WorksheetsUH (BIANTARA & SISINDIRAN)
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
"nyarita nepikeun hiji perkara di hareupeun jalma réa kalayan maké cara tatakrama anu husus"
Pernyataan ieu teh mangrupa wangenan ti ...
bewara
biantara
iklan layanan masarakat
sawala
sisindiran
Jalma anu ahli biantara atawa pidato disebutna ...
orator
narator
demonstrator
proktor
rekor
salasahiji tujuan ti biantara teh nya eta ...
teu mangaruhan batur sangkan daek nuturkeun kahayang urang jeung resep rela
teu mere hiji pemahaman atawa informasi kabatur
mere hiji pemahaman atawa informasi kabatur
balabeja nu dipikahayang ku orator
mere nyaho kagiatan sapopoe
Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda. Da kapan, geuning tacan sakum sakola di Cianjur ngarojong kana ieu program, malihan, aya sakola teu teu apal-apal acan kana éta program téh.
kalimah diluhur kaasup kana bagian biantara ...
salam bubuka biantara
bubuka biantara
eusi biantara
panutup biantara
salam panutup biantara
di handap ieu nu kaasup kana bubuka biantara nya eta ...
Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist,...
Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda.
Ampun paralun teu pisan-pisan seja mapatahan ngojay ka meri, utamina ka para budayawan katut inohong basa Sunda, ieu mah pilakadar tawis asih ti nonoman
Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin sadaya anu sami hadir anu ku sim kuring dipihormat.
Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Numatak ayeuna mah Kabupatén Cianjur tos ngarintis sadaya lembaga kaasup sakola, yén dina saminggu téh aya poé basa Sunda.
Sisindiran teh nya eta ...
Karya sastra wangun puisi (ugeran) anu eusina omongan nu dibalibirkeun, henteu togmol.
Karya sastra wangun prosa anu eusina omongan nu dibalibirkeun.
Karya sastra wangun kawih anu eusina omongan nu dibalibirkeun, henteu togmol.
Karya sastra wangun puisi (ugeran) anu eusina omongan nu dibalibirkeun, henteu togmol.
Karya sastra wangun puisi (ugeran) anu eusina omongan nu teu dibalibirkeun, henteu togmol.
dina wangunna sisindiran teh dibagi jadi 3, Rarakitan, Paparikan jeung Wawangsalan. mana di handap ieu nu kaasup wangun rarakitan ...
Hirup ulah popolotot, bisi moal boga batur.
Kudu inget pesen kolot, jeung dulur teh kudu akur.
Disebut bilatung dulang
api-api teu kadangu (wangsalnya sangu)
Hampulas raraga jati, palataran babalean.
Iklas raga reujeung pati, ngabelaan bebeneran.
Ka kulah nyiar kapiting, ka nu bala ngala suluh.
Ulah sok liar peuting, di sakola matak tunduh.
Hate bungah nempo soto, hayang geura-geura dahar.
Hate kuring rasa sono, hayang panggih jeung manehna.
Dumasar kana eusina sisindiran teh aya 3, nyaeta sesebred, piwuruk jeung silih asih.
mana sisindiran di handap anu eusina piwuruk ...
Ngala terong jeung kalapa, dibawa ka kebon cikur.
Nu gondrong jaman ayeuna, teu wawuh ka tukang cukur.
Ka kulah nyiar kapiting, ka nu bala ngala suluh.
Ulah sok liar peuting, di sakola matak tunduh.
Mawa kuda ka Cibabat, mawa kalde ka Cigadung.
Mun urang jadi pajabat, kahade ulah adigung.
Boboko luhureun imah, ninggang kana pileuiteun.
Ari bogoh tong ka semah, lamun anggang sok leungiteun.
Rarasaan rek ka Lembang, teu nyaho ka Cikabuyutan.
Rarasaan awak lenjang, teu nyaho awakna gendut.
Bedana ciri paparikan jeung rarakitan teh katingali dina ...
rarakitan mah awal kecapna teh aya nu di ulang
papariakan mah awal kecapna aya nu diulang
teu aya bedana
rarakitan 2 padalisan, paparikan 4 padalisan
rarakitan mah eusina di padalisan 1 jeung 2, paparikan mah eusina di padalisan ka 3 jeung 4
wawangsalan nu cocog pikeun wangsalna "simeut" nya eta ...
Kembang bodas buah bunder,
ngaheuruk nya pikiran.
Teu puguh monyet hideungna,
asa teu puguh tungtungna.
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipakameumeut.
Kendang gede pakauman,
dag-dig-dug rasaning ati.
