Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS RBS KLS 6 SDN BBC

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Dihandap ieu mangrupa jenis tradisi nu aya di wilayah Kabupaten Bandung Barat, iwal…

a)

Sasapian

b)

Karatagan Bandung Barat

c)

Tari Gapura Hyang

d)

Kuda lumping

2.

Sasapian teh seni pintonan has masyarakat … Kabupaten Bandung Barat.

a)

Cihideung

b)

Cibeureum

c)

Cibodas

d)

Ciburuy

3.

Perangkat anu mirig pintonan sasapian nyaeta …

a)

Gitar, kendang, kecrek

b)

Kendang, goong, biola

c)

Kendang, kecrek, goong

d)

Rebab, Kecrek, goong

4.

Tari “Gapura Hyang” kaasup tari …

a)

Silaturahmi

b)

Karesmen pangbagea

c)

Kaagamaan

d)

kamonesan

5.

Tari “Gapura Hyang” ngagambarkeun dayang Sumbi dina carita …

a)

Sangkuriang

b)

Sanghyang Heuleut

c)

Situ Ciburuy

d)

Tangkuban Parahu

6.

Gunung anu kasohor di Kabupaten Bandung Barat nyaeta…

a)

Tangguban Parahu

b)

Gunung Masigit

c)

Gunung Bohong

d)

Gunung Bendera

7.

Anu nyiptakeun lagu “Karatagan Bandung Barat” nyaeta …

a)

Hengky Kurniawan

b)

AA Umbara

c)

H. Ase Rukmantara

d)

Darso

8.

Lagu “Karatagan Bandung Barat” ngahudangkeun rasa …

a)

Kaseudih

b)

Kahayang

c)

Sumanget

d)

Kanyaah

9.

Dihandap ieu mangrupa ciri “Seni Tradisi”, iwal ..

a)

Umurna geus lila atawa heubeul

b)

Dipikanyaho saha nu nyieunna

c)

Dipakena turun-tumurun atawa tatalepa ti genarasi ka genarasi

d)

Wangun jeung tatacara matok kana palanggeran (aturan anu ngabku)

10.

1. (1) Umurna tacan lila atawa jieunan anyar

(2) Dipikanyaho atawa ditulis ngaran nu nyieunna

(3) Dipakenaku perorangan tur saharitaeun

(4) Wangun jeung tatacara ditangtukeun ku nu nyieunna

Peryataan diluhur mangrupa ciri tina …

a)

Seni Tradisi

b)

Seni Kreasi

c)

Seni Daerah

d)

Seni Buhun

11.

Conto Seni Karawitan hiburan yaeta …

a)

Reog, Calung, Wayang Golek

b)

Calung, Wayang Golek, Karawitan

c)

Reog, Calung, Pupujian

d)

Wayang Golek, Karawitan, Pupujian

12.

Materi senina euyeub ku nasehat, kahadean, budi pekerti, etika, sopan santun, mangrupakeun ciri dina seni karawitan …

a)

Apresiasi

b)

Uar Pangajak

c)

Penerangan

d)

Atikan

13.

Waditra nyaeta …

a)

Alat-alat anu aya nadaan

b)

Alat-alat anu heunte aya nadaan

c)

Tatabeuhan baheula (Primitif)

d)

Tatabeuhan modern

14.

Tatabeuhan primitif sorana nurutan …

a)

Tutuwuhan

b)

Manusa

c)

Alam jeung sasatoan

d)

teu aya anu bener

15.

Tatabeuhan titinggal manusa primitif aya keneh nepi ka kiwari. Sanajan sorana jengung wangunna geus direpea leuwih alus tibatan aslina, nyaeta …

a)

Rebab, Calung

b)

Celempung, Rebab

c)

Karinding, Celempung

d)

Karinding, Kacapi

16.

Waditra anu dijieunna tina ruas awi nyaeta ....

a)

Karinding

b)

Celempung

c)

Calung

d)

Kacapi

17.

Nu dimaksud perangkat nyaeta …

a)

Tatabeuhan anu bisa dimaenkeun sosoranganan

b)

Tatabeuhan anu aya nadaan

c)

Alat tatabeuhan modern

d)

Kumpulan rupa-rupa alat anu ditabeuhna babarengan

18.

Cik titenan gambar dihandap ieu!



Waditra anu aya dina gambar sok disebut ….

a)

Calung

b)

Celempung

c)

Karinding

d)

Suling

19.

Waditra anu nabeuhna ditakol atawa disintreuk palebah hinisna. Sorana plang-pling-plung nyaeta ....

a)

Calung

b)

Kacapi

c)

Celempung

d)

Karinding

20.

Karinding mangrupakeun seni karawitan nu cara nabeuhna ....

a)

Ditakol

b)

digesek

c)

Dijepret

d)

dijepret jeung di takol

21.

Karawitan nu diwangun ku sora manusa jeung sora tatabeuhan atawa sora waditra nyaeta ....

a)

karawitan sekar

b)

karawitan waditra

c)

karawitan gending

d)

karawitan sekar gending

22.

Sawer teh lagu anu eusi rumpakana ngeunaan papatah keur ... nu tas dirapalan.

a)

Panganten

b)

panongton

c)

Panyanggi

d)

panilih

23.

Calung sorana kudu ngelentrung, oge kudu nyurup ... jeung larasna.

a)

Ukuran

b)

sora

c)

nada

d)

sekar

24.

Sawer kaasup kana wangun pintonan ... nyaeta pintonan seni karawitan anu ngandelkeun kakuatan sora penyanyina.

a)

karawitan gending

b)

karawitan sekar

c)

karawitan sekar gending

d)

karawitan campuran

25.

Tempat lumangsungna pagelaran lain ngan ukur sawates panggung. Tapi ngawengku sarana sejena, saperti nu ditaan di handap, iwal ti…

a)

Panongton

b)

tata sora

c)

tempat diuk panongton

d)

tata lampu