NEW
Font size
WorksheetsCARITA WAYANG 2
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
Dipati Karna, Raja Awangga, kasaktianana henteu éléh ku Arjuna. Lian ti ahli mentang jamparing, pinter maén gada jeung tumbak. Anjeunna putra Batara Surya. Ibuna Déwi Kunti, sami sareng Yudhistira, Bima, katut Arjuna.
Dumasar kutipan téks di luhur, saha tokoh nu keur dicaritakeun ?
Arjuna
Gatotkaca
Dipati karna
Yudistira
Bima
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap unggal poé nunjukkeun latar ...
Suasana
Waktu
Tempat
Enggon
Kaayaan
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
Énjingna Gatotkaca majeng, mingpin paraprajurit maju ka médan perang. Kawantu sarua gagah jeung sakti, pe rang antara Karna jeung Gatotkaca ka cida ragotna. Nepi ka tengah poé, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal éléh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap médan perang nunjukkeun latar ...
Suasana
Waktu
Tempat
Wanci
Kaayaan
Gatotkaca ka Bima jeung Arimbi perenahna ...
Aki jeung nini
Mamang jeung bibi
Bapa jeung indung
Alo jeung suan
Kapiadi jeung kapilanceuk
Arjuna ka Bima perenahna ...
Bapa
Indung
Aki
Nini
Lanceuk
Parikesit ka Arjuna jeung Subadra perenahna ...
Aki jeung nini
Mamang jeung bibi
Bapa jeung indung
Alo jeung suan
Kapiadi jeung kapilanceuk
Pandu jeung Kunti ka Parikesit perenahna ...
Kapiadi
Alo
Kapilanceuk
Buyut
Bao
Gatotkaca lain tokoh penting, tapi ukur dicaritakeun rék maotna, hal ieu ayana ti carita India, sedengkeun di carita urang Sunda. Kumaha tokoh Gatotkaca téh?
Tokoh penting jeung réa dicaritakeun
Tokoh anu boga sipat julig
Tokoh anu boga sipat réhé
Tokoh anu boga sipat pikasebeleun
Tokoh nu tara dicaritakeun
Pék regepkeun kutipan téks di handap ieu !
Ku kaahlian Dorna kasebut, para pangeran Pandawa jeung Kurawa pohara hookeun, Dorna ngucapkeun jampé Wéda sakali deui sarta némbakkeun péso éta kana jero sumur. Péso éta mebes kana bagian tengah lélépén anu ngambang. Saterusna manéhna metot ka luhur antukna lélépén éta balik deui. Alatan kataji, para Pandawa jeung para Kurawa mawa Dorna ka dayeuh sarta ngalaporkeun kajadian kasebut ka Bisma, aki maranéhanana.
Kumaha tokoh Dorna dicaritakeun dina carita India ?
Tokoh penting jeung réa dicaritakeun
Guru Kurawa anu boga sipat wijaksana jeung dipihormat.
Guru Pandawa anu boga sipat wijaksana jeung dipihormat.
Tokoh nu tara dicaritakeun
Guru Pandawa jeung Kurawa anu boga sipat wijaksana jeung dipihormat.
Pék regepkeun kutipan téks di handap ieu !
1. Kurawa
2. Nakula
3. Dipati Karna
4. Déstarasta
5. Sadéwa
Tokoh-tokoh di luhur nu kaasup kana Pandawa lima nyaéta ...
1 jeung 2
3 jeung 5
2 jeung 5
4 jeung 5
3 jeung 4
