WorksheetsEvaluasi PTS
Total questions: 20
Worksheet time: 14mins
Tarjamahan interlinear nyaeta....
prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina
prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé
prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana
prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran
kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran
Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut ....
interlinéar
otomatis
saduran
adaptasi
bebas
Tarjamahan saduran nyaeta ….
prosés narjamahkeun unggal kecap luyu jeung runtuyan kecap dina basa aslina
prosés narjamahkeun nu teu satia kana basa aslina, ukur ngudag maksud nu dikandungna baé
prosés narjamahkeun nu lain bébas deui, tapi mindahkeun alam, rasa, jeung suasana aslina disaluyukeun kana alam, rasa, jeung suasana nu nyampak dina kahirupan sabudeureun nu narjamahkeunana
prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah asli kana basa sasaran
kagiatan narjamahkeun ma’na ku cara nyaluyukeun jeung budaya sasaran
Kecap kenyang dina basa Sunda upama di tarjamahkeun kana basa Indonesia sarua hartina jeung kecap....
betot
wareg
tarik
eungap
dudut
Kakaknya sedang mengadakan acara tujuh bulanan di rumah mertuanya.
Tarjamahan tina kecap acara tujuh bulanan saupama dipatalikeun jeung konteks kabudayaan Sunda nyaeta....
seren tampi
tingkeban
jatukrami
seserahan
ngeuyeuk seureuh
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah ....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Hiji mangsa Batara Guru ngadamel karaton anyar. Para Déwa diémbaran kudu nyarandak batu gedé pikeun tatapakan. Sakabéh déwa nyaranggupan ngan Déwa Anta anu henteu téh. Barang disumpingan ku Batara Narada, Déwa Anta ngan gideug baé, ari cumalima pok nyarita: “Kapan salira gé uninga yén simkuring mah teu gaduh suku teu gaduh leungeun. Kumaha rék tiasa ngabantun batu?”
Naon anu jadi pikiran utama dina sempalan éta dongéng...
Batara Guru ngadamel karaton anyar
Para déwa diémbaran kudu nyandak batu gedé pikeun tatapakan
Sakabéh déwa nyaranggupan
Déwa Anta disumpingan ku Batara Narada
Déwa Anta teu kagungan suku jeung leungeun
Aya nu netelakeun yen dongeng teh pamohalan, hartina....
pola dina dongeng geus maneuh, tapi nalika nepikeunna sok beda-beda gumantung kana suasana jeung kamampuh jalma dina nyaritakeunna
dongeng sumebar sacara lisan nepi ka teu kapaliruh iraha ayana jeung saha pangarangna
basa jeung eusi dongeng anu gampang dipikaharti
aya ajen atikan anu ngajarkeun sikep sarta paripolah anu hade
dongeng biasana nyaritakeun hal-hal anu moal mungkin kajadian
Dongeng anu eusina nyaritakeun ngeunaan kapercayaan kana hal-hal gaib disebut dongeng ....
sasatoan
sasakala
manusa biasa
babad
mite
Ide anu hayang ditepikeun ku pangarang dina hiji carita dongeng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadengekeun dongeng sok disebut ....
jejer
amanat
galur
latar
palaku
Ieu kagiatan teh dilakukeun ku sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar pikeun unggal kelompok ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang.
Kalimah di luhur mangrupa conto dadaran .... laporan kagiatan.
bubuka
waragad
pamilon
hasil
panutup
(1) Kacindekan
(2) Kasang tukang kagiatan
(3) Tujuan kagiatan
(4) Jumlah waragad
(5) Kedaling rasa tumarima
Bagian laporan kagiatan anu aya dina panutup dituduhkeun ku nomer....
(1) jeung (2)
(1) jeung (5)
(2) jeung (3)
(2) jeung (4)
(3) jeung (5)
Bagian waragad dina laporan kagiatan mangrupa....
dadaran ngeunaan marga lantaran diayakeunna kagiatan
dadaran iraha jeung dimana dilakukeunna kagiatan
dadaran ngeunaan jumlah jalama anu ngilu kagiatan
dadaran ngeunaan jumlah biaya anu dikaluarkeun nalika lumangsungna kagiatan.
dadaran ngeunaan runtuyan acara sarta saha anu ngeusianna, diperelekeun luyu jeung prak-prakanana.
Conto laporan kagiatan anu nuduhkeun waktu lumangsungna kagiatan nyaeta....
Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 wib.
Ieu kagiatan dilaksanakeun di Bale Pamidangan SMK Sundalana Jalan Garut No. 2 Kota Bandung.
Nu ngiringan ieu kagiatan julmahna aya kana 60 urang.
Jumlah waragad anu dipake pikeun ieu kagiatan nyaeta Rp. 2.500.000,-.
Nu jadi pinunjul dina ieu kagiatan nyaeta kelas X-1.
Dina raraga milangkala SMK Sundalana anu ka-20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan teh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa. Iwal ti eta, ieu acara teh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditepikeun ku pamarentah daerah. Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumangrt siswa sangkan ngamumule seni tradisi Sunda.
Kasang tukang tina bubuka di luhur nyaeta....
milangkala SMK Sundalana anu ka-20
kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola
kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa
ngarojong program Rebo Nyunda
ngamumule seni tradisi Sunda
Akang haji sorban palid
Palidna ka Cikamiri
..............................
..............................
Lengkepan padalisan anu copong di luhur....
Akang Haji kunaon balik
Ulah osok nganyenyeri
Akang Haji sumangga calik
Nyanggakeun mah saaya-aya
Najan sono najan heman
Teu sae ngobrol di jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepung di jalan
Piraku lali ka abdi
Abdi mah bingung nyorangan
Dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian disebutkeun lamun urang hayang apal ngeunaan kawih kudu nanyakeun ka....
paraguna
nayaga
pamayang
palika
sinden
Bubuy bulan sanggrai bentang
Panon poe disasate
Unggal poe abdi teang
Unggal poe oge hade
Wangun rumpaka dina kawih Bubuy Bulan mangrupa....
sisindiran
sajak
pupujian
kakawihan
guguritan
Tengetan!
(1) Disanggina geus heubeul pisan bisa jadi anu nyanggina oge geus teu kapaluruh, nu nyanggina cukup ditulis NN (Non Name)
(2) Dipirig ku organ, gitar, piul dieuyeuban ku waditra tradisional saperti kendang jeung suling.
(3) Rumpakana dina wangun sajak
(4) Rumpakana dina wangun sisindiran.
(5) Dipirigku gamelan
Nu kaasup ciri kawih modern dituduhkeun ku nomer ….
(1) jeung (2)
(2) jeung (3)
(3) jeung (4)
(4) jeung (5)
(5) jeung (1)
Waditra anu sok dipake pikeun mirig kawih buhun (klasik) nyaeta....
gamelan
gitar
drum
organ
bass
