wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Biantara

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Assalamu’alaikum wr. wb.

Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sinareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran ni’mat Mantenna pisan, dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung dina ieu tempat.

Sempalan teks biantara di luhur kaasup kana bagian ...

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Salam Bubuka

e)

Nyanggakeun puji sukur

2.

Pa Karno mangrupa salah sahiji jalma nu kawentar pisan dina mangaruhan batur ku biantarana. Ku kituna Pa Karno teh disebut ....

a)

Kurator

b)

Orator

c)

Moderator

d)

Kolektor

e)

Koruptor

3.

1. Mungguh ari waktu asa nyéak pisan sajorélat. Asa kamari kénéh simkuring saparakanca riung mungpulung sareng raka-raka ti kelas XII di ieu sakola, tapi ayeuna tos kedah paturay deui. Kantenan baé salami sasarengan téh seueur luang pangalaman anu diwariskeun ti Tétéh kalih Akang pikeun kamajuan ieu sakola. Tangtos baé éta sadaya bakal janten tuladan sareng katineung anu moal kahihilapkeun. Atuh kasaéan ti Tétéh kalih ti Akang baris janten pamuka lawang kanggo naratas jalan pikahareupeun simkuring saparakanca, enggoning nempuh cita-cita.

2. Teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur séwu nuhun kana pirang-pirang kasaéan Akang kalih Tétéh sadayana. Simkuring saparakanca henteu tiasa males éta kasaéan, anging mung tiasa ngedalken du’a, pamugi rupaning luang sareng pangalaman anu parantos dipaparin ku Akang kalih ku Tétéh, kénging ganjaran anu ageung mangtikel-tikel ti Gusti Nu Maha Suci.

3. Langkung tipayun simkuring hoyong ngadugikeun pangwilujeng ka Tétéh kalih Akang kelas XII anu parantos lulus ti ieu sakola. Mugi-mugi salulusna ti ieu sakola tiasa neraskeun deui ka paguron luhur anu dicita-cita.

4. Pamungkas simkuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a ti Akang sareng Tétéh, pamugi sadaya adi-adi kelas nu aya di ieu sakola sing tiasa nuturkeun tapak lacak Akang miwah Tétéh ku jalan ngukir rupa-rupa préstasi anu mungguh matak nyeungitkeun sareng pikareueuseun.

Paragraf di luhur bisa jadi eusi biantara nu merenah saupama susunanana jadi ....

a)

3-1-2-4

b)

3-2-1-4

c)

1-2-3-4

d)

1-3-2-4

e)

3-4-2-1

4.

Saupama hiji jalma rek ngalakukeun kagiatan biantara, alusna mah merhatikeun hal-hal anu geus ditangtukeun dina kecap TAMAN tea, nya eta Tatag nyaritana, Aktual témana, Munel eusina, Alus basana, jeung Ngandung wirahma. Maksud tina ngandung wirahma nya eta .....

a)

Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.

b)

Dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kumagok atawa loba ngarandeg.

c)

Biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.

d)

Biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa.

e)

Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.

5.

Poe Rebo Imam digeroan ku guruna ka kantor. Di kantor, Imam dibere nyaho yen anjeunna kudu miluan pasanggiri biantara nu diayakeun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat dina bulan hareup. Jenis binatara nu kudu dilakukeun ku Imam nya eta ...

a)

Ekstemporan

b)

Memoriter

c)

Impromptu

d)

Manuskrip

e)

Dadakan

6.

Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti anu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tatabasa atawa unsur-unsur pangwangunna. Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri pakeman basa nya eta ...

a)

Ungkara basa anu husus tur mandiri

b)

Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok

c)

Susunan kecap-kecapna bisa dirobah

d)

Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun

e)

Harti anu dikandungna mangrupa harti injeuman

7.

"Cep, jadi jalma mah kudu bodo aléwoh, ulah bodo katotoloyo" Ceuk Bi Imas ka Cep Danang.

Harti kudu bodo alewoh nya eta ....

a)

Kudu robah adat, tina milampah goréng jadi milampah hadé.

b)

Lamun urang teu nyaho, kudu daék tatanya.

c)

Dina ngahontal hiji maksud, urang kudu ngajalankeun rupa-rupa cara atawa tarékah.

d)

Narima barang anu geus lila dipikahayang bari teu disangka sanga

e)

Ulah lebar dina ngagunakeun harta banda pikeun kasalametan awak urang.

8.

"Nyai panggedéankeun kompor, ema kagok keur ngundeur daun sampeu" Ceuk Ceu Tini ka Nyi Ihar.

Kecap Panggedeankeun kompor kaasup kana pakeman basa nya eta ....

a)

Rakitan Lantip

b)

Babasan

c)

Paribasa

d)

Cacandran

e)

Candrasangkala

9.

Di handap ieu nu kaasup kana Uga nya eta ....

a)

Bandung heurin ku tangtung

b)

Galunggung ngadeg tumenggung

c)

Sumedang ngarangrangan

d)

Sukapura ngadaun ngora

e)

Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung

10.

Dina pakeman basa teh aya nu disebut Caturangga, nya eta kaweruh pikeun mikanyaho hade gorengna watek kuda pikeun diingu. Contona wisnu murti, nya eta ...

a)

watek kuda anu hadé lantaran mawa bagja ka nu boga. Cirina nya éta sakabéh warna bulu kudana hideung meles.

b)

watek kuda anu hadé, matak mulya ka nu ngingu. Tandana kukulinciran dina tonggong handapeun sela belah hareup.

c)

watek kuda anu hadé, matak loba rejeki ka nu ngingun. Tandana bulu suku kuda ti handap nepi kana tuurna, opatanana warna bodas.

d)

watek kuda anu hadé, matak loba rejeki. Tandana kukulinciran dina taran kuda.

e)

watek kuda anu goréng, dibawa meuntas dina leuwi sok tikerelep, dina parung sok depa.