NEW
Font size
WorksheetsBIANTARA
Total questions: 10
Worksheet time: 42mins
Biantara téh nyarita di hareupeun balaréa, kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun. Biantara kaasup kagiatan nyarita nu sipatna....sabab biantara ngan saukur diréspon ku salam jeung unggeuk.
monolog
dialog
komunikatif
refresentatif
tukeur-pikiran
Biantara ilaharna ngagunakeun ..., sabab ngajénan hadirin anu ngabandungan biantara.
basa-basi
basa kasar
basa wewengkon
basa lemes
basa loma
Aya opat métode atawa téhnik nu biasa digunakeun dina nepikeun biantara nya éta métode nalar, métode maca naskah, métode ékstémporan, jeung métode langsung. Métode nu biasa digunakeun ku para papanggung saperti Présidén, para Mentéri, Gupérnur, atawa Bupati/Wali Kota nya éta métode….
nalar
maca naskah
ékstémporan
impromptu
ngapalkeun
Biantara formal jeung biantara anu teu formal ditangtukeun ku….
Situasi atawa kaayaan, tempat, jeung nu hadir dina biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung naskah biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Jejer, raksukan, jeung naskah biantara.
Jejer, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Dina nepikeun biantara aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun diantarana kudu béntés ngalisankeun kekecapan jeung henteu loba ngarandeg dina nyarita atawa disebut ogé kudu merhatikeun....
artikulasi
lentong
wirahma
nada
pasang peta
Sacara gurat badag struktur biantara téh ngawengku bubuka, eusi, jeung panutup. Anu kaasup bagian-bagian bubuka nya éta…
Salam pamuka, mukadimah, salam panghormat, ngahaturkeun nuhun.
Ngadadarkeun tujuan jeung nepikeu eusi.
Sanduk-sanduk, nyindekkeun, dunga, jeung salam panutup.
Sora, wirahma, nada, jeung pasang peta.
Salam pamuka, ngadadarkeun tujuan, jeung salam panutup.
Bagian biantara anu kaasup kana bagian panutup nya éta….
Bismillahirrohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Wilujeng énjing para hadirin.
Langukung ti payun puji urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci, puja urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Kawasa, nu parantos masihan mangpirang-pirang kani’matan ka urang sadyana. Solawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka panutan urang sadayana, nabi Muhammad SAW.
Dina ieu kasempetan, sim kuring ngaraos bingah taya papadana tiasa kempel ngariung sareng para wargi sadayana nu sami-sami kagungan kareueus sareng kahéman kana kabudayaan Sunda.
Basa indung, lain ukur dipaké alat komunikasi, tapi jadi alat pamekar jeung pangrojong katut alat rékam nu éféktif kana karancagéan budaya local. Éta téh salasahiji kakuatan jati diri jeung cicirén atawa idéntitas hiji bangsa.
Pamungkas catur, sim kuring kalintang nganuhunkeunana ka sadaya pihak nu tos ngarojong acara miéling “Poé Basa Indung Internasional”. Mugia ieu kagiatan téh jadi motivasi pikeun ngahudang deui masarakat panyatur basa indung di unggal wewengkon.
Pa Guru mah...ti...kénéh...engké wengi badé...wayang.
saré, beurang, sabab, lalajo.
saré, siang, sabab, lalajo.
mondok, siang, margi, nongton.
mondok, beurang, margi, nongton.
kulem, siang, margi, nongton.
Kalimah di handap ieu anu ngagunakeun ragam basa anu mernah nya éta….
Pun bapa sareng pun lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Pun bapa jeung pun lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Pun bapa sareng lanceuk kuring kagungan artos anu diteundeun di bank.
Bapa sareng lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Bapa jeung lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Patarosan ti Bu Guru téh meni babari, abdi teu hésé ngawalerna.
Kecap anu teu mernah tina kalimah di luhur nya éta….
patarosan, meni, ngawalerna.
meni, babari, hésé.
babari, hésé, ngawalerna.
patarosan, babari, ngawalerna.
Bu Guru, hésé, ngawalerna.
