wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan harian kelas 9

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW.

Paragrap di luhur kaasup kana .…

a)

panutup biantara

b)

eusi biantara

c)

bubuka biantara

d)

bubuka jeung panutup biantar

e)

Bubuka jeung eusi biantara

2.
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda. Paragrap di luhur ka asup kana ….
a)
Panutup biantara
b)
Bubuka jeung panutup biantara
c)
Eusi biantara
d)
Bubuka jeung eusi biantara
e)
Bubuka jeung eusi biantara
3.
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW. Paragrap di luhur ka asup kana ….
a)
Panutup biantara
b)
Bubuka
c)
Eusi biantara
d)
Bubuka jeung eusi biantara
e)
Bubuka jeung eusi biantara
4.
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal ….
a)
ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b)
ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwihluhur
c)
nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
d)
ngahaturkeun nuhun ka para bapak jeung ibu guru
e)
ménta bekel keur neruskeun sakola kanu leuwih luhur
5.
“Bapa titip ka aranjeun tong nepi ka maut nyéré ka congona, sing tarapti ti ayeuna ngajalankeun kahirupan. Sakumaha tadi geus dibahas ku bapa, saumpamana hidep rék migawé hiji pagawéan téh kudu tepi méméh indit, dibeuweung di utahkeun, dipikir dibalik pikir. Enya ogé hirup mah taya nu nyaho kahareupna, ngan urang geus bisa pepelakan ti ayeuna, meh kitu apal naon nu rék diala jagana”. Tina sempalan biantara diluhur aya nu dicitak déngdék, eta mangrupa paribasa, anu ngandung harti ….
a)
maot mawa kasusah
b)
maot mawa dosa
c)
keur ngora senang, ari geus kolot susah
d)
teu boga nanaon sabab keur budakna tara diajar
e)
rupa-rupa kasusah téh kudu disinghareupan kalayan sobar
6.
Bapa kepala sakola nuju biantara dina raraga agustusan. Dina prak-prakanna bari mawa catetan inti. Kaasup kana metode biantara naon?
a)
Nalar
b)
maca naskah
c)
ekstemporan
d)
impromtu
e)
biantara
7.
Dina acara perpisahan SMK Purnawarman taun 2019, Bu Tuti ditunjuk jadi ketua panitia, anjeunna dipiwarang biantara, tuluy dibaca naskah biantara teh sagemlengna. Kaasup kana metode naon?
a)
Nalar
b)
maca naskah
c)
ekstemporan
d)
impromtu
e)
biantara
8.
jejer biantara teh kudu luyu jeng situasi sarta kondisi kiwari nu keur rame dipadungdengkeun, ulah medar materi anu eta-eta keneh. Kaasup kana padika biantara....
a)
jejerna aktual
b)
rangkayna weweg
c)
eusina mundel
d)
basana hade
e)
kudu aya babasan
9.
patalina jeung gerak awak nu epektip dina biantara disebut oge istilah lainna nya eta....
a)
artikulasi
b)
lentong
c)
wirahma
d)
pasemon
e)
gesture
10.
patalina jeung anca gancangna atawa tarik halonna dina nyarita.
a)
artikulasi
b)
lentong
c)
wirahma
d)
pasemon
e)
gesture
11.
Abdi mah mondok ti siang keneh, margi engke wengi bade nongton wayang. Kalimah di luhur ngagunakeun ragam basa...
a)
basa loma
b)
lemes keur sorangan
c)
lemes keur batur
d)
kasar
e)
bahasa budak
12.

Nyarita hareupeun jalma balarèa teh disebutna naon?

a)

Monolog

b)

Dialog

c)

Biantara

d)

Paguneman

13.

Jalma anu kawentar atawa anu ahli dina Biantara disebutna naon?

a)

Host

b)

Orator

c)

Narasumber

d)

Juru Bicara

14.

Ciri Pamuka dina Biantara disebutna naon?

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Salam Bubuka

d)

Panutup

15.

Dina bagian bubuka ditepikeun jadi dua alinèa, sebutkeun naon waè?

a)

Alinèa ka hiji ngadugikeun puji syukur ka Gusti Alloh, sarta alinèa ka dua nepikeun jejer eusi biantara

b)

Alinèa Ka hiji ngadugikeun puji syukur ka Gusti Alloh, sarta alinèa ka dua nepikeun salam-salam

c)

Alinèa ka hiji nepikeun salam-salam ka nu haladir, sarta alinèa ka dua panutup

d)

Jawaban sadayana leres

16.

Bagian biantara anu nepikeun maksud ka pamiarsa ti mimiti nepikeun ka akhir sarta kumaja panjang pondokna eusi biantara.

Èta wangenan teh disebutna naon?

a)

Salam Bubuka

b)

Runtuyan Eusi

c)

Bubuka Biantara

d)

Salam Panutup

17.

Dina Bagian Tatahar nepikeun Biantara, saacan ngamimitian biantara urang kudu persiapan sangkan henteu demam panggung.

Èta wangenan tèh disebutna naon?

a)

Milih jejer atawa poko pasualan

b)

Sayaga Mèntal

c)

Nangtukeun tujuan biantara

d)

Maluruh Jalma nu Hadir

18.

Naon anu dimaksud Ngadadarkein Eusi Biantara dina Tatahar nepikeun Biantara?

a)

Nuliskeun Gurat badag picaritaeun

b)

Ngajelaskeun Eusi Biantara kalayan jelas

c)

Maluruh jalma nu hadir

d)

Ngajelaskeun kahèngkèran (kalurangan)

19.

Aya sawatara ha nu kudu di perhatikeun nalika Biantara, salahsajijina aya "Ngèntèp Seureuhna sing Ngaruntuy". Cik jelaskeun naon maksudna?

a)

Gaya Basana kudu murwakanti (sora tungtungna mirip)

b)

Runtuyanana sing jelas, ulah acak-acakan sarta kekecapanana (struktur kalimahna) kudu ngeunaheun

c)

Jejerna (topikna) kudu luyu

d)

Ècès nepikeun eusi Biantara

20.

Nalika nepikeun Biantara urang kudu Tatag Nyaritana. Naon nu dimaksud "Tatag Nyaritana"?

a)

Percaya diri dina cumarita, jelas sarta teu loba kasalahan

b)

Aya informasi anu di tepikeun dina èta Biantara

c)

Alus Basana

d)

Alus basana tur luyu jeung pamiarsana