wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Unsur Biografi Basa Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

Atuh ku karya-karya sastrana, Pa Iyus kungsi meunang sawatara panghargaan dina widang sastra. Antarana baé anjeunna kungsi kasinugrahaan hadiah sastra Rancagé taun 1989.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

idéntitas pribadi

b)

Panglélér

c)

riwayat atikan

d)

karir atawa pagawéan

2.

Horéng Mamah Dédéh téh diajak siaran. Apan Benyamin S. téh boga radio, ngaranna Béns Radio. Mamah Dédéh dipiwarang ngeusian acara siraman rohani. Nya ti dinya Mamah Dédéh leuwih dikenal ngaranna. Gumujengna deuih anu batur matak inget waétéh, gumujeng urang Sunda: heuheuheu.....

Sempalan biografi di luhur nyaritakeun ...

a)

asal usul kulawarga

b)

Riwayat atikan (pendidikan)

c)

Gambaran watek inohong

d)

prestasi

3.

Ti leuleutik, Déwi Sartika geus némbongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Hal ieu katingali dina kahirupan basa leutikna nyaéta bari ulin, anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis.

Téks di luhur nuduhkeun unsur biografi

a)

Gambaran watek tina kabiasaan

b)

ide gagasan

c)

prestasi

d)

hasil gawé

4.

Sawatara naskah drama anu ditulis ku anjeunna antara baé “Cahaya Maratan Waja” (1964), “Hutbah Munggaran di Pajajaran” (1965), jeung “Di Karaton Najasi” (1966).

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Pikiran

b)

Hasil Karya

c)

Identitas diri

d)

Riwayat Pagawéan

5.

Sadidintenna, Pa lyus téh ngagem palasifah hirup “Salamet, Mangpaat, Ni'mat” Salamet ngan bisa kahontal mun manusa ati-ati jeung ngajaga tindak-tandukna sangkan henteu tigebrus kana kahinaan.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Pikiran

b)

Atikanana

c)

pagawéanana

d)

Panglélér

6.

Ti dinya anjeunna mutuskeun pikeun nuluykeun kuliah. Bus ka FKSS IKIP Bandung, nyandak Jurusan Basa jeung Sastra Sunda Kuliahna di réngsékeun dina waktu genep taun (1958-1964) nepi ka jadi sarjana.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Panglélér

b)

hasil gawé

c)

Hasil karya

d)

Atikanana

7.

Tah waktu keur kuliah bakat senina mimiti kaasah téh, Anjeunna mimiti nulis sajak sarta réa dipublikasikeun di koran Sipatahunan di Bandung. Anjeunna ogé nulis naskah drama keur grup Liga Drama Bumi Siliwangi, kelompok téater nu diadegkeun ku anjeunna nyalira. Liga Drama kungsi manggungkeun sawatara naskah di sawatara daerah.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Panglélér

b)

Hasil karya

c)

Identitas diri

d)

Pikiran

8.

Gelar jeung ngaran lengkepna mah Prof. Dr. H. Yus Rusyana. Sapopoéna pada nyebut Pa lyus. Di dunya akademik mah, utamana dina widang basa Sunda jeung Sastra Indonésia, ngaran Yus Rusyana téh kacida dipikawanohna.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Pagawéanana

b)

Prestasi

c)

Atikanna

d)

Identitas diri

9.

Lian ti di UPI anjeunna kacatet jadi dosén terbang di sawatara paguron luhur di Jawa, Kalimantan, jeung Sumatra Pangpangna mah anjeunna disuhunkeun jadi profésor di paguron séjén lantaran kaahlianana dina sastra lisan.

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Gagasan inohong

b)

Pagawéan

c)

Hasil karya

d)

Prestasi

10.

Sabada namatkeun kuliah, anjeunna kapilih pikeun miluan program Post Graduate Training in the Study of Indonesian Language and Philology, Universitas Leiden, Walanda (1971-1973).

Sempalan di luhur ngandung unsur biografi ….

a)

Atikanna

b)

prestasi

c)

panglélér

d)

Identitas