wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi 3

Total questions: 8

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Siti kapilih pikeun jadi wawakil sakola dina raraga pasanggiri ngadongéng sa-Kabupatén. Upama Siti ngadongéng téh sok resep lantaran asa nongton pilem, sabab Siti ngagunakeun téknik…

a)

Olah vokal/ ngabédakeun sora

b)

Téater

c)

Ngapalkeun naskah

d)

Nyarita bébas tapi luyu jeung jalan carita

e)

Nyarita make naskah

2.

Mun panggih jeung Mang Agus, barudak leutik téh sok hayang didongéngan heula. Mun keur salsé mah Mang Agus sok nedunan kahayang barudak téh. Nalika ngadongéng, ger barudak téh saleuseurian. Sakapeung mah sok aya nu némbalan atawa tatanya. Dijawab wé ku Mang Agus, atuh beuki babarakatakan. Barudak téh raresepeun ku lantaran gaya ngadongéng Mang Agus…

a)

Ngapalkeun naskah

b)

Éksprésif

c)

Komunikatif

d)

Bisa ngabédakeun sora

e)

Nyarita make naskah

3.

1. Dongéng “Si Rawing” téh baheula mah kawentar pisan dina radio. Masarakat téh sok nunungguan Wa Képoh siaran. Sok sanajan ukur didéngékeun, tapi dongéng “Si Rawing” sok kabayang saha waé nu keur ngobrol téh lantaran cara nyarita Wa Képoh…

a)

Ékspresif

b)

Komunikatif

c)

Nyarita bébas tapi luyu jeung jalan carita

d)

Ngagunakeun téhnik olah vokal

e)

Nyarita make naskah

4.

Basa mimiti pangajaran dongéng, guru nitah salah sahiji siswa pikeun ngadongéng di hareupeun kelas. Dadang ngacung, der wé ngadongéng. Dadang nyaritakeun “Sakadang Peucang jeung Sakadang Buhaya” anu pernah dicaritakeun ku bapana keur leutik kénéh. Sanajan kekecapanana teu sarua pisan, tapi Dadang bisa nepikeun eusi caritana kalawan bener. Téhnik ngadongéng anu dipaké ku Dadang téh sok dipaké ilaharna ngadongéng, lantaran…

a)

Ngagunakeun téhnik vokal

b)

Éksprésif

c)

Komunikatif

d)

Nyarita bébas tapi luyu jeung jalan carita

e)

Ngapalkeun naskah

5.

Hal anu mgalantarankeun ngadongéng matak kataji téh salah sahijina nyaéta lentong. Ari lentong téh dipangaruhan ku…

a)

Lingkungan

b)

Fungsi kalimah

c)

Vokal/ sora

d)

Fungsi kalimah jeung vokal

e)

Lingkungan jeung fungsi kalimah

6.

Gusti, imah téh asa ku gedé naker!

Kalimah di luhur mangrupa kalimah panyeluk, lantaran…

a)

eusina ngawawarkeun atawa méré béja ka nu lian sarta miharep tanggapan nu mangrupa panitén wungkul

b)

eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep tanggapan nu mangrupa jawaban

c)

eusina ngébréhkeun rasa (émosi) panyaturna kayaning rasa gumbira, nalangsa, geuleuh, reueus, jsté

d)

eusina pikeun maréntah jalma lian sangkan migawé pagawéan atawa miharep tanggapan nu mangrupa tindakan

e)

Sakabéh jawaban salah

7.

Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah paréntah nyaéta kalimah…

a)

Mang Jali angkat ka Jakarta naék beus.

b)

Rék naon Mang Jali indit ka Jakarta téh?

c)

Deudeuh teuing, Mang Jali indit ka Jakarta téh teu boga bekel nanaon!

d)

Asik, Mang Jali mawa oléh-oléh ti Jakarta!

e)

Mang Jali, kadé di Jakarta téh ulah kabawa ku sakaba-kaba!

8.

Anu kaasup kana kalimah wawaran nyaéta kalimah…

a)

Ka para wargi sadayana, diantos ayeuna pisan di balé desa!

b)

Rék ka marana warga téh ngalabring kieu?

c)

Lurah anyar téh ngabagi sembako pikeun wargana anu kurang mampuh.

d)

Wayah kieu pisan kajadian tabrakan téh!

e)

Asa sarieun ku covid rék indit-inditan téh!