Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Drama

Total questions: 25

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) diantara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna...

a)

teater

b)

drama

c)

pilem

d)

sinetron

2.

kecap drama asalna nyaeta tina kecap dramoi anu kawitna tina basa...

a)

Latin

b)

Yunani

c)

Inggris

d)

Belanda

3.

bubuka atawa panganteur carita anu jadi manggala sastra, anu eusina katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disuguhkeun nyaeta....

a)

prolog

b)

epilog

c)

dialog

d)

monolog

4.

panutup atawa pamungkas pintonan anu eusina kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang disebutna...

a)

prolog

b)

epilog

c)

monolog

d)

dialog

5.

Ieu di handap nu teu asup kana unsur - unsur naskah drama, nyaeta...

a)

pertelaan palaku

b)

prolog jeung epilog

c)

babak jeung adegan

d)

wirahma

6.

Di Desa Bojong ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya dihareupeunana. Hansip beak carita miskin pangkalan sangkan bisa newak eta garong.


cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean...

a)

prolog

b)

epilog

c)

babak

d)

adegan

7.

Sanip : Buru lalaunan - lalaunan!!!

Ajen : Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan.

Sanip : Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna.

Ajen : Bawa atuh katel jeung sosodok.


cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagean....

a)

monolog

b)

prolog

c)

epilog

d)

dialog

8.

drama anu dialog - dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna...

a)

longser

b)

sandiwara

c)

gending karesmen

d)

purnadrama

9.

Pintonan teater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna...

a)

dialog

b)

monolog

c)

prolog

d)

epilog

10.

salah sahiji naskah drama karangan M.A. Salmun anu dicipta dumasar kana carita nu geus nyampak nyaeta...

a)

Mundinglaya Di Kusumah

b)

Dipati Ukur

c)

Nini Anteh

d)

Ciung Wanara

11.

Salah sahiji naskah drama karangan Teddi Muhtadin anu dicipta dumasar kana kahirupan di masarakat nyaeta...

a)

Pasaran

b)

Sanghyang Tapak

c)

Tukang Asahan

d)

Juragan Hajat

12.

di handap ieu mangrupikeun judul gending karesmen karangan Eddi Tarmidi nyaeta...

a)

Ciung Wanara

b)

Lutung Kasarung

c)

Panjiwulung

d)

Galunggung Ngadeg Tumenggung

13.

Naskah monolog basa sunda pikeun istri karangan Teddi Muhtadin judulna nyaeta...

a)

ngeunteung

b)

ramal

c)

lalayu sekar

d)

diberok

14.

"Padahal ceuk kuring, loba nu leuwih gelo tibatan kuring, anu gelo mah, tuh anu sok malingan duit nagara. Nu gelo mah tuh, anu resep ngagasab harta jeung ngarebut hak rahayat."


sempalan carita di luhur mangrupa cutatan naskah monolog nu judulna...

a)

Ramal karya Deni A Fajar

b)

Ngeunteung karya Teddi Muhtadin

c)

Diberok karya Deni A Fajar

d)

Lalayu Sekar karya Dian Hendrayana

15.

ku lantaran ngebrehkeun paripolah palaku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, drama teh sok disebut sastra ....

a)

lakon

b)

hirup

c)

paeh

d)

carita

16.

Nurutkeun kamus LBSS, drama tèh bisa dihartikeun...

a)

Carita sandiwara nu matak bungah

b)

Carita sandiwara nu matak sedih

c)

Carita sandiwara nu matak bingung

d)

Carita sandiwara nu matak pikaresepeun

17.

Wiyaga 1 : "Teu acan séép Nini, surabi Nini?"

Nini Uti : "Teu acan nun. Mangga atuh baradé sarurabina, ararencép, ararenéng, baradé! Raos geura surabi Nini mah!"

Dumasar sempalan drama di luhur, anu didagangkeun Nini Uti nyaéta...

a)

surabi

b)

dodol

c)

opak

d)

ciréng

18.

Nu ngabèdakeun antara prolog jeung épilog nyaéta...

a)

Prolog mah ditulis dina panutup, épilog mah ditulis dina bubuka.

b)

Prolog mah ditulis dina bubuka, épilog mah ditulis dina panutup.

c)

Prolog mah paguneman, épilog mah ngomong sorangan.

d)

Prolog mah ngomong sorangan, épilog mah paguneman.

19.

Bagian tina babak nu ditangtukeun ku datang atawa inditna palaku dina hiji drama disebut...

a)

pertelaan palaku

b)

babak

c)

adegan

d)

paguneman

20.

Dumasar kana sumber nyiptana, drama kabagi jadi tilu bagéan di handap ieu, iwal...

a)

Karya nu geus nyampak

b)

Drama ugeran

c)

Dumasar kahirupan masarakat

d)

Gending karesmén

21.

Di handap ieu anu teu kaasup kana nu ngarojong pagelaran drama nyaéta...

a)

Produser

b)

Sutradara

c)

Panata panggung

d)

Iluslator

22.

Waktu, tempat jeung suasana nu kagambar dina pintonan drama disebut...

a)

palaku

b)

jejer

c)

latar

d)

galur

23.

Nu disebut gélo dina naskah monolog "Ramal" karangan Deni A Fajar nyaéta di handap ieu, iwal...

a)

Pamingpin anu norék teu bisa ngadéngé rakyatna nunngajerit teu bisa dahar.

b)

Pamingpin nu teu bisa mingpin.

c)

Pamingpin nu resep ngagasab duit rahayat.

d)

Pamingpin nu adil tur wijaksana

24.

Tanda baca nu ngahapit tur jadi ciri mandiri dina kalimah langsung nyaéta tanda....

a)

kekenteng (".....")

b)

panyeluk (!)

c)

tanya (?)

d)

kekenteng tunggal ('.....')

25.

Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah langsung nyaéta....

a)

Bu Guru sasauran, "Baca ku hidep naskah drama téh!"

b)

Ceuk Anggara, "Kumaha atos pancén monolog téh?"

c)

Séndi ngajak Latif jajan ka kantin.

d)

"Kumaha dupi bapana aya?" Ceuk sémah ka nu mukakeun panto.