wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN KELAS 12

Total questions: 15

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Cara-cara atawa kabiasaan sapopoé hiji masarakat. Upamana urang Sunda, kabiasaan sapopoé masarakat Sunda, disebut …

a)

adat Sunda

b)

adat-Istiadat

c)

kabiasaan urang Sunda

d)

undak-usuk basa

e)

aturan urang Sunda

2.

Sanggeus dua pihak lalaki jeung pihak awéwé satuju tina neundeun omong, wakil pihak lalaki datang henteu nyorangan tapi dibarengan ku rombongan sarta henteu lengoh, disebut adat …

a)

neundeun omong

b)

tunangan

c)

ngalamar

d)

seserahan

e)

kawinan

3.

Hal nu aya dina adat kawinan, nyaeta ...

a)

neundeun omong

b)

ngalamar

c)

tunangan

d)

seserahan

e)

kawinan

4.

Sapoe samemeh akad nikah dina adat kawinan, peutingna dilaksanakeun "ngeuyeuk seureuh" anu maksudna nyaeta ...

a)

mere nasehat ka calon panganten dina ngajalankeun hirup rumah tangga nu bener

b)

mere nasehat ka kabeh kulawarga supaya ngajalankeun hirup nu bener

c)

mere ajenan atawa papagah ka tamu nu datang dina kawinana

d)

pangajian supaya panganten dina ngajalankeun hirup kalawan bener

e)

ngalamar ka pihak panganten awewe

5.

Bagian dina adat kawinan gambar diluhur, nyaeta ...

a)

ngeuyeuk seureuh

b)

nincak endog

c)

seserahan

d)

huap lingkung

e)

buka panto

6.

Tingkeban dina adat tujuh bulanan, ngandung maksud ...

a)

supaya salamet sakulawarga pihak awewe

b)

supaya acara tujuh bulanan kalawan lancar

c)

supaya orok jeung indung salamet dina nyanghareupan ngajuru

d)

supaya dina umur salapan bulan kalawan lancar

e)

supaya orok buru-buru lahir

7.

Adat Sunda dina gambar di luhur nyaeta ...

a)

tradisi melak pare

b)

tradisi nyi pohaci

c)

tradisi bubur suro

d)

tradisi neundeun pare

e)

tradisi seren taun

8.

Adat sok dilaksanakeun ku urang basisir kidul anu percaya yen laut aya nu ngarajaan nyaeta Nyi Roro Kidul, disebut ...

a)

babarit

b)

ngaruat

c)

nyunatan

d)

hajat laut

e)

tujuh bulanan

9.

Menta kasalametan ka luluhur pikeun hiji nagara makmur, nyaeta adat ...

a)

ngaruat

b)

babarit

c)

hajat laut

d)

seren taun

e)

bubur suro

10.

Nu teu kaasup kana tradisi Sunda, nyaeta ...

a)

pagelaran wayang

b)

adat bajidoran

c)

seren taun

d)

reog

e)

bubur suro

11.

Tokoh Pandawa Lima dina pawayangan Mahabarata, nyaeta ...

a)

Suduyana, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa

b)

Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa

c)

Yudhistira, Bima, Arjuna jeung Kurawa

d)

Yudhistira, Bima, Arjuna jeung Karna

e)

Suduyana, Bima, Arjuna jeung Kurawa

12.

Gambar salah sahiji tokoh Pandawa Lima di luhur, nyaeta ...

a)

Yudhistira

b)

Suyudana

c)

Bima

d)

Arjuna

e)

Kurawa

13.

Karajaan dina pawayangan Mahabarata anu rajana Yudhistira, nyaeta ...

a)

Astina

b)

Amarta

c)

Mataram

d)

Demak

e)

Kosala

14.

Karakter simbol kagorengan umat manusa dina carita pawayangan, nyaeta tokoh ...

a)

Yudhistira

b)

Bima

c)

Arjuna

d)

Nakula Sadewa

e)

Kurawa

15.

Salah sahiji kakuatan nu dipiboga Gatotkaca, nyaeta ...

a)

ahli manah

b)

jago maen pedang

c)

ahli gada

d)

pinter ngomong

e)

bisa ngapung