Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA
Total questions: 25
Worksheet time: 50mins
Kecap asal tina kecap ngarepotkeun nyaeta ....
Repot
Rerepot
Repoteun
Direpotkeun
Pakasabanana ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok nu geus meunang ijasah ti sakola bidan nyaeta ....
Dokter
Paraji
Patani
Guru
Kalimah di handap ieu anu salah nulis hurup kapital, nyaeta ....
Dudi sakelas jeung Wandi
Dimana bumina Pa Dedi teh?
Bapa nembe mulih ti jakarta
Bu Lilis nuju ngawulang basa Sunda
Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta ....
Hayu ah urang ucing sumput.
Iraha Kang Ajat sumpingna?
Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.
Doni, pangnyandakkeun buku di perpustakaan!
Motto "Bhinneka Tunggal Ika" teh hartina ....
Bangsa Indonesia teh boga rupa-rupa seler bangsa
Nagara Indonesia boga rebuan pulo
Nagara Indonesia sarua jeung Nusantara
Najan rineka tur bineka, tapi tetep hiji
Baca paguneman ieu di handap !
Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"
Aris : "aya tilu sarat."
Suci : "naon wae, ris?"
Aris : "saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."
Suci : "oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"
Aris : "nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"
Suci : " abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."
Aris : "hayu."
Naon jejer paguneman di luhur teh?
Ngajukeun beasiswa prestasi
Peunteun rapot alus
Ngajukeun sertifikat pasanggiri
Idin miluan pasanggiri
kecap-kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan, nyaeta ....
toko
warung
saung
jongko
Isuk-isuk kira wanci tabuh salapan bisa ..... sabab alus keur kasehatan.
moyan
nyeseuhan
popoe
leuleumpangan
kuring indit ka sakola
antonim kecap indit nyaeta...
angkat
balik
mios
cicing
kalimah pananya "Iraha Bapa sumping ti Surabaya?" dipake pikeun nanyakeun ....
tempat
waktu
jalma
jumlah
Manehna teh jadi kiper lantaran .....
nyepak pinalti
ngajaga gawang
maju ka hareup
pamaen sayap
“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”
ka tukang
ka payun
ka pengker
ka warung
Dinten jumaah kamari Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung
Paéh
palastra
maot
pupus
Sing tarik atuh nyarita téh ngarah….
didéngé
ngadéngé
didéngékeun
kadéngé
Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.
Ngahambur-hambur
Ngantep
Ngahemat
Ngaruksak
. . . teh sumber energi panas.
Panonpoe
Bulan
Bentang
Bumi
Asih : ... Teh Ani teu ngiring uleman?
Wati : Saur mamahna mah nuju teu damang
Kalimah pananya anu merenah nyaeta ...
iraha
nu mana
kunaon
sabaraha
Cik teangan antonim kecap dihandap ieu tuluy larapkeun dina kalimah!
Indit >< ...
Asih keur siap-siap rek indit ka bumi Ika
Darman kakara ... ti Bandung
(a)
... urang kulawarga Asih teh ?
Kulawarga Asih teh opatan
kalimah pananya anu merenah nyaeta ...
(a)
Gambar diluhur nyaeta kaulinan nu make pakakas. Naon ngaran kaulinanna ... jeung naon ngaran pakakasna ...
(a)
Naon ngaran kaulinan tina gambar diluhur nyaeta ... biasana kokojana make talawengkar atanapi batu
(a)
Larapkeun aksara gede dina kalimah di handap kalawan bener saperti conto!
Conto:
galih jeung gugun keur maen langlayangan
Galih jeung Gugun keur maen langlayangan
Kerjakeun soal dihandap ieu !
ani meuli dodol ti garut
(a)
