wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASAN TRADISI

Total questions: 15

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur (a)   bulan

2.

Aya rupa-rupa téhnik bu dipaké dina nulis karangan pedaran. Nu teu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran nyaéta ...

a)

téhnik idéntifikasi

b)

téhnik klasifikasi

c)

téhnik définisi

d)

téhnik ilustrasi

e)

nyarungsum karangan nu geus jadi

3.

Nu dimaksud talawéngkar dina tradisi Tingkeban téh nyaéta ....

a)

kendi tempat belut jeung tempat cai inumeun

b)

rujak kanistrén nu dibagi-bagi ka nu hadir

c)

kembang tujuh rupa pikeun mandi

d)

sinjang keur gaganti dina upacara mandi

e)

beubeulahan kenteng nu dijieun duduitan

4.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebut ...

a)

carita

b)

dongéng

c)

tradisi

d)

warta

e)

novél

5.

Ieu di handap anu teu kaasup kana upacara daur hirup manusa nyaéta ...

a)

adat mulasara bali

b)

tingkeban

c)

sérén taun

d)

adat nu ngajuru

e)

adat nu nyepitan

6.

Dina kahirupan masarakat sunda, adat kabiasaan teh patali jeung upacara daur hirup, ti mimiti kakandungan,lahir,rumaja,kawin,nepi ka maot.

Di handap ieu anu teu kaasup dina tradisi anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat sunda nyaéta ...

a)

Adat mulasara bali

b)

Adat ngaben

c)

Adat sundatan

d)

Adat ngawinkeun

e)

Adat ngariksa nu reuneuh

7.

Ngajéntrékeun hiji perkara kucara néangan jeung méré gambaran kana éta perkara atawa barang dina cara nuliskeun karangan disebut téhnik ...

a)

idéntifikasi

b)

klasifikasi

c)

définisi

d)

prosés

e)

ilustrasi

8.

1) Bubuka

2) Mukodimah

3) Eusi

4) Panutup

5) Kacindekan


Bahasan tradisi Sunda téh miboga struktur karangan, runtuyan struktur karangan bahasan tradisi Sunda anu bener nyaéta ....

a)

1 – 2 – 3 – 4

b)

2 – 1 – 3 – 4

c)

1 – 3 – 5

d)

1 – 3 – 4

e)

2 – 3 – 4

9.

Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu:

“Badé ngaleueut kopi?” saurna.


Sempalan bahasan tradisi diluhur kaasup salah sahiji aspék tatakrama Gaul, nyaéta tatakrama ….

a)

wawanohan

b)

nelepon

c)

ngalongok nu gering

d)

sasalaman

e)

nyémah

10.

Dina tradisi sawér pangantén, aya salsahiji banda anu ngalambangkeun kasajahteraan yén pangantén téh dina kahirupan rumah tangga kudu bisa néangan bahan poko sangkan kacumponan naon nu jadi kabutuhan. Eta banda téh dilambangkeun dina wangun…

a)

duit

b)

béas

c)

konéng

d)

permen

e)

payung

11.

Perhatikeun éta gambar!


Gambar di luhur mangrupa salasahiji tradisi nu disebut…

a)

sérén taun

b)

tingkeban

c)

upacara opat bulanan

d)

meuleum harupat

e)

nyawér

12.

Salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén. Dina prosési ieu pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya. Maksudna nyaéta ménta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan, sok disebut…

a)

Sungkem

b)

Huap lingkung

c)

Sawér

d)

Ngeuyeuk Seureuh

e)

Meuleum Harupat

13.

Salaku istri dina rumah tangga kudu bisa niiskeun atawa mareuman siga eusi kendi anu eusina cai pikeun mareuman seuneu, mangrupa tina ma’na tradisi ….

a)

Nyawér

b)

Nincak endog

c)

Meuleum harupat

d)

Huap lingkung

e)

Sungkeman

14.

Prosési siraman jeung ngaras biasana ditujukeun pikeun….

a)

némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a

b)

némbongkeun masih nyekel pageuh adat sunda

c)

némbongkeun kulawargana mampu ngayakeun ieu upacara

d)

némbongkeun kabungahaan nu jadi pangantén

e)

némbongkeun calon pangantén awéwé parawan kénéh

15.

Dina prak-prakan tradisi Tingkeban sok dibacakeun surat Al Qur'an, antarana baé surat ....

a)

Al Baqoroh

b)

Yasin

c)

Al Imron

d)

Yusuf

e)

Annisa