Font size
WorksheetsCarita Wayang
Total questions: 20
Worksheet time: 25mins
Wayang golék téh salah sahiji seni tradisi nu pangdipikaresepna ku kuring. Kabeneran, hirup téh dilingkungan masarakat nu raket pisan jeung wayang. Paling copélna, keur kuring budak kénéh, kira-kira taun 1960an, wayang golék téh keur meumeujeuhna nanjung.
Sempalan di luhur medarkeun ....
Wayang golék
Seni tradisi
Kabiasaan masarakat
Kahirupan jaman baheula
Kabiasaan keur budak
Pagelaran wayang teh mangrupa hiji kabudayaan nu boga ciri khasna sorangan. Lian ti caritana boga tema nu geus tangtu, watekna oge sarua papada boga karakter sewang-sewangan, contona Sri Rama nu boga sipat satia jeung nyaah ka istrina, Rahwana anu jahat tapi boga rasa cinta anu sajati. Tah eta kabeh teh dicaritakeun ku saurang jelema nu disebut dalang. Ku lantaran kitu, bisa disebutkeun yen salasahiji unsur carita wayang teh...
Ngagunakeun tema nu pikaboseneun
Ngagunakeun puseur sawangan jalma ka tilu
Boga kabiasaan nu kitu-kitu wae
Tokohna sarua jeung jelema
Latarna kumaha dalang
Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh punakawan/ponakawan. Ieu teh sabenerna mah ti nagri asalna India mah teu aya kikieuan, ngan ku sabab di Indonesia khususna di Sunda ngalaman proses adaptasi jadi disaluyukeun jeung karesepna urang Sunda. Tah ieu teh ngabuktikeun yen wayang teh boga sipat...
Kreatif, sabab nu tadina teu aya jadi diaya-aya
Kreatif, sabab ayana proses adaptasi nu nyieun hal anyar
Kreatif, sabab nyaluyukeun karesep
Kreatif, sabab ngarobah wangun aslina
Kreatif, sabab jadi pikaresepeun
Di karaton karajaan Aléngka, Marica jeung Rahwana keur ngadiskusikeun cara
ngarah bisa nyulik Dewi Sinta. Dina hiji kasempetan Marica nyaritakeun siasatna, sabari
nyembah nepika tarangna adek pisan jeung taneuh manehna pok nyarita “Gampil pisan
carana mah pangersa, abdi rék ngarobah diri jadi kidang”. “Cik tuluykeun, hayang
ngadéngé” ceuk Rahwana bari sorana tarik ngageleger. “Abdi rék ngarobah diri jadi kidang,
lain kidang samarangan tapi kidang anu kacida pikaresepeun”, kitu ceuk Marica. Dasar ahli
telik, nyaho kana karesep Dewi Sinta. Ti leuleutik mémang Dewi Sinta téh resep pisan kana
sasatoan, lain resep wungkul tapi kacida mikanyaah, malah di karajaan mah bapana gé
ngingu rupa-rupa sato karesepna Dewi Sinta. Lamun ditingali tina tokohna, eta jejer tina carita…
Ngaranna perang Bharatayuda. Sedengkeun dua kelompok anu papaseaanna teh nya eta Pandawa jeung Kurawa, ari nu diparebutkeunna nya eta tahta karajaan Hastinapura. Kalimah di luhur nya eta intisari carita wayang epik...
Mahabarata
Ramayana
Martapura
Kartanegara
Mahabhrata
Wayang téh asal kecapna tina bayang atawa kalangkang. Hartina lalakon wangwangan (dikira-kira) adeg-pangadegna jelema, boh lahirna, boh batinna diwujudkeun ku péta-péta wayang jeung dilalakonkeun ku dalang bari dipirig ku gamelan. Éta téh mangrupa wangenan wayang dumasar tina
Kitab Mahabarata
Istilah kabudayaan Sunda
Kamus R. A. Danadibrata
Buku ngeunaan sastra
Pamadegan para ahli
Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) kapaluruh saha nu ngarangna
(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....
1 jeung 2
2 jeung 4
2 jeung 5
5 jeung 7
5 jeung 8
Dang Hyang Dorna diangken, diajak bumén-bumén sasarengan di bumi sang Krépa, raka
geureuhana di Gajahwaya, di luareun kota Hastinapura. Kaleresan sang Krépa téh guru para
Kurawa sareng Pandawa nu masih marurangkalih kénéh. Anjeunna kagungan harepan, manawi-
sareng manawi lami-lami mah tiasa kaangkir ngiring ngawulang para murangkalih di karaton. Tina carita di luhur bisa kapanggih yen eta teh nyaritakeun epik...
Mahabarata, sabab dicaritakeun Dorna keur mondok di Gajahwaya
Mahabrata, sabab dicaritakeun aya barudak nu laleutik keneh
Mahabarata, sabab kacaritakeun aya Dorna, Pandawa, jeung Kurawa
Mahabarata, sabab dicaritakeun aya nu keur ulin di karaton karajaan
Mahabarata, sabab dina caritana aya Dorna nu diajak bumen-bumen
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap unggal poé nunjukkeun latar ...
Suasana
Waktu
Tempat
Kaayaan
Dina carita wayang sok dicaritakeun ponakawan anu sok kabagean adegan bobodoran. Tapi sanajan bodor, aya keneh alaeunna tina eusining caritana teh. Contona wae sikepna si Cepot ka si Udawala, sok sanajan si Udawala teh sok keseleun ka si Cepot, tapi da tara wani ari nepika maen leungeun mah. Kitu deui si Cepot ka Semar, enya ge sok mindeng ngaheureuyan tapi da angger aya rasa hormat ka bapana mah. Tah tina katerangan di luhur, urang papada bisa apal yen salasahiji kaunikan carita wayang teh nya eta boga unsur luar sastra anu disebut...
Estetis
Edukatif
Etis
Kreatif
Konsultatif
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
Énjingna Gatotkaca majeng, mingpin paraprajurit maju ka médan perang. Kawantu sarua gagah jeung sakti, pe rang antara Karna jeung Gatotkaca ka cida ragotna. Nepi ka tengah poé, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal éléh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap médan perang nunjukkeun latar ...
Suasana
Waktu
Tempat
Wanci
Kaendahan bentuk wayang, kaendahan sorana sinden, sarta kaahlian dalang dina ngagilekkeun wayang mangrupa hiji unsur unik dina carita wayang nu disebut
Etis
Estetis
Edukatif
Konsultatif
Rekreatif
Ngabandingkeun kajadian jaman ayeuna jeung kajadian nu aya dina carita wayang, tuluy dijadikeun salaku sarana keur mikirkeun solusina mangrupa pengertian unsur...
Estetis
Edukatif
Konsultatif
Kreatif
Rekreatif
Kasenian téh minangka hal nu deukeut jeung masarakat, saupama kasenianna aya tutuluyan hartina masarakat téh resep jeung reueus kana éta kasenian, lian ti pikeun éksprési nu nyiptana karya seni teh salasahiji fungsina nya eta pikeun ngahibur. Wayang golék kiwari dipikaresep kénéh lantaran...
Aya bodoran
Murah mayarna
Nu lalajo bisa nyawer
Aya saweran
Aya sinden
Kasenian téh salasahiji fungsina nya éta ngahibur, ku lantaran alesan ieu ogé sababaraha kasenian sok nyaluyukeun kana karesep masarakat. Ayana kreativitas nyieun wayang tina rupa-rupa bahan nuduhkeun...
Wayang dipikaresep ku masyarakat
Masarakat resep kana seni
Ayana bahan jeung alatna
Masarakat téh nyalsé
Gambaran masarakatna
Carita wayang téh nyaéta sastra heubeul nu sumebar sacara lisan, kitu ogé dongéng. Tapi saupama dibandingkeun ieu téh mangrupa dua hal anu béda. Dina mintonkeunna ogé béda, teu bisa disaruakeun. Tapi sanajan béda, aya kénéh sasaruaan carita wayang jeung dongéng.
Sarua ngandung unsur pamohalan
Sarua asalna ti India
Sarua pikeun nepikeun atikan
Sarua teu jelas pangarangna
Sarua sok aya unsur bodor
Tina éta pangalaman, Arjuna beuki soson-soson baé diajar manah. Di nu poék, di nu caang, jamparingna tara nyalahan. Sakali mentang gondéwa, taya hiji ogé jamparingna anu nyasab. Malah lila kalilaan mah geus teu ngawagu deui di nu poék ogé. Éta kabéh katingali ku Resi Dorna, maha guru nu tara towong unggal poé ngawuruk Pandawa. Éta bagawan téh bungah kacida ningali kumaha keyengna Arjuna diajar. Pokna bari ngaléng Arjuna, “Kasép, mugi sing percaya ka Ama. Kabisa hidep dina mentangkeun gondéwa téh punjul ti batur. Moal aya saurang ogé nu bisa mapakan.”
Tina sempalan carita di luhur, bisa katiten yen sipat dorna teh...
Teu resep ningali aya nu leuwih jago ti manehna
Supportif ka anak didikna
Reueus tur ngarojong pisan kan kamekaran anak didikna
Supportif, responsif, progresif, jeung komunikatif
Babari pisan muji, padahal dina hatena mah geuleuheun
Bagawan Dorna teras ngadeg, sasauran agem pisan, “Mugi kauninga, aya murid kaula anu pangpunjulna dina mentangkeun gondéwa. Saha deui mun lain Arjuna, bébénténg Astinapura. Ku kaula ayeuna ngahaja rék dipentés katapisanana.” Ger nu surak ayeuh-ayeuhan. Nu di tukang ngangseg ka hareup, pasedek-sedek, papada hayang sidik ka putra panengah Pandawa. Arjuna asup ka pakalangan bari umat-imut. Budina teu weléh manis.
Tina eta carita bisa kapanggih yen eta teh latar tempatna aya di
Di tepiswiring karajaan Alengka
Di tegalan Bubat
Di karaton Karajaan Astina
Di alun-alun kawadanan Hastinapura
Di tepas imah Dorna
Nepi ka kiwari seni pagelaran wayang masih kénéh dipikaresep ku masarakat Sunda. Tangtu waé corak pagelaran jeung caritana geus loba robahna. Salasahiji parobahan positif anu karasa tina hal ieu nyaéta
Wayang biayana jadi murah
Wayang bisa ditongton di imah
Wayang bisa ngan sakeudeung pagelaranna
Wayang jadi hiburan nu ringan
Wayang Jadi loba bobodoranna
