NEW
Font size
WorksheetsLatihan Basa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Tanda panyeluk téh digunakeunkeur mungkas kalimah . . . .
pananya
tunggal
paréntah
warta
Anu tanda bacana bener nyaéta . . .
Tutupkeun, pantona.
Tutupkeun pantona ?
Tutupkeun pantona!
Tutupkeun pantona!?
Karangan dina wangun lancaran anu ukuranana pondok disebut ...
dongeng
sketsa
carpon
carita wayang
Bapa nuju maos koran di tepas . Kalimah di luhur mun dirobah jadi kalimat pasif jadi ...
Koran nuju diaos Bapa di tepas
Di tepas Bapa nuju maos koran
Koran maos Bapa di tepas
Maos koran Bapa di tepas
"Hadirin anu dipihormat, dampak virus corona kacida gedena pikeun kahirupan urang. Ku kituna hayu urang sadaya ngalawan ku cara rajin nagjaga kebersihan jeung kasehatan diri ." Kalimah di luhur kaasup kana bagian ...tina biantara
pamuka
salam pamuka
eusi biantara
panutup
"Assalamualaiku wr.wb. Sampurasun! Ibu - ibu sinareng bapa - bapa guru nu ku sim kuring dipihormat. barudak nu dipikadeudeuh."...Kaasup bagian tina ...biantara
bubuka
salam pamuka
eusi
panutup
Masalah kasehatan masyarakat teh balukar tina lingkungan kurang bersesih, nya eta ...
tara olah raga
pola hirup kurang sehat
sok begadang wae
dahar tambarakan
........ nu meunang hadiah kulkas teh, Ambu ?
Kecap pananya nu bener dina kalimah diluhur nyaéta ...
A. Dimana
B. Saha
C. Kunaon
D. Iraha
Adi ......... ari manéh bet ceurik ?
A. Dimana
B saha
C. Kunaon
D. Iraha
Perhatikeun kalimah di handap!
1) Jatnika melak cau di kebon tukang.
2) Sulaeman mulung buah dukuh di kebon Mang Saja.
3) Ka sakola sapeda dituyun ku Aisah.
4) motor didorong ku barudak di lapangan basket.
5) Poe Senen bandera diibarkeun ku paskibra.
Nu mangrupa kalimah aktif nu bener nya eta ....
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 5
Tengetan kalimah dihandap!
1) Soang ngudag anak hayam
2) Indung hayam ngabintih soang nu memerik anakna.
3) Soang dibaledog ku juragan Mastur.
4) Ucing diusapan Husna di tepas imahna.
5) Anak ucing diletakan ku indungna.
Nu nuduhkeun kalimah pasif nyaeta ....
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 4
2, 3, jeung 4
3, 4, jeung 5
Bhineka Tunggal Ika mibanda harti...
loba sélérna loba adat jeung basana
sanajan hiji tetep béda-béda
ngahiji dina kaayaan anu béda
béda-béda tapi tetep hiji
Kawajiban para siswa dina ngeusian kamerdékaan mangsa kiwari ku cara...
mindeng beberesih
mindeng maen hapé
getol digawé
junun diajar, nyukcruk ilmu nyuprih pangarti
Para siswa maraca solawat Nabi
Jejer dina éta kalimah aktif nya éta...
Para siswa
siswa maraca
maraca solawat
solawat Nabi
Para siswa kelas genep nyumbang korban banjir
kalimah nu tepat lamun dirobah kana kalimah pasif nya éta..
Korban banjir nymbang ka para siswa kelas genep
Korban banjir disumbang ku para siswa kelas genep
Para siswa kelas genep disumbang ku korban banjir
Para siswa kelas genep dibere sumbangan ku korban banjir
Déni nuju nulis teks biantara di pagupon.
Biantara hartina nyaéta ....
Pidato
Wawancara
Seminar
Nyarita
Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .
masak
papan
kai
meja
Salasahiji unsur carpon nya éta palaku, nu hartina..
gagasan pokok anu diangkat jadi ide carita
ngaran-ngaran sarta watek tokoh nu aya dina carita
hal-hal nu ngeunaan waktu, kaayaan sarta tempat kajadian
runtuyan kajadian nu ngawangun carita
Alhamdulillah, dina dinten ieu urang sadayana tiasa patepang lawung, paamprok jonghok. Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah paturai tineung.
Paraprap di luhur kaasup bagian . . . pidato
salam
bubuka
eusi
panutup
Di handap ieu kecap - kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning iwal . . .
mungguhing
kersaning
ceceting
bakating
