wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kalimah Wawaran

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Kalimah wawaran teh nyaeta...

a)

kalimah anu fungsina pikeun mere nyaho hiji hal ka batur

b)

kalimah anu fungsina pikeun nanya hiji hal ka batur

c)

kalimah anu fungsina pikeun marentah batur

d)

kalimah anu fungsina pikeun mere nanyakeun informasi ka batur

2.

Di handap ieu anu kaasup kalimah wawaran nyaeta...

a)

Kamari kuring indit ka Ciamis

b)

Kamari Persib teh eleh, lain?

c)

Ulah kabeurangan indit ka sakola teh!

d)

Saha anu diajar kalimah wawaran teh?

3.

Kalimah wawaran teh kudu ngandung ... keur ditepikeun ka batur.

a)

pananya

b)

kalimah

c)

informasi

d)

katerangan

4.

Di handap ieu nu kaasup kalimah wawaran (ceuk batur) nyaeta...

a)

Basa poe senen kuring indit ka sakola

b)

Jumlah pasien covid di Indonesia teh ayeuna geus turun

c)

Naha enya lamun urang tos divaksin kebal tina virus?

d)

Kamari Bu Ani nyarita cenah wisata di Lembang teh geus dibuka deui

5.

... harga jeruk teh?

a)

dimana

b)

naon

c)

sabaraha

d)

kumaha

6.

Kecap pananya pikeun nanyakeun waktu nyaeta...

a)

iraha

b)

dimana

c)

saha

d)

sabaraha

7.

Mana kalimah tanya anu bener di handap ieu?

a)

sabaraha ngaran anjeuna teh?

b)

kumaha carana make alat ieu teh?

c)

naon kabar anjeun?

d)

saha imahna si Badru teh?

8.

Kalimah panya anu bener tina wawaran "Kamari aya motor kacilakaan di jalan" nyaeta...

a)

naha enya kamari aya motor kacilakaan di jalan, nya?

b)

kamari aya motor kacilakaan di jalan, naha?

c)

kamari aya motor kacilakaan di jalan, nya?

d)

iraha kamari aya motor kacilakaan di jalan?

9.

Cara ngarobah kalimah wawaran jadi kalimah tanya teh diantarana...

a)

ngarobah lentong

b)

make kecap lain/nya?

c)

make kecap naha enya?

d)

ngarobah eusi kalimah

10.

... Gubernur Jawa Barat ayeuna teh?

a)

naon

b)

saha

c)

dimana

d)

iraha