Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran kelas XI

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

1. Tumpak kuda ka Cikarang,

Jalanna lempeng kacida,

Pamuda di lembur urang,

Teu kabita ku narkoba.

kaasup kana wanda sisindiran ....

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

2.

Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

3.

Ciri sisindiran nyaeta unggal padalisan diwangun ku.....engang

a)

9

b)

7

c)

5

d)

8

e)

4

4.

Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...

a)

unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang

b)

padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi

c)

padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang

d)

sapadana diwangun ku opat padalisan

e)

padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang

5.

Dumasar kana watekna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Piwuruk, sesebred, silihasih

c)

Cangkang, eusi, wangsal

d)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

6.

Sisindiran teh asalna tina kecap "sindir", anu hartina...

a)

Omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun

b)

Omongan atawa caritaan anu dijentrekeun

c)

Omongan atawa caritaan anu dikawihkeun

d)

Omongan atawa caritaan anu direka-reka

7.

Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....

a)

Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu

b)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun

c)

Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang

d)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran

e)

Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing

8.

Ramo deukeut indung leungeun

sing tumut kana piwuruk

a)

Cinggir

b)

Curuk

c)

Jempol

d)

Jajangkung

9.

Propinsi kuloneun Jabar

mugi kersa ngahapunten

a)

Jakarta

b)

Sumatera

c)

Bali

d)

Banten

10.

Panyelang Méi jeung Juli

lalaki tong leumpeuh yuni

a)

Juli

b)

Agustus

c)

Kiwari

d)

Juni

11.

Mihapé sisir jeung minyak

kadé kaancloman leungeun

Mihapé pikir jeung niat

kadé kaangsonan deungeun


Sisindiran di luhur kaasup kana jenis?

a)

Wawangsalan

b)

Paparikan

c)

Piwuruk

d)

Rarakitan

12.

Meri bodas panjang beuheung

Kasorang kalakon biheung

a)

Bebek

b)

Soang

c)

Heulang

d)

Kaso

13.

Daék sotéh ka Cinangka

ka Cisitu mah teu purun

Daék sotéh ka manéhna

ka nu itu mah teu purun


Sisindiran di luhur eusina ngeunaan?

a)

Silih Asih

b)

Sésébréd

c)

Piwuruk

d)

Moyok

14.

Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….

a. Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a

b. Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup

c. Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

d. Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup

e. Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

a)

Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a

b)

Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup

c)

Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

d)

Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup

e)

Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

15.

“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”

Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…

a)

Do’a

b)

Mukadimah

c)

Salam pamuka

d)

Pangwilujeng

e)

Salam panutup

16.

Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…

a)

Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun

b)

Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca

c)

Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis

d)

Maca, Nulis, Impromtu, jeung Ékstemporan

e)

Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun

17.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

18.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

19.

(1)Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.


(2) Daun kelor daun ganas,

kuciat jeung pacar keling.

Hutang motor tacan lunas,

sakilat aya nu maling.

(3)Los ka kulah los ka talun,

rek neangan bongborosan.

Insya Allah taun payun,

nepangan bade narosan.


(4) Aya lumat dina batu,

aya kuya di muara.

Sing tumut kana waktu,

di dunya ukur ngumbara.


Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung(3)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(1) jeung (4)

20.

1. Diwangun ku opat padalisan

2. Polana a-a-b-b

3. Padalisan Kahiji Jeung kadua disebut cangkang

4. Padalisan ka tilu Jeung ka opat disebut eusi


Diluhur nu kaasup Kana ciri-ciri sisindiran nya eta .....

a)

1,2,3

b)

1,2,4

c)

1,3,4

d)

2,3,4