wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Ke 2 "KAWIH"

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Rumpaka kawih ditulis dina wangun ….

a)

puisi

b)

pupuh

c)

prosa

d)

paragraf

2.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

a)

Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

b)

Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

c)

Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

d)

Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

3.

Hal naon waé anu kudu diperhatikeun lamun urang rék ngawih ....

a)

Réngkak, rumpaka, téhnik vokali

b)

Réngkak, téhnik vokal, éksprési

c)

Rumpaka, téhnik vokal, éksprési

d)

Réngkak, rumpaka, éksprés

4.

uisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon ....

a)

Rumpaka Sisindiran

b)

Rumpaka pupuh

c)

Rumpaka kawih

d)

Rumpaka pupujian

5.

Rumpaka Kawih tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka jeung kawih. Ari Rumpaka raket patalina jeung naon?

a)

sisindiran

b)

pupuh

c)

puisi

d)

lagam

6.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi


Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

sajak

b)

wawangsalan

c)

sisindiran

d)

pupuh

7.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

6

c)

8

d)

10

8.

Situ Ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hateNingali ngeplak caina


Naon judul tina sempalan rumpaka kawih di luhur?

a)

Situ Ciburuy

b)

Es Lilin

c)

Bubuy Bulan

d)

Tanah Sunda

9.

Ide poko pikiran nu aya dina rumpaka kawih disebut...

a)

wirahma

b)

jejer

c)

amanat

d)

nada

10.

Sora vokal tungtung engang nu sarua disebut...

a)

nada

b)

ras

c)

purwakanti

d)

wirahma

11.

Manuk dadali, manuk pangagahna

... sakti Indonesia jaya

Manuk dadali pangkakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna.


Kecap anu merenah pikeun nyampurnakeun kawih manuk Dadali di luhur nya eta ....

a)

pertanda

b)

pertelon

c)

perlambang

d)

perwatek

12.

Baca rumpaka ieu kawih!

Es lilin mah, aduh kalapa muda

Dibantun ma, geuning ka Sukajadi

Abdi isin, geuning, samar kaduga

Sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi


Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…

a)

da-di-ga-di

b)

e-d-a-s

c)

a-i-a-i

d)

muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi

13.

Dina kawih mojang priangan ngagambarkeun sifat wanoja anu kumaha?

a)

Mojang anu Ngenes

b)

Mojang anu judes

c)

Mojang anu Amis Budi

d)

Mojang anu Garihal

14.

Jang

Cipt. Oon B.

Jang hirup téh teu gampang Ulah nepak dada dina beunghar

Teu cukup ku dipikiran Salawasna kudu sukur

Bari kudu dilakonan Éling ka Nu Maha Agung

Jang, jalan kahirupan Kadé hidep bisi kupur

Henteu sapanjangna datar

Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang


Téma (jejer) kawih di luhur ngeunaan ….

a)

papatah

b)

sauyunan

c)

perjuangan

d)

silih asih

15.

Kawih "Borondong Garing" nyaritakeun ngeunaan katuangan ....

a)

Nu ngan aya di Bandung

b)

Oleh-oleh ti Bandung

c)

Kabeuki urang Bandung

d)

Anu ngan di jual di Bandung