WorksheetsUlangan Basund BAB 1 kelas XII
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Titenan!
Saringset Pageuh
(1)Iket atawa totopong téh di Sunda mah kabeungharan budaya tutup sirah pangbuhunna. Mun dijujut tina harti kecapna, iket asalna tina kecap ‘saiket’, nu hartina sabeungkeutan atawa sauyunan dina hiji pakumbuhan.
(2) Silokana, nyéré mun sagagang mah teu bisa nyapukeun nanaon, tapi mun sabeungkeutan jadi sapu nu bisa kuat nyapukeun rupaning runtah. Kitu ogé jalma, mun sosorangan tangtu bakal beurat nyanghareupan hiji pasualan. Sirah minangka subjék nu diiketna, sedeng pasualan nu datang ti luar jeung jero dirina minangka objék nu kudu sayaga pikeun disanghareupan, sangkan hirup salawasna caringcing pegeuh kancing, saringset pageuh iket.
(3)Mimiti resep kana iket memang ti bubudak, tapi ari leuwih kataji pikeun nalungtik leuwih jero mah karék taun 2005. Kitu ogé ladang tatanya ka kolot jeung saha baé nu weruh kana iket, bari terus ngeureuyeuh ngadongdon kampung adat. Najan masih kénéh héngkér ngeunaan kumaha jero-jerona iket, tina ladang tetelepék téh saheulaanan mah bisa dicindekkeun yén iket téh ngawéngku tilu bagian, nyaéta bahan, corak/motif, jeung wangun iket.
(4)Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero) atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna nu pasagi.
Dumasar teks pedaran di luhur, nu kaasup bagean bubukana nya eta aya dina paragraf...
1 jeung 3
2 jeung 4
3 hungkul
1 hungkul
1 , 2 jeung 3

Iket asal kecapna tina....
saikat
saiket
sasikat
sasikeut
saikeut

Ari iket teh nya eta ngawengku ..... bagean.
hiji
dua
tilu
opat
lima
Titenan!
Leuwih alus bahan tur renyek motif batik dina hiji iket, leuwih mahal hargana. Biasana nu bogana golongan menak, contona motif réréng jeung gambir saketi. Sabalikna, upama iketna polos (saperti wulung di Kampung Dukuh jeung bodas di Baduy Jero) atawa ukur aya motif batik sisina wungkul (iket sisian), hargana gé leuwih murah tur nu makéna gé golongan cacah. Sedeng tina wangunna iket aya dua bagian, nyaéta iket pasagi jeung juru tilu. Sabenerna ari wangun iket mah pasagi, jadi juru tilu sotéh pédah ditilep atawa dikeureut tina wangun asalna nu pasagi.
Iket anu leuwih alus bahana jeung renyek motif batikna biasana dipake ku golongan menak sabab....
hargana murah
hargana teu pati mahal
hargana teu pati murah
hargana leuwih mahal
hargana mahal
Titenan!
Iket gé bisa dibédakeun dumasar kasta/golongan jeung situasi makéna. Golongan nu maké iket lian ti dibédakeun ku bahan jeung motif, ogé gumantung kana rupa beulitan iket. Mun seug ditataan, leuwih ti saratus rupa beulitan iket, antarana barangbang semplak, paros (parékos nangka, parékos jéngkol, parékos gedang), koncér/ paitén, julang ngapak, lohén, ki parana, udeng, pa tua, kolé nyangsang, porténg, jrrd—kaasup rupa beulitan buhun nu dipaké di kampung adat tur nu padamikawanoh ku masarakat nepi ka kiwari, jeung rékaan anyar nu ngahaja nyipta sorangan.
Dumasar kana teks di luhur, nu lain mangrupa rupa beulitan iket nya eta...
koncir
julang ngapak
udeng
ki parana
pa tua
Titenan!
Nu matak prihatin, arang langka séntra batik di Jabar nu nyieunan iket. Lantaran pasar nu ngajual iket kurang pisan batan pasar samping kebat upamana. Turug-turug saeutik deui toko anu nyadiakeun kain batik. Antukna masarakat nu mikabutuh iket ukur ngandelkeun tatalépa. Salila ieu iket réa diproduksi di Pekalongan, Solo, nu ngagunakeun téhnik printing, cap, jeung tulis. Padahal, lamun iket diproduksi luyu jeung poténsi motif batik unggal daérah nu aya di Jabar, tur promosi jeung publikasina dikokolakeun kalawan hadé, tanwandé bakal jadi kabeungharan lokal jeung daya tarik pikeun wisatawan.
Naon sababna sentra batik di Jabar arang langka nu nyieunan iket?
lantaran loba jalma nu teu teserp iket
lantaran batikna mahal
lantaran pasar nu ngajual iket loba pisan
lantaran pasar nu ngajual iket kurang pisan
lantaran eleh ku samping kebat
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...
foklor
budaya
tradisi
etika
tatakrama
Titenan!
Tina rupa beulitan bisa nuduhkeun golongan nu tangtu, saperti rupa beulitan iket barangbang semplak ilahar dipaké ku jawara, kuda ngencar dipaké ku barudak ngora, parékos/poros jeung udeng dipaké ku barudak leutik jeung masarakat sapopoé mun rék digawé, jrrd.
Beulitan iket anu sok dipake ku barudak ngora nya eta...
barangbang semplak
kuda ngencar
poros
udeng
parengkos
Cara nuliskeun tulisan bahasan atawa pedaran teh rupa-rupa wanguna. Ieu di handap anu lain wangun tulisan bahasan / pedaran nya eta...
karangan fiksi
argumentasi
deskripsi
narasi
eksposisi
Titenan!
Ti puseur kota Bandung mah kaitung deukeut Kampung Mahmud teh, kira-kira 5 km laju ngulon. Bisa ngagunakeun ngkot jurusan Tegalega-Mahmud atawa kandaraan pribadi. Merlukeun waktu perjalanan 30-45 menit. Sanggeus ngaliwatan ngembatna jambatan CItarum, kakara anjog ka lawang gapurana. Pernahna di Desa Mekar Rahayu, Kacamatan Marga Asih, Kabupaten Bandung.
Eta sempalan pedaran / bahasan ngeunaan kampung Mahmud teh ngagunakeun wangun karangan deskripsi lantaran...
nagjentrekeun hal dumasar alesan anu kuat
ngajentrekeun tur medar hiji objek, prosesna jeung tujuana
nyaritakeun lumangsungna kajadian ti mangsa ka mangsa
ngagambarkeun objek, tempat, atawa kajadian sacara jentre
taya jawaban nu bener