wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

EVALUASI DONGENG SIKLUS 1

Total questions: 10

Worksheet time: 4mins

Name
Class
Date
1.

Jaman baheula aya carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjén, disebut…

a)

Carpon

b)

Dongéng

c)

Novél

d)

Biografi

e)

Fiksimini

2.

Dongéng sasakala gunung Tampomas teu kapaluruh saha nu ngarangna, éta kaasup kana ciri dongéng…

a)

Basa lancaran

b)

Tatalepa

c)

Anonim

d)

Ajén atikan

e)

Sumebar sacara lisan

3.

Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta Gunung Gedé bener-bener bitu?

Dina éta sempalan dongéng diluhur, kecap ngaguruh ngandung harti…

a)

Simpé

b)

Teu ramé

c)

Ting koceak

d)

Tiiseun

e)

Séah

4.

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana.


Dina éta sempalan dongéng diluhur, kecap towéksa ngandung harti…

a)

Tambelar

b)

Ngantep

c)

Tulatén

d)

Teu paduli

e)

Teu hayang nyaho kana kaayaan

5.

Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.


Dina éta sempalan dongéng diluhur, kecap anca ngandung harti…

a)

Gancang

b)

Tarik

c)

Henteu gancang

d)

Haharéwosan

e)

Teu nyarita

6.

Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.

Dina éta sempalan dongéng diluhur, mana anu kagambar unsur pamohalanna…

a)

Rahayat nu colohok nempo keris dialungkeun kana kawah

b)

Kangjeng Bupati dating ka Gunung Gedé

c)

Keris kageugeut pisan Kangjeng Bupati

d)

Bungahna rahayat

e)

Keris dialungkeun ka kawah Gunung Gedé nu keur ngaguruh pikakeueungeun téh jep jempé.

7.

Ajén atikan nu nyampak dina dongéng sasakala gunung Tampomas, nyaéta…

a)

Kangjeng Bupati nu daék ngorbankeun keris kageugeutna pikeun nyalametkeun rahayatna

b)

Kangjeng Bupati anu kagungan keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas

c)

Rahayat barungaheun sabab maranéhna salamet tina balai

d)

Gunung nu sakitu gumuruhna jempé sanggeus dialungan karis Bupati

e)

Keris Bupati dialungkeun kana kawah

8.

Carita anu katelah “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat urang ogé dipercaya ku masarakat. Éta carita saperti kitu kaasup kana dongéng…

a)

Parabél

b)

Légénda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Fabel

9.

Dongéng anu eusina ngeunaan carita manusa biasa nu miboga karakter unik, nya éta ...

a)

Parabél

b)

Légénda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Fabel

10.

a)

Dongéng 1 parabel, dongéng 2 fabel

b)

Dongéng 1 fabel, dongéng 2 parabel

c)

Dongéng 1 sasakala, dongéng 2 parabel

d)

Dongéng 1 fabel, dongéng 2 sagé

e)

Dongéng 1 fabel, dongéng 2 mite