawéan mah moal aya béakna

d)

d. kudu aya istirahat tina pagawéan

e)

e. heunteu tuluy-tuluyan gawé